Ku: Ridhazia
DIBERITAKEUN, KPK néwak Réktor Unsoed Profésor Akhmad Sodiq dina Operasi Tangkap Tangan (OTT) ti saprak Kemis (20/8/2026). Petinggi kampus éta ditéwak di Jakarta.
Lembaga antirasuah éta ogé ngamankeun 13 urang séjénna, kaasup dua profésor anu nyangking kalungguhan salaku Pembantu Réktor Universitas Jenderal Soedirman (Unsoed).
OTT anu dilaksanakeun ku KPK di Unsoed téh disangka aya patalina jeung penerimaan mahasiswa anyar (PMB). Kitu anu ditepikeun ku Juru Bicara KPK Budi Prasetyo ka para wartawan di Jakarta, Jumaah.
KPK boga waktu 1 x 24 jam pikeun nangtukeun status pihak-pihak anu ditangkap dina OTT éta, luyu jeung Kitab Undang-Undang Hukum Acara Pidana (KUHAP).
Komersialisasi
Kampus salaku lembaga anu mandiri sacara finansial disebut-sebut jadi salah sahiji pangkal timbulna korupsi di perguruan tinggi negeri.
Sababaraha kampus anu miboga status badan otonom malah dianggap beuki mirip badan usaha anu berorientasi kana kauntungan, tibatan lembaga atikan anu tugas utamana ngalayanan masarakat.
Komersialisasi kampus ngajadikeun perguruan tinggi beuki siga badan usaha anu ngudag laba. Kaayaan ieu ogé nyababkeun para akademisi silih rebut kalungguhan strategis, saperti réktor jeung dékan, lantaran jabatan éta dianggap bisa méré panghasilan tambahan anu pikabitaeun.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments