Ku: Ridhazia
AI (Artificial Intelligence) atawa téknologi kacerdasan jieunan kiwari mindeng disebut geus jadi ancaman éksisténsial pikeun umat manusa.
Malah, mesin anu miboga kacerdasan luar biasa diperkirakeun dina mangsa nu bakal datang bisa ngadalikeun peradaban manusa.
Dina sababaraha skénario uji coba, modél téknologi AI tingkat luhur tétéla geus mampuh ngalawan parentah ti manusa.
Hartina, ka hareupna manusa kamungkinan moal deui nyekel kadali sapinuhna kana sistem kacerdasan jieunan nu diciptakeunna. AI henteu deui ngan saukur pakakas anu salawasna dikadalikeun ku manusa (human-in-the-loop).
AI vs Manusa
Dina gambaran éta, AI ibarat “manusa jieunan” anu nganggap dirina sajajar jeung manusa. Malah, manusa anu nyiptakeun téknologi éta sorangan bisa jadi lawan anu beurat pikeun AI.
Ahli téknologi dunya Geoffrey Hinton, anu ogé katelah salasahiji “Bapa AI”, geus ngingetkeun yén AI bisa jadi jauh leuwih pinter batan manusa, komo nepi ka mampuh ngabobodo manusa.
Teu mustahil AI miboga naluri instrumental jeung kamandirian anu nyata lantaran mesin calakan éta sanggup diajar tina rupa-rupa kahirupan jeung paripolah manusa.
Pamadegan nu sarua ditepikeun ku Nate Soares, Diréktur Machine Intelligence Research Institute (MIRI). Anjeunna nétélakeun yén kamajuan AI kiwari ngarah kana résiko punahna umat manusa.
Lamun AI geus ngahontal tingkat kacerdasan super (Artificial Superintelligence atawa ASI), aya kamungkinan AI bakal nganggap manusa minangka musuh anu kudu dipupus.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments