Kolom Sosial Politik

Indonesia Jawara Dina Kahirupan Asmara

0

 

Ku: Ridhazia

INDONESIA  nempatan posisi kadua di dunya minangka nagara anu miboga tingkat kapuasan pangluhurna dina kahirupan asmara.

Data ieu lain hasil karangan atawa rékaan, tapi dumasar kana hasil survéy Love Life Satisfaction Index 2026 nu dilaksanakeun ku lembaga panalungtikan Ipsos.

Ipsos mangrupakeun lembaga riset pasar jeung konsultan mandiri multinasional panggedéna di dunya, diadegkeun taun 1985 di Paris, Prancis.

Puas tur Bagja

Dumasar kana survéy nu ngalibetkeun 29 nagara, Indonésia aya dina jajaran pangluhurna pikeun tingkat kapuasan jeung kabagjaan dina kahirupan asmara, kalayan skor 85.

Tingkat kapuasan dina kahirupan asmara di Indonésia ngahontal 77%. Salian ti éta, 86% réspondén dina ieu panalungtikan ngarasa dipikanyaah ku pasanganna, jauh ngaleuwihan rata-rata global nu ngan ukur 60%.

Nu matak narik, béda jeung di sabagéan nagara séjén, faktor ékonomi lain hiji-hijina hal anu nangtukeun kabagjaan masarakat Indonésia.*

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.