Kolom Sosial Politik

Braga Ngagebur: Tritura Di Bandung April 1966

0

 

Ku: Endah Hamzah

DINA  bulan April 1966, Jalan Braga di Bandung anu kawentar minangka kawasan élit tur tenang, ngadadak robah jadi puseur démonstrasi gedé. Kajadian ieu dipikawanoh ku sebutan Braga Ngagebur atawa Braga Membara, ngalambangkeun seuneu amarah rahayat anu ngagedur sapanjang jalan.

Rébuan mahasiswa jeung nonoman ti Kesatuan Aksi Pemuda Indonesia (KAPI) jeung Komite Aksi Mahasiswa Indonesia (KAMI) turun ka jalan mawa aspirasi rahayat ngaliwatan Tritura: ngabubarkeun Partai Komunis Indonesia (PKI), nurunkeun harga-harga kabutuhan, sarta nyopot Subandrio tina jabatanana.

Kapamimpinan Subandrio

Salah sahiji tokoh sentral dina gejolak pulitik waktu harita nyaéta Marsekal TNI (Purn.) (Tit.) dr. H. Soebandrio, atawa leuwih dipikawanoh minangka Subandrio (15 Séptémber 1914–3 Juli 2004).

Taun 1956, Présidén Soekarno ngagero Subandrio ka Jakarta pikeun ngajabat minangka Sekretaris Jéndral Kamentrian Luar Negeri, tuluy diangkat jadi Menteri Luar Negeri. Dina taun 1960, anjeunna dipromosikeun jadi Wakil Perdana Menteri Kadua, sarta taun 1962 diangkat deui jadi Menteri Hubungan Ékonomi Luar Negeri.

Salian nyekel tilu jabatan strategis éta, Subandrio ogé mingpin badan intelijen, nepi ka jadi salah sahiji tokoh pangkuatna dina pamaréntahan Présidén Soekarno nepi ka taun 1966.

Minangka arsiték utama kabijakan luar negeri Indonesia anu condong ka kénca, Subandrio ngawangun aliansi jeung Républik Rahayat Tiongkok sarta ngamimitian kawijakan Konfrontasi ngalawan Malaysia. Kabijakan ieu nyababkeun hubungan Indonesia jeung nagara-nagara Kulon, utamana Amérika Sarikat jeung Britania Raya, jadi beuki tegang.

Krisis Selat Sunda taun 1964 jadi salah sahiji gambaran tina ketegangan éta, nalika kapal induk Britania HMS Victorious ngalintasan wewengkon perairan Indonesia tanpa idin. Ku lantaran éta, kawijakan luar negeri Subandrio jadi salah sahiji anu panglobana dipadungdengkeun dina sajarah pulitik Indonesia.

Tungtutan Mahasiswa

Sanggeus kajadian G30S/PKI taun 1965, Subandrio dicopot tina jabatanna sarta dituduh miboga patalina jeung PKI, sanajan teu aya bukti langsung anu nuduhkeun kalibetna dina gerakan éta. Dina mangsa kajadian lumangsung, anjeunna dipikanyaho keur ngalaksanakeun tugas dinas di Sumatra.

Sanajan kitu, lantaran nyekel jabatan penting minangka Menteri Luar Negeri jeung kapala intelijen, manehna ku sabagian masarakat dianggap minangka simbol gagalna pamaréntah dina nyanghareupan ancaman ti jero nagri.

Nalika kaayaan pulitik beuki panas, Subandrio dibere  hukuman pati ku Mahkamah Militer Luar Biasa (Mahmilub). Tapi, palaksanaan hukuman éta ditunda sanggeus aya campur tangan pamaréntah Britania Raya ngaliwatan Ratu Elizabeth II, dumasar kana  hubungan diplomatik anu kungsi diwangun nalika Subandrio jadi duta besar munggaran Indonesia pikeun Britania Raya.

Paménta pangampura éta ahirna ngarobah hukuman pati jadi hukuman panjara salawas hirup. Sanggeus ngajalani hukuman salila 29 taun, manehna  dibébaskeun taun 1995 ku alesan kaséhatan, tuluy nyorang sésa hirupna di Jakarta nepi ka maotna dina taun 2004.

Gejolak Demonstrasi di Jalan Braga

Dina April 1966, Jalan Braga anu biasana jadi puseur hiburan kalangan élit robah jadi arena perjuangan mahasiswa KAPI jeung KAMI anu mawa tuntutan Tritura.

Massa ngancurkeun vitrín toko-toko, nyokot potret Bung Karno anu dipajang, tuluy dibanting ka jalan, dileyekan, sarta disoek-soek  minangka lambang protes maranéhna. Kajadian éta ngagambarkeun jero-jerona rasa kuciwa masarakat kana kapamingpinan anu dianggap teu ngaregepkeun aspirasi rahayat.

Ti Jalan Braga, massa tuluy ngabrul  ka Jalan Asia Afrika, ngaliwatan gedong-gedong ikonik saperti Toko Sarinah, Kantor Bank BJB, jeung Hotel Savoy Homann.

Témbok-témbok sapanjang jalan pinuh ku coretan protes kalawan slogan, di antarana: “Gantung Subandrio!”, “Bubarkeun PKI!”, jeung “Turunkeun Harga!” anu ngagema di unggal juru jalan.

Kajadian ieu nandakeun yén rahayat moal cicing lamun ngarasa kateuadilan lumangsung di sabudeureunana.

Warisan Kajadian “Braga Ngagedur”

Kajadian Braga Ngabara némbongkeun yén kakuatan rahayat sanggup ngarobah jalanna sajarah. Jalan Braga anu kungsi dipikawanoh minangka puseur kahirupan méwah robah jadi arena perjuangan rahayat.

Kajadian ieu jadi simbol yén kahayang pikeun robah bisa ngabeledug iraha waé jeung di mana waé, kaasup di puseur kota anu biasana tenang.

Subandrio tetep jadi salah sahiji tokoh pikeun dipadungdengkeun dina sajarah Indonesia, boh salaku inohong anu boga pangaruh dina kabijakan luar negeri boh minangka simbol rumitna pergulatan pulitik dina mangsa éta.

Sedengkeun Braga Ngabara tetep jadi pangéling-ngéling yén kakuatan rahayat sanggup ngaguncang tatanan anu dianggap henteu ngabélaan kapentingan masarakat. Warisan pangutamana nyaéta sumanget kawani jeung kahayang pikeun robah anu terus hirup dina sajarah, ngajadikeun Jalan Braga lain ukur sakadar jalan anu kungsi tenang jeung méwah, tapi ogé saksi bisu gulatna nurani hiji bangsa.*

 * Hj Endah Hamzah, wartawan senior Bandung Pos ti mimiti 1965, purnabakti pagawe Penerangan Kodam (Pendam) III Siliwangi, kiwari nganjrek di Baleendah, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.