Kolom Sosial Politik

Saratus Juta Per Bulan! Ngocor Ti Istana Ka DPR

0

Ku: Ridhazia

KETUA  DPR Puan Maharani ngabantah isu kanaékan gaji anggota DPR. Kitu deui Sekjen DPR.

Tapi kanyataanana, panghasilan para wakil rakyat téh tetep gede. Sahenteuna, unggal anggota DPR bisa mawa mulang duit Rp100 juta per bulan ka imahna masing-masing.

Diterangkeun, angka éta saluyu jeung SE Setjen DPR RI No. KU.00/9414/DPR RI/XII/2010 ngeunaan gaji pokok anggota jeung pamingpin DPR anu ngacu kana PP No. 75 Taun 2000.

Dina aturan PP jeung SE éta, gaji pokok anggota DPR mah ukur kisaran Rp4–5 juta per bulan.

Seratus Juta!

Tapi jumlah duit anu sabenerna narima ku anggota DPR mah tetep leuwih ti Rp100 juta per bulan. Lantaran ditambah ku tunjangan belasan juta, ditambah deui ku duit pangganti “sewa” imah dinas anu ngahontal Rp 50 juta per bulan.

Nu teu kanyahoan ku publik, masih kénéh aya rupa-rupa duit séjén anu narima ku anggota DPR. Bisa wae aya duit sidang, duit perjalanan dinas, atawa konsesi séjén lamun maranéhna datang ka daerah pamilihna.

Fasilitas Mewah

Kanyamanan fasilitas para politisi ogé terus nambahan. Padahal ngan ukur “ngabakti” lima taun di Gedung Senayan, anggota DPR geus boga hak meunang pensiun nepi ka 75% tina gaji pokok.

Sajaba ti éta, anggota DPR ogé meunangkeun Tunjangan Hari Tua (THT) anu dibayar sakali, biasana sakitar Rp15 juta.

Berbanding Terbalik

ICW ngitung, duit pikeun wakil rakyat téh mangrupa pemborosan anggaran. Utamana pikeun tunjangan rumah anu ngahontal Rp1,74 triliun, kalayan asumsi Rp50 juta dikali 60 bulan sarta 580 anggota DPR anu keur ngajabat.

Padahal, pamaréntah Presiden Prabowo ayeuna mah ngaku keur ngalakukeun efisiensi anggaran. Tojaiah pisan, lain?*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurmalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.