Kolom Sosial Politik

Horeng Prabowo Boga DNA India

0

 

Ku: Ridhazia

PRESIDEN  Prabowo Subianto nyaritakeun pangalaman anu matak panasaran bari diselapan ku guyonan nalika ngahadiran Indian Community Reception di JICC, Senayan, Salasa peuting, 7 Juli 2026.

Di hareupeun diaspora India di Indonésia, Prabowo ngaku boga DNA India dumasar kana hasil tés sekuensing génom anu kakara dilakonan ku inyana.

“Saméméh ngalaksanakeun kunjungan nagara ka India, kuring ngajalanan tés sekuensing génom atawa tés DNA. Sanggeus dipariksa, kapanggih yén kuring boga DNA India. Ieu téh enya, lain heureuy,” ceuk Prabowo.

Naon Ari Sekuensing Génom?

Sekuensing génom nyaéta téknik laboratorium pikeun maca runtuyan lengkep kode génétik (DNA atawa RNA) anu aya dina sél hiji organisme.

Téknik ieu ilahar dipaké pikeun ngulik jeung ngajentrekeun sakabéh informasi génétik sacara gembleng, di antarana pikeun mikanyaho résiko panyakit, nalungtik asal-usul atawa galur karuhun hiji jalma, sarta kaperluan panalungtikan ilmiah séjénna.*

 

You may also like

Comments

Comments are closed.