Kolom Sosial Politik

Pro-Kontra Carita Soeharto

0

 

Ku: Ridhazia

SOEHARTO  téh lain kakara ayeuna waé asup kana daptar anu diusulkeun pikeun jadi Pahlawan Nasional. Ti leuwih ti sapuluh taun ka tukang, nya éta ti taun 2010, usulan pikeun présidén kadua RI éta geus sababaraha kali mucunghul.

Cindekna mah, batu panghalangna téh Tap MPR Nomor XI Taun 1998 ngeunaan Penyelenggaraan Nagara anu Bersih jeung Bébas tina KKN.

Tapi dina taun 2024, éta hahalang geus ditiiskeun. Ngaran pangawasa Orde Baru éta dicabut sabab panyebutan “mantan présidén” geus dianggap teu relevan deui disebat dina TAP, lantaran anjeunna geus pupus.

Diusulkeun

Ku alesan éta ogé, ngaran Soeharto balik deui diasupkeun kana daptar calon Pahlawan Nasional 2025 anu digagas ku pamaréntahan Prabowo, sabab dianggap geus nyumponan sarat.

Sahenteuna, Soeharto — kalayan tetep nengetan prinsip praduga teu salah jeung hak-hak asasi manusa — salila mangsa kakawasaanana ti taun 1967 nepi ka 1998 dianggap jadi tokoh anu boga jasa gede ngarobah nagri ieu kalayan sagudang prestasi.

Banalitas Kajahatan

Tapi usulan pikeun masihan status kapahlawanan ka jénderal béntang  lima éta lain hal anu tanpa pro-kontra.

Pangawasa Orde Baru salila leuwih ti tilu dasawarsa éta malah dianggap cacad pikeun dijadikeun pahlawan.

Régim Soeharto jeung kronina dianggap geus ngawangun sistem anu nempatkeun kakawasaan di luhur hukum, kabeungharan di luhur kaadilan, jeung stabilitas di luhur kabébasan.

Mere  gelar pahlawan nasional ka Soeharto ogé bakal jadi wangun tina “banalitas kajahatan” anu nyieun panindesan jadi hal anu dianggap lumrah.

Sajaba ti éta, ogé ngajadikeun kakawasaan otoriter salaku hal anu bisa ditarima, komo jadi hal anu dirayakeun. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.