Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (2/4/2026). Sasat pada ngarep-ngarep, cundukna Jepang ka wewengkon lemah cai urang téh. Ari sababna mah duméh loba nu boga anggapan yén pasukan Sodara Tua téh bakal ngabébaskeun bangsa urang tina kakawasaan kolonial Walanda.
Kitu di antarana anu ditulis ku Sjarif Amin dina buku panineunganana, Keur Kuring di Bandung, anu nyaritakeun lalakon kahirupan dina mangsa kurang leuwih sapuluh windu ka tukang. Dipungkasna ku mimiti asupna tentara Jepang, taun 1942.
Sjarif Amin, atawa sok disebut Muh. Kurdi, dina alam harita téh mancén tugas jadi wartawan Sipatahoenan. Tangtu réa kaweruhna ngeunaan suasana jaman harita, sanajan peristiwa anu ditulisna ukur kawatesanan di wewengkon Bandung.
Aya deui tulisan anu nyabit-nyabit éléhna Walanda ku Jepang téh, nyaéta dina mémoar Muchtar Affandi anu dijudulan Mulangkeun Panineungan. Dina jaman harita, Muchtar Affandi keur nyekel kalungguhan jadi mantri pulisi di Kacamatan Sagalahérang (ayeuna mah asupna ka Kabupatén Subang).
Sakumaha anu geus pada nyaho, asupna pasukan Jepang ka Bandung téh ngaliwatan heula Subang, sanggeus haranjat ti basisir Érétan, Indramayu. Dina derna Perang Dunya Kadua, kakuatan kolonial téh geus dipuseurkeun di Bandung. Departemén Peperangan Hindia Walanda geus dipindahkeun ka Bandung, anu asalna mah di Jakarta. Éta pangna pasukan Jepang téh utamana mah dipaké nyerang Bandung.
“Kuring meunang katerangan yén wewengkon Jakarta mah moal bisa dipertahankeun, meureun ku sabab tempatna nampeu pisan ka laut. Ku sabab kitu, rék terus dilapurkeun. Puseur pamaréntahan, kitu deui komando militér, baris dipindahkeun ka Bandung,” kitu sakumaha anu ditulis ku Muchtar Affandi dina mémoarna.
Nya ku sabab éta, anu baris dipertahankeun tina serangan musuh téh kota Bandung. Anu matak, pertahanan utama pasukan Walanda ayana di daérah Gunung Tangkuban Parahu.
Saterusna Muchtar nulis kieu:
Dina awal Maret 1942, tentara Jepang geus haranjat ka Jawa Barat. Ti saméméhna ogé rahayat geus dibéré pancén kudu nyarieun lombang, teu jauh ti imah masing-masing. Lamun aya hoang-hoang sirineu, saréréa kudu gancang nyumput kana éta lombang.
Kuring ogé nyieun lombang téh di pakarangan. Ngahaja rada digenah-genah, malah dipinuhan ku dahareun. Angkanan téh mun engké kudu nyumput ka dinya, moal kudu ngulayaban heula néangan dahareun. Tapi dina émprona mah éta lombang téh teu kungsi kapaké, lantaran wewengkon Sagalahérang teu kungsi blung-bleng ditinggangan ku bom.
Enya ari serangan udara Jepang aya éta ogé, tapi anu jadi sasaranana téh pertahanan tentara Walanda di Gunung Tangkuban Parahu téa. Inget kénéh, kuring mah sok nempo ti kantor kawadanaan mun pasukan Jepang rék nyerang ka beulah kidul téh. Kabeneran tihang kantor kawadanaan téh galedé naker, ampir sagedé-gedé beuteung munding, bubuhan tadina urut kademangan. Tah, bari nyalingker kana éta tihang ari lalajo serangan téh.
Dina buku Sejarah Tatar Sunda Jilid 2 anu disusun ku Nina H. Lubis saparakanca dipidangkeun kalawan lengkep waktu pasukan Jepang mimiti ngayakeun serangan ka Pulo Jawa.
Wewengkon Hindia Walanda jadi daya tarik pikeun pasukan Jepang, lantaran di dieu téh beunghar ku sumber minyak bumi katut bahan tambang lianna. Anu matak, sasaran mimiti pasukan Jepang téh nyaéta wewengkon anu réa tambang minyak bumina, kayaning Tarakan, Sungai Gerong, jeung Plaju.
Dina tarékahna ngawasa Pulo Jawa, pasukan Jepang geus ngira-ngira yén bakal nyanghareupan rupa-rupa hahalang beurat, lantaran pihak Walanda geus tatan-tatan ngayonan. Harita geus bisa dilelebah, tentara Jepang téh bakal daratang ti kalér, sanggeus meuntasan Laut Jawa.
Kakuatan militer Hindia Walanda anu ditempatkeun sabudeureun Bandung aya kana 40 rébuna, kaasup pasukan Inggris, Amerika, jeung Australia. Sakabéh éta pasukan téh aya dina komando Sekutu anu markas besarna di Lembang. Ari tentara Hindia Walanda dipingpinna ku Letjen Ter Poorten.
Ti bulan Fébruari 1942 kénéh ogé puseur pamaréntahan kolonial dipindahkeun ti Jakarta ka Bandung. Gupernur Jénderal Tjarda van Starkenborg katut para gegedén Walanda lianna geus ngungsi ka Bandung, maratuh jeung ngantorna di Hotél Homann jeung Preanger.
Pasukan Jepang anu ngajorag Jawa Barat téh nyaéta staf tentara ka-16 jeung Divisi II anu dipingpin ku Jénderal Maruyama Masao. Ari anu haranjat di Érétan tanggal 1 Maret 1942 téh nyaéta Detasemén Syoji anu jumlahna lima rébu pasukan. Nya maranéhna anu dibéré tugas ngarebut Bandung téh. Lamun ditilik tina jumlah, pasukan Jepang téh ukur saperdalapanna tina pasukan Walanda anu geus ngagabung jeung pasukan Sekutu.
Dia poé éta kénéh ogé lapangan terbang di Kalijati anu dijaga ku pasukan Inggris serah bongkokan ka pasukan ti Batalyon Wakamatsu. Isukna, tepi ka tanggal 4 Maret, pasukan Walanda rék ngarebut deui Bandara Kalijati, tapi gagal, malahan mah tentara Walanda anu jadi korbanna ogé tepi ka ratus-ratus.
Tanggal 5 Maret, pasukan Jepang di Kalijati geus tatan-tatan rék ngagempur pertahanan Walanda di Ciater, saterusna rék ngagempur Bandung. Dina kabuktianana, pasukan Walanda téh dianggap hipu. Dua poé ti harita, lain waé Ciater anu bisa direbut téh, tapi deuih Lémbang. Geus kitu mah ngan kari turun waé mun rék nyerbu Bandung téh. Ngan harita Jénderal Ter Poorten teu mikeun mun Bandung jadi palagan perang. Ari sababna mah loba penduduk sipil. Nya ari geus kitu mah kapaksa waé pamaréntah Hindia Walanda téh ngélébétkeun bandéra bodas.
Ngeunaan lumangsungna perang, Muchtar Affandi nulis kieu:
Dina keur sesedengna usum paciweuh, harita téh aya kapal udara militér Inggris anu ragrag lantaran dibedil musuhna. Cenah mah panumpangna maraot, ngan kari saurang deui anu hirup téh, nyaéta pilotna, kitu gé kaayaanana geus tatu parna.
Éta tentara anu geus ampir sakarat téh digarotong ku urang désa, dibawa ka kawadanaan, maksudna ménta diubaran. Ngan ku sabab di kawadanaan taya keur ngubaranana, ku kuring terus dititah disiringkeun, dibawa ku ronda ka rumah sakit di Subang. Harita kénéh ogé regeyeng digarotong deui ku ronda.
Ceuk béja saterusna, teu kungsi tepi ka Subang mawana téh, lantaran di lebah Kampung Jalan Cagak ogé geus pasarandog jeung tentara Jepang. Atuh gubrag waé diragragragkeun si korban téh, ditunda di sisi jalan gedé. Anu ngagotongna langsung barirat. Kapanggih-panggih deui téh waktu éta pilot Inggris geus disalib di parapatan ku pasukan Jepang. Kuring teu terang, naha disalibna téh ti keur hirup kénéh, teuing sanggeusna taya nyawaan.
Dua atawa tilu poé saméméh pamaréntah Hindia Walanda nyerah ka Jepang, ka lebah Sagalahérang ngabrul bangsa kulit putih ka kidulkeun, awéwé-lalaki, kolot-budak. Cenah mah maranéhna téh pagawé ondernimeng (perkebunan) P&T di Kalijati. Jigana aya kana rébuna anu ngabrul téh, laleumpang totorobosan. Loba di antarana anu tadina jadi landwacht (mun ayeuna mah hansip, ngan ayana di perkebunan). Bedil maranéhna dipariceunan di kebon entéh jeung kebon karét lebah wewengkon Sagalahérang. Kawasna mah éta abrulan bangsa kulit putih rék ngajugjug ka kota Bandung.
Béak abrulan urang Éropa, sawatara poé ti harita ka Sagalahérang jol abrulan tentara Jepang. Cenah mah pasukan perintisna éta téh, sarta lolobana bangsa Koréa. Ukur ngaliwat wungkul, da saterusna ngajugjug ka beulah kidul, ka jurusan Bandung.
Éléhna Walanda ku Jepang téh harita kénéh nimbulkeun rupa-rupa parobahan. Anu pangkarasana ku kuring saparakanca ti aparat pamongpraja nyaéta kaayaan masarakat jadi teu aman. Mindeng pisan aya kajadian anu dirampog, atawa dirogahala. Harita mah ngarampog téh disebutna “gedor”. Ari anu sok jadi sasaranana, mun lain toko, biasana mah gedong ondernimeng, nu tadina dicicingan ku urang Inggris atawa Walanda.
Sakali mangsa, sabubuhan jalma keur ngarampog toko, kaperego pisan ku kuring. Tangtu baé kuring henteu cicingeun, kapan miara kaamanan jeung katartiban masarakat téh tanggung jawab pamongpraja. Harita kénéh kuring buru-buru ngabekaskeun péstol. Abrulan jalma anu keur ngagedor téh ngadadak buriak terus kalabur.
Ana pék dipikir deui, bet jadi reuwas kareureuhnakeun. Kumaha tadi téh mun maranéhna jadi ngoroyok kuring, boa teuing kuring ogé bakal bobor karahayuan. Kapan itu téh jumlahna sakitu lobana. Ngan untungna maranéhna sieuneun kénéh ku péstol hiji.
Ka béh dieunakeun kuring meunang béja, cenah dina jaman harita téh loba patugas pamongpraja anu ditandasa, di daérah séjén mah. Babaturan sakola kuring di MOSVIA ogé, Ibrahim Sastranegara, aya nu mergasa di daérah Cicurug, Kabupatén Sukabumi, waktu manéhna keur ngajalankeun tugas.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Bar





































Comments