Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (22/6/2026). Ini pangimbuh ning twah pakeun mo tiwas kala manghurip, pakeun wastu di imah di manéh. Emét, imeut. rajeun, leukeun, paka predana, morogol-rogol, purusa ning sa, widagda, gapitan. kara waleya, cangcingan, langsitan.
ANU dimaksud naskah Sunda kuno dina ieu tulisan taya lian Sanghyang Siksakandang Karesian (disingget SSK). Ieu naskah ditulisna ngagunakeun basa jeung aksara Sunda buhun, titimangsana taun 1518 Masehi. Dua taun deui, umur ieu naskah téh jejeg lima abad. Mun dititénan angka taunna, SSK téh ditulisna dina jaman Prabu Sribaduga Maharaja nyakrawati di Karajaan Sunda (dina kapercayaan balaréa mah sok disebut Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran).
Dina SSK dipidangkeun naon rupaning hal ngeunaan kaweruh umum, pendidikan, katata-nagaraan, kasenian, kaséhatan, padoman étika, jeung aspék kahirupan masarakat Sunda lianna dina alam harita. Lamun dipatalikeun jeung eusina, kalimah anu dipaké judul, nyaéta sanghyang siksakandang karesian téh kira-kira ngandung harti aturan ngeunaan hirup dumasar kana darma (kawajiban atawa kahadéan).
Lamun dipatalikeun jeung sajarah, naon anu ditulis dina SSK téh mangrupa gambaran masarakat Sunda saméméh enya-enya wanoh jeung ajaran Islam. Pangna disebut “saméméh enya-enya wanoh” téh sabab dina awal abad ka-16, di wewengkon Sunda geus aya Islam, tapi tacan nyebar tur jadi anutan sakumna masarakat. Jaman Karajaan Sunda (anu ceuk balaréa mah jaman Pajajaran), corak pamaréntahanana masih kénéh Hindu, sok sanajan réa bédana jeung Hindu anu asli torojogan ti India. Hindu anu jadi ageman urang Sunda mah geus diaworkeun jeung ageman kapercayaan tuturunan ti karuhun.
Tepi ka kiwari masih keneh remen kapireng, mun nyaritakeun Sunda nu asli, biasana anu jadi rujukan téh jaman ngadegna Karajaan Sunda. Bisaa jadi ayana anggapan kitu téh dumasar kana pandangan “pulitik”, duméh Sunda dina alam harita masih enya-enya merdéka, masih gembleng miboga kadaulatan. Béda jeung Sunda dina alam saterusna anu jadi jajahan Mataram, terus disambung ku Walanda.
Eusi anu dipidangkeun dina SSK téh mangrupa énsiklopédia. Mun urang hayang wawuh kana enas-enasna Sunda, di antarana kudu mesék éta naskah. Loba mutiara anu bakal katimu, mun urang ngaguar SSK. Tangtu waé lain hartina urang kudu balik deui ka jaman baheula, da ari hirup mah apan maju ka hareup. Ngan waé, ku ngamutalaah SSK, tujuanana sangkan urang mikawanoh budaya Sunda warisan heubeul. Bisa jadi loba di antarana anu masih kénéh bisa dipaké dina jaman kiwari. Nya hal ieu anu rék dipedar téh.
Dualas pituah dina ieu tulisan sagemblengna meunang nyutat tina SSK. Istilahna téh pangimbuh ning twah, anu maksudna pangjangkep sangkan hirup urang boga pamor. Anu dimaksud pamor di dieu lain hartina kakawasaan atawa jabatan, tapi ditémbongkeun dina lampah hadé anu bakal jadi cukang pikeun kasalametan, kabagjaan, katingtriman, jeung sajabana ti éta. Kecap twah saterusna robah jadi tuah; tersus jadi pituah, anu hartina naséhat atawa papatah. Dina basa Indonésia gé saarua deuih kecap tuah téh nyampak.
Pituah anu jumlahna dualas téh nyaéta (1) emét; (2) imeut; (3) rajeun; (4) leukeun; (5) pakapradana; (6) morogol-rogol; (7) purusa ning sa; (8) widagda; (9) gapitan; (10) karawaléya; (11) cangcingan; jeung (12) langsitan. Aya anu masih kénéh dipaké dina basa Sunda kiwari, jeung aya deuih ku urang ayeuna geus teu dipiwanoh.
Kahiji, emét. Ieu kecap masih dipaké dina basa Sunda ayeuna; saemét hartina saeutik, diemét-emét hartina dieutik-eutik atawa teu dihahambur. Anu dimaksud emét dina SSK nyaéta gemi, rikrik gemi, atawa tara ngamonyah-monyah rajakaya. Cindekna, hirup téh kudu bisa ngeureut neundeun, kudu hémat, ulah awuntah; anu ceuk istilah kiwari mah ulah konsumtif
Anu kadua, imeut, maksudna taya nu kaliwat dina migawé hiji hal. Henteu gurung gusuh, kudu tartib, titih rintih. Mun digawé téh kudu imeut, sangkan hasilna hadé. Taya salahna mun hasil pagawéan urang dipariksa deui kalawan gemet.
Katilu, rajeun, anu maksudna rajin. Jalma anu rajin nyaéta anu tara miceunan waktu teu puguh, tapi salawasna dieusian ku kagiatan anu mangpaat. Anu disebut rajin téh saterusna ngandung harti rancage (kréatif) jeung inovatif.
Kaopat, leukeun, anu maksudna migawé pagawéan kalawan tekun, henteu babari putus asa dina nyanghareupan kasulitan. Sakumaha beurat jeung banggana pagawéan, tapi lamun dikeureuyeuh mah ahirna bakal réngsé.
Kalima, pakapradana, maksudna boga kaludeung pikeun tandang, henteu éraan, jeung boga rasa percaya diri. Dina basa Sunda kiwari mah sarua jeung wantér atawa wanter. Jalma nu réa kanyahona, mun teu dibarung ku wanter mah, éta kanyahona téh moal gedé hartina.
Kagenep, morogol-rogol, anu maksudna gedé karep, gedé kahayang, tur gedé sumanget dina digawé jeung dina nyanghareupan tangtangan kahirupan. Mun dina istilah popilér kiwari mah kurang leuwih sarua jeung kuat motivasi diri, henteu kuméok méméh dipacok. Dina percaturan nasional kiwari, kesanna urang Sunda téh henteu morogol-rogol. Éta pangna langka pisan nu bisa tampil gé.
Katujuh, purusa ning sa, anu hartina miboga jiwa kapahlawanan, boga kaludeung dina nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan, sarta daék tutulung kalawan teu miharep balesan. Ari anu kasebutna pahlawan mah apan daék migawé kahadéan pikeun kapentingan balaréa. Malah taya halanganana mun dirina sorangan jadi korban gé.
Kadalapan, widagda, anu hartina wijaksana, gedé tinimbangan, tara rurusuhan nyokot putusan saméméh dipikir kalawan asak. Mun ceuk paribasa kiwari mah nyaéta jalma anu leuleus jeujeur liat tali; antara rasio jeung émosi salawasna saimbang.
Kasalapan, gapitan, hartina wani tohtohan pikeun ngawujudkeun kayakinan jeung cita-cita. Dina hal ieu, kayakinan jeung cita-cita téh kudu diperjuangkeun, sabab moal ngawujud kitu waé.
Kasapuluh, karawaléya, anu hartina béréhan, alias daék méré mawéh, henteu korét ku rejeki. Kaasup deuih henteu ngorétkeun élmu. Boh harta banda boh rejeki, apan lain keur sasoranganeun, tapi kudu méré mangpaat ka anu lian.
Kasawelas, cangcingan. Mun ceuk basa Sunda ayeuna mah cingceung, kesit, getapan, tangginas. Jalma anu kieu mah jauh tina kabiasaan palaya-peleye, tur tara marudah dina diparengkeun pinanggih jeung kasulitan.
Kadua welas, langsitan, anu hartina tapis dina nyokot lolongkrang. Hartina, mun aya lolongkrang (peluang) pikeun kamajuan, sok terus gancang dicokot, henteu diantepkeun, sabab éta lolongkrang téh sok leungit deui.
Tina dua welas pituah anu bieu dipedar, anu mangrupa prinsip-prinsip dasar dina kahirupan, bawirasa masih kénéh bisa dilarapkeun dina kakiwarian. Cindekna mah masih kénéh aktual tur kontékstual, sok sanajan kiwari Sunda geus jadi bagian tina nasional Indonésia.
Kitu deui lamun ditalikeun jeung ajén-inajén dina ajaran Islam, dua welas pituah bieu mémang teu papalingpang. Apan dina Islam gé aya kawajiban yén hirup téh kudu rikrik gemi, kudu imeut jeung tartib, kudu ludeung dina ngabéla bebeneran, kudu béréhan ka sasama, jeung sajabana, anu kabéh ogé dicontokeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadoah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments