Ku: Ridhazia
KISRUH di Badan Gizi Nasional (BGN) can eureun. Kapala Badan Gizi Nasional (BGN), Naniek Sudaryati, ngumumkeuna amit mundur tina kalungguhan struktural di éta lembaga.
Kaputusan pikeun mundur éta dilaporkeun geus meunang idin ti Présidén sangkan anjeunna bisa museurkeun diri kana pengobatan panyakit jantung nu keur nyerang dirina di salah sahiji rumah sakit di mancanagara.
Saméméh jadi Kapala BGN, Naniek ngajabat minangka Wakil Kapala BGN Bidang Komunikasi jeung Investigasi. Manehna jadi hiji-hijina pajabat nu disebut lolos tina badai dugaan korupsi di BGN nu nyéréd sababaraha sasamana salaku wakil kapala.
Diproyéksikeun Jadi Ketua Déwan Pangawas
Sanajan keur gering, Naniek nu salila hirupna ngabina karir di dunya jurnalistik ngaku diproyéksikeun ku Présidén pikeun ngajabat minangka Ketua Déwan Pangawas BGN, hiji struktur anyar dina organisasi internal BGN.
Présidén RI Prabowo Subianto ogé ngangkat Nanik S. Deyang jadi Kapala Badan Gizi Nasional (BGN) nu anyar pikeun ngagantikeun Dadan Hindayana, sanggeus kisruh dugaan mega korupsi di BGN nu nepi ka kiwari can asup kana prosés sidang pangadilan. Deudeuh teuing, Bu Naneik! Sing enggal waluya. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments