Ku: Ridhazia
PINDAHNA venue laga klasik Persib Bandung ngalawan Persija Jakarta dina minggu ka-32 BRI Super League ka Stadion Segiri, Minggu (10/5), ngajadikeun para suporter Persib kabawa émosi.
Rébuan Bobotoh ngariung jeung ngeusian sesi latihan Persib di Stadion Gelora Bandung Lautan Api (GBLA), Bandung. Maranéhna mawa rupa-rupa spanduk anu dibentang di tribun minangka wujud pangrojong.
Salah sahiji spanduk katingali pisan nyolok panon kalawan nada provokatif: “Be Our Hattrick Hero.”
Éta tuntutan ngagambarkeun harepan, kayakinan, sakaligus tekanan sangkan skuad Maung Bandung mampuh nembongkeun performa maksimal sarta “maéhan” mental lawanna, Macan Kemayoran.
Lamun Éléh
Lamun Persib éléh ku Persija di Stadion Segiri, Minggu (10/5/2026), posisi dina puncak klasemén bisa kaancam.
Sahenteuna, lamun teu meunang angka, poin Persib moal nambahan. Kaayaan éta bakal ngajadikeun perebutan gelar juara beuki ketat ngajelang ahir musim.
Lamun Menang
Sabalikna, lamun Persib hasil ngéléhkeun Persija dina duel klasik 10 Méi 2026, kasempetan pikeun ngarebut gelar BRI Super League bakal beuki muka.
Kameunangan ngalawan rival bebuyutan bakal ngaronjatkeun mental tanding tim dina laga-laga sésa.
Salian ti éta, Persib bisa ngalegaan jarak poin ti pesaing pangdeukeutna sarta mere tekanan psikologis anu gedé ka rival utama, Borneo FC Samarinda.*




































Comments