Kolom Mahasiswa

Layar Digital: Naha Urang Masih Daék Maca?

0

 

Ku: Rifdah Zalfaa

DI sagigireun kamajuan téknologi anu beuki gancang, kabiasaan masarakat dina meunangkeun informasi ogé ngalaman parobahan. Baheula, jalma-jalma biasa maca koran, majalah, atawa buku pikeun mikanyaho rupa-rupa kajadian.

Ayeuna mah, informasi bisa kapanggih ngan ku ningali layar telepon sélulér. Média sosial saperti TikTok, Instagram, jeung YouTube geus jadi bagian tina kahirupan sapopoé, utamana pikeun barudak ngora.

Parobahan ieu tangtu mawa mangpaat. Informasi bisa diakses kalayan gancang, rupa-rupa, sarta gampang dibagikeun ka batur. Sanajan kitu, di balik éta sagala genah, aya hiji hal anu pantes dipikiran: naha ku sabab informasi beuki gampang diaksés, masarakat jadi leuwih resep maca, atawa sabalikna, jadi biasa maca sacara sakeudeung wungkul?

Teu bisa dipungkir, sabagian pamaké média digital leuwih resep kana kontén vidéo pondok tibatan tulisan anu panjang. Judul anu matak panasaran, gambar anu matak narik ati, jeung vidéo anu durasina ngan sababaraha detik mindeng leuwih gampang narik perhatian. Balukarna, kabiasaan maca sacara daria bisa waé kasilih ku kahayang pikeun gancang nyaho inti informasi tanpa ngarti kana pasualanana sacara gembleng.

Padahal, maca téh lain saukur pikeun mikanyaho naon anu keur kajadian. Maca ogé mangrupa prosés pikeun ngarti kana kontéks, ngabandingkeun informasi, jeung ngawangun pamikiran anu kritis. Dina dunya jurnalistik, kamampuh ieu kacida pentingna sangkan masarakat henteu gampang percaya kana informasi anu can tangtu benerna.

Terus, naha kamajuan média digital kudu dianggap ancaman pikeun budaya maca? Numutkeun pamadegan kuring, henteu salawasna kitu. Masalahna lain aya dina téknologi éta sorangan, tapi dina kumaha urang ngagunakeunana.

Sabalikna, média digital bisa jadi tempat anyar pikeun numuwuhkeun karesep maca. Artikel bisa dibagikeun ngaliwatan média sosial, warta bisa ditepikeun ku basa anu leuwih basajan, sarta informasi anu pajeulit bisa dilengkepan ku infografik atawa vidéo panerang. Lamun digunakeun kalawan merenah, téknologi bisa jadi sasak anu ngahubungkeun masarakat jeung élmu pangaweruh.

Hal séjén anu teu éléh penting nyaéta peran kulawarga, sakola, paguron luhur, jeung média massa dina ngawangun kabiasaan maca. Kamampuh literasi henteu cukup diukur tina sabaraha sering hiji jalma ningali informasi dina layar. Literasi ogé patali jeung kamampuh ngarti kana eusi bacaan, mariksa sumber informasi, sarta ngabédakeun fakta jeung pamadegan.

Salaku masarakat anu hirup dina jaman digital, urang teu kudu sagemblengna balik deui kana kabiasaan baheula. Maca koran citak lain hiji-hijina jalan pikeun meunangkeun élmu. Maca artikel dina situs warta atawa muka buku éléktronik ogé kaasup kana kabiasaan maca, salila éta dilakukeun kalawan sadar jeung kaharti eusina.

Tungtungna, téknologi bakal terus mekar, kitu deui cara manusa komunikasi jeung meunangkeun informasi. Sanajan kitu, kamampuh mikir kritis jeung kahayang pikeun ngarti kana hiji pasualan sacara jero tetep kudu dijaga. Sabab, masarakat anu miboga aksés kana loba informasi can tangtu jadi masarakat anu enya-enya ngarti kana éta informasi.

Patalekan (pananya)  ayeuna lain deui naha urang masih maca, tapi naha urang enya-enya ngarti kana naon anu dibaca? *

*Rifdah Zalfaa, mahasiswa semester 7 Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati yang sedang persiapan penelitian skripsi, bermukim di Jakarta Timur, DKI Jakarta

You may also like

Comments

Comments are closed.