Napak Tilas

Peran Urang Sunda Dina Proklamasi Kamerdekaan

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (21/8/2025). Prokkamasi kamerdékaan, 17 Agustus 1945. Mun nyaritakeun éta peristiwa, kesanna téh wawakil ti sélér Sunda mah asa teu kasabit-sabit. Maksud téh dina detik-detik proklamasi diumumkeun, di Jalan Pegangsaan Timur 56, Jakarta.  Anu sok kabaca téh ngaran sawatara tokoh ti sélér séjén, nyaéta  wawakil ti sélér bangsa Jawa, ditambah jeung nu asalna ti Sumatra.

Keun, ari Soekarno jeung Mohammad Hatta mah da mémang aya tinulis dina téks proklamasi, éta mah geus pasti oténtik dokumén primérna. Tokoh lianna anu aya dina catetan sajarah téh nyaéta Ahmad Subardjo, Fatmawati, Soekarni, Sayuti Melik, Latif Hendraningrat, jeung Laksamana Maeda.

Padahal, dina éta peristiwa téh saenyana aya wawakil ti sélér Sunda. Urang sebut waé Iwa Kusuma Sumantri (dina téks asli mah ditulisna Iwa Koesoemasoemantri). Malah saenyana di sisi séjén mah leuwih istiméwa, sabab teu lila ti satutasna proklamasi téh Iwa mah langsung nyieun buku nu eusina patali jeung éta peristiwa, judulna Sejarah Revolusi Indonesia, kabéhna tilu jilid. Iwa mah nyieun dokumén anu ngagambarkeun tangtungan inteléktualitasna. Jadi aya tititinggalna anu bisa dibaca ku urang ayeuna.

Iwa téh kaasup saksi sajarah anu engeuh kana pentingna nyieun dokuméntasi, keur mah deuih anjeunna téh inteléktual (lulusan paguron luhur di Nagri Walanda). Tangtu waé anu ditulis ku Iwa mah lain dumasar kana béja, tapi kaalaman ku pribadi. Ngan jigana catetan sajarah sabudeureun proklamasi anu disusun ku Iwa téh kurang dipikawanoh, da apan anu remen dibaca ku urang-urang mah umumna buku sajarah anu teu mustahil dina nyusunna loba muatan kapentingan pulitik.

Ieu putra Sunda kalahiran Ciamis, 31 Mei 1899 anu ancrub kana pergerakan téh nuturkeun pisan kumaha gékgékanana proklamasi, ti mimiti tatahar pikeun ngarumuskeun dasar nagara tepi ka prungna ngumumkeun kamerdékaan. Iwa nyaksian langsung, waktu Bung Karno maca téks proklamasi hareupeun mikropun.

Anu kasaksén ku urang ayeuna mah, lamun nyaksian miéling proklamasi kamerdékaan nyaéta gebyarna. Malah anu karasa pisan téh lebah ngareuah-reuahna, lumangsung di saban RW, atawa copélna tingkat kalurahan, ti mimiti balap kurupuk tepi ka pagelaran drama perjuangan.

Padahal, éta peristiwa 80 taun ka tukang téh, saenyana lumangsung kalawan basajan pisan. Heueuh, da harita mah mémang kitu alamna. Ulah disawang ku jaman ayeuna anu geus sarwa modéren, utamana dina pakakas komunikasi.

Kitu deui lebah aweuhanana, tong disawang parat ka satungkebing wewengkon Nusantara, da alam harita mah pakakas komunikasina ogé walurat kénéh. Cindekna, tacan sakabéh rayat Indonésia apaleun yén dina poé Jumaah, 17 Agustus 1945 téh urang mimiti boga nagara anu merdéka. Cacak nu mangkuk sabudeureun Jakarta gé tacan tangtu kabéh apaleun.

Tah, ngeunaan hal ieu, ku Iwa mah ditulis jéntré, kumaha kaayaan dina jaman harita. “Di beberapa daerah, berita proklamasi yang disiarkan melalui radio morsecast itu menimbulkan berbagai keadaan.”

Saterusna Iwa nambahan katerangan dina bukuna, “… di kota-kota dan daerah-daerah kepulauan Indonesia lain yang pada waktu itu masih dikuasai oleh balatentara pendudukan Jepang, seperti di Sumatera dan kepulauan Indonesia lainnya, kabar proklamasi itu belumlah tersiar.”

Mimiti walatra sumebar téh sanggeus nincak pertengahan Septémber 1945. Jadi, aya kana sabulanna kasidemna ogé. Dulur urang anu teu kahontal ku alat komunikasi (média massa) mah teu langsung arapaleun yén Republik Indonesia geus ngadeg.

Béda jeung di Bandung, beurangna proklamasi, peutingna geus diumumkeun dina radio. Ari nu mawa béjana nyaéta Mashudi anu kabeneran dina poé harita téh keur aya di Jakarta. Langsung waé mulang ka Bandung, terus ngumpulkeun babaturanana. Mashudi kungsi jeneng Gupernur Jawa Barat taun 1960-1970.

Proklamasi kamerdékaan RI téh lain peristiwa anu ujug-ujug, da dikasang-tukangan heula ku peristiwa sahareulaeunana, ti mimiti BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia) tepi ka PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia) . Konsép dasar nagara jeung pamaréntahan dipadungdengkeunana dina rapat PPKI, anu anggotana para tokoh nasional, jumlahna 27 jalma. Tina jumlah sakitu, tilu di antarana urang Sunda (Oto Iskandar di Nata, Wiranatakusumah, jeung Iwa Kusuma Sumantri).

Éta minangka sérahna urang Sunda harita anu icikibung dina nataharkeun konsép pamaréntahan mun nagara Indonésia geus merdéka. Oto Iskandar di Nata bisa dianggap wawakil ti kalangan politisi duméh jeneng Ketua Paguyuban Pasundan jeung jadi anggota Volksraad atawa Dewan Rayat (mun ayeuna mah DPR-RI). Wiranatakusumah anu popilérna disebut Dalem Haji minangka wawakil ti kalangan birokrat. Ari Iwa Kusuma Sumantri posisina leuwih beurat kana inteléktual.

Atuh saméméh asup ka jaman pendudukan Jepang, ti taun 1942, saenyana gagasan Indonésia merdéka téh di antarana geus remen diapungkeun ku Oto Iskandar di Nata dina sidang-sidang Volksraad. Keur ukuran jaman harita mah, taun 1930-an, anu disoarakeun ku Oto téh tacan dianggap ilahar. Mana komo apan Oto nyaritana dina hiji forum lembaga jieunan pamaréntah kolonial. Bari teuneung ludeung tur panceg dina kayakinan, Oto ngasongkeun pilihan ka pamaréntah Hindia Walanda: naha mending nyingkah sorangan atawa diusir?

Tangtu ku urang ayeuna kasawang, wawakil ti bangsa nu keur dijajah bet ludeung nyarita kitu ka pihak pamaréntah anu ngajajahna. Butuh kawani anu lineuwih, tur moal nyampak dina diri jalma anu ilaharna disebut hayam sayur. Éta pangna, Oto Iskandar di Nata mun dipapandékeun kana hayam adu mah asupna kana kolom anu tanggoh. Anu matak dibéré jujuluk Si Jalak Harupat.

Ceuk sakaol, anu méré éta jujuluk téh nyaéta Wirasenjaya, salah saurang tokoh Paguyuban Pasundan ti Tasikmalaya. Ari nu jadi kasang tukangna lantaran kaludeungna téa.

Oto Iskandar di Nata téh pahlawan nasional anu gedé jasana ka nagara RI, hususna dina waktu nyusun konsép pamaréntahan tug tepi ka proklamasi. Dilahirkeunana di wewengkon Bojongsoang, Bandung, 31 Maret 1897. Profésina jadi guru, terus acrub dina dunya pergerakan, sanggeusna aktif di organisasi Paguyuban Pasundan. Waktu Oto keur jadi ketua, anu jadi sekretarisna nyaéta Ir. Juanda.

Ieu cutatan tina sabagian pidato Oto di Volksraad harita, tepi ka ahirna meunang jujuluk Si Jalak Harupat:

Heel  anders zou dit alles zijn, indien wik als vrienden of als apvoeder en pupil van elkaar gingen. In dit geval zouden wij als dankbare pupillen zeker niets liever willen dan onze connecties met Nederland voortzetten, maar niet in een verhouding als tusschen een overheerscher en een overheerschte, doch als twee bervriende gelijkwaardige onafhankelijke natien.

Het verkrijgen der onafhankelijkheid met of zonder geweld is, zooals gezegd, niet weinig afhankelijk van de houding van de Hollanders zelf. Maar ik vertrouw, Mijnheer de Voorzitter, da Uw volk, dat bekend staat als een nuchter volk, zal weten te kiezen tusschen deze twee mogelijkheden: zich terugtrekken of verjaagd worden.

Summa summarum is de wijze hoe de vrijheid verkregen zal worden een zaak van later zorg.”

Cutatan bieu téh meunang nyatet Moh. Kurdi, wartawan surat kabar Sipatahunan anu harita keur ngaliput sidang Volksraad. Lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah kurang leuwih kieu:

“Sabalikna, lamun papisahna Walanda jeung Indonésia téh sakumaha papisahna guru jeung muridna, tangtu bangsa kuring bakal narima, jeung tangtu deuih bangsa kuring bakal narékahan sangkan hubungan jadi manjang. Henteu sakumaha kawas papisahna antara bangsa nu ngajajah jeung nu dijajah, tapi bakal kawas dua nagara nu sosobatan anu satata kadudukanana.

Nya ku sabab éta, cundukna kamerdékaan Indonésia, naha éta mah rék cara dipaksa atawa lain, hal éta téh gumantung kana sikep bangsa Walanda sorangan. Tapina, kuring percaya, Tuan Ketua, bangsa anjeun cukup engeuh. Tangtuna ogé moal pihéseun mun kudu nyokot hiji ti antara dua pilihan: nyingkah atawa diusir!

Pokona, kumaha carana nyangking kamerdékaan, éta mah urusan kuring engké!”

Sawatara poé satutas proklamasi 17 Agustus 1945, dina sidang PPKI, Oto ngusulkeun sangkan Soekarno dijenengkeun Presidén RI, ari Moh. Hatta jadi wakilna. Lian ti éta, Oto deuih anu ngusulkeun ayana “pekik merdéka” téh, minangka salam perjuangan bangsa Indonésia anu kakara lésot tina jajahan nagara deungeun.

Dina susunan kabinét munggaran, Oto dijenengkeun Menteri Negara. Ngan hanjakal teu kungsi satengah taun, satengah taun  acan ngalaman hirup dina jaman merdéka téh. Ari sababna mah, dina ahir taun 1945, Oto diculik ku pihak anu teu tanggung jawab, terus dipaténi di basisir Mauk, Tangerang. Tug tepi ka kiwari layonna teu kungsi kapanggih deui.

Oto jadi “tumbal révolusi” sabadana proklamasi.*

            * H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novlis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas