Kolom Sosial Politik

Deudeuh Teuing, Brasil!

0

 

Ku: Ridhazia

BRASIL  gugur ti Piala Dunia 2026, poe Minggu 5 Juli 2026 ieu, sanggeus éléh 1-2 ku Norwégia dina babak 16 besar. Dua gol Norwégia dicitak ku Erling Haaland.

Éléhna Brasil kali ieu jadi nu katujuh kalina nalika nyanghareupan tim-tim Éropa dina babak gugur saprak final Piala Dunia 2002.

Meunang  panungtungan skuad “Seleção” ngalawan tim Éropa dina babak gugur lumangsung dina final Piala Dunia 2002, nalika ngéléhkeun Jérman kalayan skor 2-0.

Juara Dunya Lima Kali

Brasil geus lima kali jadi jawara Piala Dunia FIFA, nyaéta dina taun 1958, 1962, 1970, 1994, jeung 2002.

Salian ti éta, Brasil ogé kungsi dua kali jadi nagara nu ngayakeun turnamén maén bal pangbergengsina di dunya, nyaéta dina taun 1950 jeung 2014.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.