Kolom Sosial Politik

Kungsi Ngahiji Dina Imperium Persia

0

 

Ku: Ridhazia

SACARA historis, Iran jeung Israel kungsi ngahiji dina hiji kakawasaan, nyaéta Empirium Persia Kuna. Empirium adidaya munggaran di dunya ieu diadegkeun ku Cyrus Agung dina taun 550 SM.

Legana kakawasaanana ampir ngahontal satengah wewengkon dunya waktu harita. Ngalegaan ti Éropa Wétan nepi ka Walungan Indus, sarta ti Anatolia nepi ka Asia Tengah, sanggeus sang kaisar ngaruntuhkeun kakawasaan Raja Babilonia, Nabonidus, dina taun 539 SM.

Persia Mebaskeun Bangsa Yahudi

Dina catetan sajarah, Cyrus Agung kacatet miboga jasa gedé ku ngabébaskeun bangsa Yahudi tina pangasingan. Anjeunna ogé masihan idin pikeun maranéhna balik deui ka Yerusalem guna ngawangun deui Bait Suci anu saméméhna diruksak ku Babilonia.

Kungsi Ngawangun Aliansi

Iran jeung Israel ogé kungsi ngajalin hubungan diplomatik. Duanana muka kadutaan gedé minangka perlambang silaturahmi pulitik antar nagara.

Iran sacara resmi ngakukeun kamerdikaan nagara Israel dina taun 1950, sataun sanggeus Turki dina 1949 ngakukeun ayana nagara Yahudi éta.

Memang Béda

Sanajan miboga tapak sajarah anu kungsi papanggih dina hiji panggung peradaban, Iran jeung Israel kiwari nangtung dina posisi anu diamétris béda, boh sacara idéologis boh géopolitik.

Iran ngébréhkeun kahayang pikeun mupus Israel tina peta pulitik, sedengkeun Israel nganggap Iran minangka ancaman éksisténsial.

Najan kitu, hubungan duanana henteu salawasna goréng. Dina sababaraha fase sajarah, kungsi aya titik papanggih dina lintasan peradaban anu sarua.

Nalika Francis Fukuyama ngedalkeun tésis The End of History (1992), yén dunya siga nu ngaléngkah ka hiji arah tunggal, konflik Iran–Israel bisa waé jadi anomali tina pamadegan éta. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.