Kolom Sosial Politik

Propinsi Tatar Sunda?

0

 

Ku: Ridhazia

WACANA ngarobah ngaran Provinsi Jawa Barat jadi Tatar Sunda nimbulkeun patalékan kritis di kalangan masarakat.

Leuwih ti éta, ieu wacana didadasaran ku gagasan jeung pamikiran pikeun nyalametkeun jati diri urang Sunda anu beuki kadeseh.

Naon ari Tatar Sunda?

Sacara sajarah, istilah Tatar Sunda ngarujuk kana wewengkon Jawa Barat, Banten, jeung Jakarta. Malah, ngawengku ogé sabagian leutik wewengkon di tapel wates Jawa Tengah.

Dumasar kana asal-usulna, Tatar Sunda mangrupa puseur sésa peradaban dua karajaan, nyaéta Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh, anu miboga akar ti Karajaan Tarumanagara dina abad ka-5. Saterusna, éta dua karajaan dihijikeun deui jadi Karajaan Padjadjaran dina abad ka-14.

Sedengkeun tapak karuhun urang Sunda pangheubeulna, tina jihat géologi jeung antropologi, kapanggih di sabudeureun Cekungan Bandung Purba anu kabentuk kira-kira antara 105.000 nepi ka 210.000 taun ka tukang balukar tina bituna Gunung Sunda.

Tatar Sunda: Peradaban Batin

Tulisan Prof. Ija Suntana ti UIN Bandung méré sudut pandang anu leuwih mere ilham ngeunaan kahayang ngarobah ngaran Jawa Barat jadi Tatar Sunda, utamana dina pamadegan yén jati diri Sunda beuki kasisih.

Numutkeun pamikiran éta profesor, dina lalakon sajarah Nusantara anu panjang, urang Sunda leuwih loba ngawangun peradaban nu ngajunjung ajén étika.

Tradisi anu ngajén kasataraan dina falsafah silih asih, silih asah, jeung silih asuh, ditambah ku budaya nyarita kalayan merenah tur someah, nuduhkeun yén dina kahirupan sosial urang Sunda henteu pati némbongkeun idéntitas pulitikna.

Ku sabab kitu, dina sajarah teu kapanggih bukti yén Tatar Sunda kungsi ngadegkeun “Imperium Sunda”, nyaéta kakawasaan anu ngalegaan ku cara nalukkeun bangsa séjén bari nyebarkeun basa, agama, sistem pulitik, atawa ngajajah budaya ka wewengkon séjén sacara agrésif. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.