Ku: Ridhazia
POSTNGAN sim kuring dina kolom “Naon Nu Keur Dipikiran?” di platform FB tétéla geus nembus angka 2,2 rebu, kalayan jumlah babaturan 753 akun.
Alhamdulillah, éta postingan anu sifatna publik sarta dibagikeun ka luar bunderan babaturan, nepi ka kiwari masih bisa sumebar kalayan leluasa bari henteu ngabalukarkeun palanggaran kana standar komunitas.
Hartina, éta tulisan masih kénéh aman dibaca lantaran henteu ngandung ujaran kabencian, hoaks, atawa eusi sénsitip anu ngalanggar aturan komunitas. Kitu deui, luput tina résiko dilaporkeun atawa mass report ku pihak séjén nepi ka diblokir.
Tuliskeun Kahirupan!
Sim kuring jadi émut kana kekecapan Philip Pullman dina bukuna Daemon Voices: On Stories and Storytelling, yén tulisan téh lain dijieun ku basa wungkul. Tulisan sajatina dijieun ku kahirupan.
Ku kituna, tulisan saenyana kudu nyaritakeun kahirupan. Hartina, tulisan kudu nyangkaruk kana réalitas, lahir tina pangalaman anu nyata, sarta mampuh nyumponan kahayang manusa kana bebeneran émosional. Ulah ngan ukur jadi kaulinan kecap anu kosong atawa tumpukan téori anu abstrak.
Nepikeun Gagasan Sacara Sarua
Hakékat hiji tulisan téh aya dina kamampuhna nepikeun gagasan sacara objéktif, pinuh ku empati, bari tetep ngahargaan rupa-rupa sudut pandang anu sajajar di antara para pamaca.
Ku sabab éta, dina rohangan média sosial anu kawates, teu pantes lamun eusina didominasi ku narasi ngahakiman atawa provokasi. Leuwih hadé nembongkeun fakta jeung bukti anu écés, sabab éta leuwih nyarita tibatan kecap-kecap anu kaleuleuwihi.
Muka Rohangan Pikeun Ngalenyepan
Sim kuring ogé émut kana piwuruk praktis ti saurang panulis opini dina salah sahiji koran nasional tempat sim kuring kungsi jadi bagian tina tim rédaksi. Ceuk anjeunna, nulis téh saenyana kudu salawasna muka rohangan tafsir pikeun nu maca.
“Bere kacindekan anu henteu pageuh teuing sangkan nu maca bisa ngalenyepan jeung nyindekkeun sorangan amanat anu hayang ditepikeun ku panulis.”
Hatur nuhun kana sagala perhatian jeung silaturahmi anu parantos kasinambung salila ieu.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments