Ku: Erlina Maryani Saputri
DI sagigireun ceuyah ngaleuyana arus informasi digital, masarakat ayeuna bisa meunangkeun warta ngan ukur ngaliwatan layar teleponseluler. Rupa-rupa kajadian sosial, pulitik, budaya, nepi ka olahraga sumebar ngaliwatan Instagram, TikTok, YouTube, jeung portal warta daring.
Parobahan ieu ngajadikeun jurnalis ditungtut pikeun nepikeun informasi sacara gancang, matak pikaresepeun, jeung gampang kaharti. Sanajan kitu, di tengah pasanggiri pikeun nepikeun warta panggancangna, aya hiji hal anu perlu diperhatikeun, nyaéta kumaha basa daérah, hususna basa Sunda, tetep meunang rohangan dina dunya jurnalistik modéren. Sabab, kamajuan téknologi sakuduna henteu ngajadikeun masarakat jauh tina basa jeung budayana sorangan.
Basa Sunda lain saukur alat komunikasi, tapi ogé mangrupa bagian tina idéntitas jeung kahirupan masarakat Jawa Barat. Sanajan kitu, ayana basa Sunda dina rohangan digital perlu terus dikuatkeun sangkan henteu ngan saukur dipaké dina paguneman sapopoé atawa kontén hiburan.
Panalungtikan Temmy Widyastuti jeung Cecep Maulana Yusuf dina artikel “Pemakaian Bahasa Sunda dalam Media Sosial” anu dimuat dina jurnal Lokabasa taun 2021 nétélakeun yén sawatara akun Instagram ngagunakeun basa Sunda pikeun wanohkeun sakaligus ngajaga éksisténsina dina jaman digital. Ieu panalungtikan nuduhkeun yén média sosial bisa jadi rohangan pikeun basa Sunda terus mekar, kaasup minangka sarana nepikeun informasi ka masarakat.
Dina kontéks éta, jurnalistik Sunda miboga kasempetan pikeun leuwih deukeut jeung kahirupan masarakat. Warta ngeunaan kawijakan pamaréntah daérah, pasualan lingkungan, kagiatan masarakat, kasenian tradisional, nepi ka kajadian di sabudeureun lembur bisa ditepikeun ngagunakeun basa Sunda anu jelas jeung komunikatif.
Pamakéan basa daérah lain hartina nurunkeun kualitas warta. Sabalikna, basa anu dalit jeung nu maca bisa ngajadikeun informasi leuwih deukeut jeung pangalaman maranéhna. Tangtanganna nyaéta kumaha jurnalis tetep ngajaga katepatan fakta, kasaimbangan informasi, jeung kajelasan warta tanpa ngaleungitkeun ciri has basa Sunda.
Peran jurnalistik basa Sunda ogé katitén dina panalungtikan Yuda Cahya Alfian jeung Rusmulyadi ngeunaan program warta Tangara Pasundan di Bandung TV, anu dimuat dina Annaba: Jurnal Ilmu Jurnalistik taun 2025. Panalungtikan éta ngajelaskeun yén program warta basa Sunda tetep nyekel kana kaidah basa jurnalistik. Prosésna ngawengku néangan jeung ngumpulkeun warta, milih warta, narjamahkeun naskah, nepi ka midangkeun warta. Ieu nuduhkeun yén pamakéan basa daérah dina warta tetep merlukeun prosés gawé jurnalistik anu tartib, lain ngan saukur narjamahkeun kecap tina basa Indonésia kana basa Sunda.
Pikeun mahasiswa Jurusan Jurnalistik, kaayaan ieu sakuduna jadi bahan réfléksi sakaligus kasempetan pikeun ngahasilkeun karya. Mahasiswa henteu cukup ngan saukur diajar téhnik wawancara, nulis warta, fotografi, atawa produksi vidéo, tapi ogé perlu ngarti kumaha basa jeung budaya lokal bisa jadi bagian tina prakték jurnalistik. Contona, mahasiswa bisa nyieun liputan ngeunaan kasenian daérah, nulis warta kampus dina basa Sunda, atawa ngahasilkeun vidéo jurnalistik anu ngangkat pasualan masarakat lokal. Ku cara kitu, basa Sunda henteu ngan saukur diajarkeun minangka warisan budaya, tapi ogé dipraktékkeun minangka basa anu mampuh nepikeun fakta jeung kapentingan umum.
Sanajan kitu, pamakéan basa Sunda dina jurnalistik teu meunang eureun dina kahayang pikeun ngamumulé budaya wungkul. Saurang jurnalis tetep boga tanggung jawab pikeun mariksa fakta, milih kecap anu merenah, nyingkahan informasi anu nyasabkeun, jeung merhatikeun pamahaman nu maca.
UNESCO dina artikel ngeunaan inisiatif digital pikeun ngajaga karagaman basa di Indonésia taun 2024 ogé nyorot ayana palatihan pikeun nonoman panyatur basa Sunda sangkan bisa mikawanoh ujaran kabencian jeung disinformasi dina rohangan digital. Ieu jadi pangéling yén ayana basa daérah dina internét kudu dibarengan ku kamampuh literasi digital jeung tanggung jawab dina nepikeun informasi.
Pamustunganana, mangsa hareup jurnalistik Sunda henteu ngan ditangtukeun ku ayana média lokal, tapi ogé ku kahayang generasi ngora pikeun ngahirupkeunana ngaliwatan karya nyata. Mahasiswa Jurnalistik miboga kasempetan pikeun ngajadikeun basa Sunda minangka bagian tina kamekaran média, lain saukur titinggal jaman baheula.
Basa daérah bisa hirup babarengan jeung téknologi salila terus dipaké sacara kréatif, kritis, jeung tanggung jawab. Sabab, jurnalistik lain ngan ukur ngeunaan sabaraha gancang hiji warta ditepikeun, tapi ogé ngeunaan kumaha informasi bisa kaharti ku masarakat tanpa kaleungitan patalina jeung idéntitas budaya maranéhna.*
*Erlina Maryani Saputri, mahasiswa sewmester 7 Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments