Kolom Sosial Politik

Wanoja “Burnout”

0

Ku: Ridhazia

DINA  kahirupan rumah tangga di Indonesia, ibu téh mangrupakeun sosok anu boga loba peran (multitasking). Kagiatan sapopoe na téh padet pisan, siga teu aya reureuhna.

Ku sabab kitu, waktu 24 jam karasa pondok. Bari manéhna mindeng mopohokeun kana kabutuhan dirina sorangan di tengah kasibukan pikeun ngaladénan kulawarga tanpa eureun.

Burnout

Kumaha carana “super woman” éta ngajalani hirup? Sababaraha panalungtikan psikologi ngabuktikeun yén 46% awéwé Indonesia ngalaman kacapean émosional (burnout).

Sedengkeun sumber tekanan panggedéna anu dirasakeun ku awéwé anu geus boga salaki téh di antarana lantaran kurang dihargaan jeung henteu meunang apresiasi ti salakina. Sabagian deui lantaran tekanan ti kulawarga, kaasup ti mertua.

Sakabéh faktor éta ngabentuk bunderan tekanan anu tumpang tindih. Akibatna, awéwé Indonesia sering dibayang-bayangi ku rasa salah. Malah aya anu nepi ka ngarasa dirina henteu sampurna.

Tercerabut

Dina tungtungna, manéhna siga-siga kapiceun tina akar sosialna minangka manusa anu ogé butuh diperhatikeun, diladénan, jeung dipikanyaah. Teu iwal nalika manéhna ogé ngalakonan pendidikan, janten pribadi profesional, jeung digawé pikeun ngaktualisasikeun dirina.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.