Ku: Ridhazia
MASARAKAT maén bal saalam dunya ngarasa reugreug sanggeus timnas Amérika Sarikat gugur tina Piala Dunia 2026. Tim anu dijagokeun ku Donald Trump éta éléh telak 1-4 ku Belgia.
Réaksi éta dianggap saluyu jeung rupa-rupa bérita anu sumebar di sakuliah dunya, yén éta tijurahrohna Amerika dina Piala Dunya 2026 jadi antiklimaks tina tudingan campur tangan nagara dina urusan maén bal internasional.
Saméméhna kungsi muncul béja yén timnas Amérika Sarikat meunang “bantuan” ti FIFA sanggeus lumangsungna pertandingan kontroversial antara Amérika Sarikat ngalawan Bosnia dan Herzegovina.
Dina pertandingan di Lumen Field, Seattle, anu digelar dina Salasa (7/7/2026) isuk WIB, mucunghul kontroversi patali jeung kartu beureum anu ditarima ku Folarin Balogun.
Kaputusan FIFA pikeun nunda hukuman kartu beureumna disinyalir patali jeung telepon Donald Trump ka Présidén FIFA, Gianni Infantino.
Can Kungsi Jadi Juara
TKapentalna Amérika Sarikat tina Piala Dunia 2026 sanggeus dibantai Bélgia 1-4 deui ngabuktikeun sajarah nu terus malikan deui, yén nagara éta can kungsi mampuh jadi jawara Piala Dunia.
Baheula, maén bal di Amérika Sarikat dianggap olahraga kelas kadua lantaran popularitasna jauh di handapeun cabang olahraga séjén. Sanajan kitu, Amérika Sarikat kungsi milu dina tilu édisi Piala Dunia FIFA, nyaéta taun 1930, 1934, jeung 1950. Dina mangsa harita, lolobana pamaén direkrut ti kalangan imigran.
Ti taun 1990 nepi ka 2014, Amérika Sarikat henteu kungsi absen milu dina Piala Dunia FIFA. Prestasi panghadéna anu kungsi dihontal ku timnas Amérika Sarikat nyaéta ngahontal babak dalapan besar dina Piala Dunia FIFA 2002. Sanajan kitu, léngkahna eureun sanggeus éléh ku Jerman, anu saterusna hasil maju ka babak final. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments