Ku: Ridhazia
TIMNAS Spanyol jeung Argentina baris pahareu-hareup makalangan dina Final Piala Dunia 2026, Senén, 20 Juli 2026, tabuh 02.00 WIB di Stadion MetLife, East Rutherford, New Jersey, Amérika Sarikat.
Spésial Kungsi Dimandian
Laga pamungkas pikeun nangtukeun jawara dunya ieu bakal karasa istiméwa. Sabab, béntang Argentina Lionel Messi bakal “papaséa” langsung jeung Timnas Spanyol anu diperkuat ku Lamine Yamal.
Patemuan di lapang héjo ieu ngingetkeun deui kana carita Messi jeung Yamal anu sempet viral di média sosial taun 2024. Harita, Yamal anu kakara yuswa genep bulan kungsi dimandian ku Messi nalika masih ngabéla Barcelona.
Dina éta poto, Lionel Messi anu harita umur 20 taun katémbong rada kagok bari ngamandian orok yuswa genep bulan dina bak mandi plastik. Éta orok téh taya lian ti Lamine Yamal.
Mimitina poto Messi jeung Yamal jadi viral téh sanggeus diunggah ku Mounir Nasraoui, rbapana Yamal, dina akun Instagram pribadina.
Dina éta unggahan, Mounir Nasraoui nulis katerangan pondok: “awal dari dua legenda.”
Saha Ari Yamal?
Lamine Yamal Nasraoui Ebana (lahir 13 Juli 2007) nyaéta pamaén bal profésional asal Spanyol.
Manehna jadi kasohor sanggeus nyitak gol ngaliwatan tajongan melengkung ti luar kotak pinalti anu engkéna kapilih jadi gol pangalusna dina éta turnamén.
Yamal ogé jadi panyitak gol pangngorana dina sajarah Piala Éropa (Euro), opat poé saméméh ulang taun ka-17 dina ahir UEFA Euro 2024. Anjeunna ogé dilélér pangajén Pamaén Ngora Panghadéna dina éta turnamén.
Lahirna Legénda Anyar, Doa Ti Bapa
Penyerang suku kénca anu miboga kamampuh ngagiring bal, ngoper, jeung nyitak gol kalayan hadé ieu diprediksi bakal jadi salah sahiji béntang maén bal panggedéna di mangsa nu bakal datang.
Pamaén turunan muslim ieu dipiharep mampuh ngajajar kaluhuran idolana, Lionel Messi, jalma anu baheula kungsi ngamandian manehna nalika masih orok.
Sakumaha doa ti hiji bapa anu ditulis ku Mounir Nasraoui dina poto ikonik taun 2007: “awal dari dua legenda’. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments