Kolom Sosial Politik

Kang Ata Jadi Maung Bandung

0

 

Ku: Ridhazia

KAMAMPUHNA ngandelkeun kagesitan pikeun nembus sarta ngaruksak jero barisan pertahanan lawan kalawan impresif jadi salasahiji alesan Persib Bandung resmi ngabeungkeut Mariano Peralta.

Pamaén Pinunjul (MVP) Super League usum 2025/2026 éta jadi rékrutan pamaén asing ka-11 skuad Maung Bandung pikeun nyanghareupan kompetisi usum 2026/2027. Peralta dikontrak salila dua taun nepi ka taun 2028.

Panyerang jangjang asal Argentina umur 28 taun ieu jadi salasahiji pamaén anu matak dipikaresep dina bursa transfer Liga Indonesia. Niléy pasarna diperkirakeun ngahontal Rp13,4 miliar, sahingga kaasup kana jajaran pamaén kalayan ajén pangmahalna.

Saméméhna, Peralta ngabéla Borneo FC.  Manehna  nyangking gelar Pamaén Pinunjul (MVP) Super League usum 2025/2026 sanggeus ngabukukeun 20 gol jeung 14 assist tina 34 patandingan.

Wilujeng sumping, Kang Ata!*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom  UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.