Budaya

Bandung 2030: Bagian Tina Metropolitan?

0
Salah sahiji ciri nu nyengcelak ngeunaan Kota Bandung taya lian ti Hotel Homan. Ti jaman Walanda keneh Bandung geus jadi puseur dayeuh pangirut warga sadunya (Foto: SundaNews/FB)

Bandung 2030: Bagian Tina Metropolitan?

Ku: H. Tatang Sumarsono

 

“ARI  dina taun 2030, kira-kira urang aya kénéh di kieuna, kitu?” omong ki silah.

“Kateuing atuh. Nya kumaha takdir ti Gusti wé,” témbal uing. Pangangguran diitung dina haté, dina taun sakitu téh umur uing geus nincak tilu parapat abad.

“Kahayang mah aya kénéh, da,” pokna.

“Naha mani hayang aya kénéh sagala?”

“Nya atuh, hayang wé boga umur panjang,” témbalna.

“Umur panjang gé cumah ari teu dieusi ku kahadéan mah. Kuriak tambah-tambah dosa.”

“Nya atuh, sing hadé wé hirupna. Sing soléh, loba ibadah, hadé ka sasama, ulah korupsi ….”

“Heueuh, lah. Rék bisa korupsi kumaha ari silaing, kawas nu boga jabatan penting waé,” ceuk uing bari ngahéhéh.

Manéhna gé sarua seuri konéng.

“Lain, naon sabab silaing maké hayang hirup kénéh dina taun 2030?” uing nanya.

“Jih, apan cenah dina taun éta téh Bandung bakal jadi bagian tina kota métropolitan. Kasawang, raména téh bakal sajajar jeung Jakarta. Apan ayeuna gé léngkah ka dinya téh geus dimimitian. Pamaréntah nyieun jalur karéta api super cepat, anu nepungkeun Bandung jeung Jakarta. Ditambah deui ku jalur anu nepungkeun ka Bandara Kertajati. Atuh kompléks perumahan méwah ogé geus mimiti diwangun di sawatara lokasi, legana rébuan héktar, manjang ti mimiti Karawang tepi ka Jakarta, malah cenah nyambung ka lokasi anu ayeuna keur diréklamasi. Di Bandung ogé apan geus tatahar ngawangun perumahan méwah, sakiduleun Gedébagé. Kitu deui wewengkon Bandung Kalér bakal disulap jadi daérah wisata, parat tepi ka Subang beulah kidul. Piraku teu hayang urang ngarasakeun genahna kota métropolitan,” témbalna mani norolang, lir tukang obat nawarkeun daganganana.

Ngadéngé kitu, uing seuri ngagakgak.

“Naha maké seuri? Mémangna lucu anu bieu dicaritakeun ku sayah téh?” omongna rada nyereng.

“Nya lucu baé omongan silaing bieu téh.”

“Lebah mana lucuna?” nanya deui.

“Ari ku silaing kapikir, mun téa mah kota métropolitan 2030 geus ngawujud, naha éta téh dihancengankeun keur silaing? Jenis transportasi modéren, atawa lokasi pamukiman méwah, naha éta téh bakal dihempékkeun ka silaing, kitu? Ceuk uing mah, gedé kamungkinan lain. Éta mah keur anu baroga pakeunna atuh. Nya ari rayat pantar silaing, pantar uing mah, paling ogé ukur bisa lalajo, da moal kabedag waragadna ogé. Atawa nu leuwih parna mah ukur kabagian polusina, kawas dina sawatara kajadian nu enggeus-enggeus.”

Manéhna ngahuleng.

“Uing mah inget ka jenatna aki baheula, anu milu hésé capé berjuang ngarebut kamerdékaan. Apan udaganana sangkan anak-incuna hirup sarenang. Sahenteuna ari nagara geus merdéka mah, urang téh moal ngadunungan ka sasaha. Moal jadi bawahan Walanda, moal jadi kékéséd Nippon. Anu matak, aki uing kaasup anu tohtohan ngabéla lemah cai,” ceuk uing deui.

“Terus?”

“Nya geuning buktina kawas kieu. Aki uing teu kungsi ngalaman anu dicita-citakeunana. Kitu deui turunanana, umumna mah hirupna kawas uing, malah dina kabuktianana mah leuwih kasilihkeun. Hirupna ukur bisa nyiruruk, da geus teu kabagian tanah sacangkéwok-sacangkéwok acan. Nya anu sarenangna mah, anu weureu seubeuhna, geuning dina kabuktianana mah lolobana batur, anu tadina teu milu hésé capé ngarebut jeung mertahankeun kamerdékaan, katut maranéhna anu daratang ka dieu terus numpang hirup, bari angger teu bisa dalit.”

“Meureun arurang mah hirupna teu cingceung, kurang kanyaho, jeung heureut pangalaman,” pokna.

“Bisa jadi kitu. Tapi bisa jadi deuih pangna maranéhna bisa hirup nguah kawas ayeuna téh lantaran dideudeul ku hiji kakuatan anu nyiptakeun kondisi kawas kieu.”

“Saha?”

“Ah, pikiran wé ku silaing,” cekéng téh. *

      *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, nganj

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Budaya