Ku: Ridhazia
PRESIDEN matak reueus! Ku lantaran kapamingpinanana, pangupas bawang cenah panghasilanana ngaronjat.
Kitu réaksi masarakat basa présidén nyebutkeun yén Ibu Susanah, buruh pangupas bawang asal Bogor, meunang upah Rp700.000 per kilogram.
Klarifikasi Naskah
Angka éta tuluy viral sarta ngundang heureuy ti masarakat anu hayang ganti pagawéan jadi pangupas bawang.
Pihak Istana geuwat méré klarifikasi. Dumasar kana naskah biantara resmi, angka anu bener téh Rp700 (tujuh ratus rupiah) per kilogram, lain Rp700 rébu.
Kacapé
Kasalahan ngucapkeun atawa salah nyebutkeun angka ku saurang présidén umumna bisa kajadian ku sababaraha faktor, di antarana kacapé sacara fisik, lilana biantara, jeung kabiasaan ngalakukeun improvisasi.
Utamana kabiasaan nyarita sacara spontan di luar téks, ogé faktor émosi nalika nepikeun pesen di hareupeun masarakat sangkan suasanana leuwih cair, togmol, atawa dibarengan ku heureuy.
Tapi, kacapé jeung turunna konsentrasi alatan padetna agénda kenegaraan sarta lilana biantara, mindeng ngaronjatkeun résiko kaseleo létah atawa salah nyebutkeun data jeung nominal angka.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments