Ku: Ridhazia
ALIANSI Jurnalis Independen (AJI) ngadesek Presiden Prabowo Subianto supaya ménta hampura sanggeus dina Harlah ka-28 PKB anjeunna nyebut jurnalis minangka “londo ireng”.
YLBHI ogé ngingetkeun yén éta pernyataan mangrupa wangun stigmatisasi kana kabébasan sipil. Ari PWI (Persatuan Wartawan Indonesia) mah milih cicing bari teu méré tanggapan.
Teu Aya Hampura, Jurnalis!
Nepi ka ayeuna, pihak Istana can méré katerangan atawa klarifikasi ngeunaan ucapan présidén anu nyebut “londo ireng”, komo deui nepikeun hapunten.
Ngaliwatan Kamenterian Komunikasi jeung Digital (Kemkomdigi), pamaréntah ngajelaskeun yén éta ungkara téh ukur mangrupa kiasan pulitik.
Numutkeun pamaréntah, maksud présidén nyaéta ngajak masarakat sangkan waspada kana narasi pesimisme, lain pikeun nyerang profési jurnalis atawa média nu tangtu.
Naon Ari “Londo Ireng”?
Sacara harfiah, londo ireng hartina “Walanda Hideung”. Dina sajarah, éta istilah dipaké pikeun nyebut pribumi anu ngabéla pamaréntah jajahan Walanda sarta ngalawan bangsana sorangan.
Sanajan kitu, istilah londo ireng teu salawasna ngandung harti négatif. Dina kanyataan sajarah, éta ogé dipaké minangka sebutan pikeun prajurit asal Afrika anu dibawa ku Walanda ka Pulo Jawa.
Asal-usul istilah éta bisa dipaluruh dina tulisan sajarawan asal Walanda, Ineke van Kessel, dina bukuna anu judulna “Zwarte Hollanders: Afrikaanse soldaten in Nederlands-Indië”.
Karya ilmiah éta geus ditarjamahkeun kana basa Indonésia kalayan judul “Serdadu Afrika di Hindia Belanda 1831–1945”, diterbitkeun taun 2011 ku Penerbit Komunitas Bambu.*
* RIdhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments