Napak Tilas

0
Jenderal Besar TNI Soedirman (Foto: SundaNews/Kompaspedia)

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (12/8/2025). Tanggal 15 Oktober 1945 lumangsung rapat kabinét, dipingpin ku Wakil Presidén Moh. Hatta, tempatna di Jalan PegangsaanTimur 56, kira-kira dimimitian ti tabuh lima. Acara poko rapat nyaéta ngabentuk tentara. Didi Kartasasmita kaasup anu diondang pikeun hadir. Salian ti Didi, opsir KNIL manten anu hadir téh nyaéta Oerip Soemohardjo, Soedibio, jeung Samidjo. Aya deuih wawakil ti kelompok PETA (Pembela Tanah Air), nyaéta drg. Sutjipto.

Naon pangna Presidén Soerkarno teu ngahadiran éta rapat kabinét, Didi teu apaleun anu jadi alesanana. Ngan ka dieunakeun Didi ngadéngé béja yén dina tanggal 5 Oktober, Presidén ngaluarkeun maklumat anu eusina: “Untuk memperkuat perasaan keamanan umum, maka diadakan satu Tentara Keamanan Rakyat.” Isukna disusul ku maklumat kadua: “Sebagai Menteri Keamanan Rakyat diangkat Soeprijadi.”

Minangka tambahna béja, pangna Presidén Soekarno ngaluarkeun éta maklumat téh sabab ditepungan ku dua tokoh PETA, nyaéta Arifin jeung Kafrawi. Dina tanggal 5 jeung 6 Oktober1945, saenyana nu disebut tentara téh tacan aya, apanan rapat pikeun ngabentukna ogé karék dilaksanakeun sapuluh poé ti harita.

Ngeunaan hal éta, Didi nulis kieu:“Kami para mantan opsir KNIL tidak mempermasalahkan Maklumat Pemerintah yang dikeluarkan tanggal 5 dan 6 Oktober tersebut. Hal itu adalah wewenang pemerintah, dalam hal ini Presidén Soekarno. Kita tahu, Soekarno seorang politikus. Mungkin keluarnya kedua maklumat itu hanya berdasarkan perhitungan politis saja. Selain itu, saya pun dapat memahami bahwa dalam revolusi, segala keputusan mesti diambil serba cepat. Dalam pembentukan tentara, justru adanya kedua maklumat itu saya anggap menguntungkan. Pekerjaan kami jadi lebih ringan. Sebab, dengan keluarnya keputusan Presiden Soekarno yang didasarkan kepada ‘desakan’ Arifin dan Kadrawi, teman-teman mantan anggota PETA tentu akan merasa gembira. Saya tahu, jumlah anggota mantan PETA lebib banyak ketimbang mantan KNIL. Dengan sendirinya hal itu akan memudahkan usaha konsolidasi pengorganisasian tentara. Begitulah menurut perhitungan saya.”

Sanggeus rapat pikeun ngabentuk tentara réngsé, éta opat perwira KNIL manten téh dibéré tugas ku pamaréntah pikeun nyusun organisasina. Oerip dibarengan ku Soedibio jeung Samidjo dibéré pancén nyusun tentara di Jawa Tengah. Ari Didi mah tugasna di wewengkon Jawa Barat.Tanggal 19 Oktober, Didi indit ka Bandung. Ti dinya beng deui ka Tasikmalaya, dibaturan ku dua mahasiswa minangka ajudan, nyaéta Suprata Surjanataatmadja jeung Fredy Pangemanan. RTA Soenarja anu harita jeneng bupati di Tasikmalaya méré nginjeum tempat ka Didi pikeun kantor, di Jalan Manonjaya, teu jauh ti pendopo kabupatén.

Didi ngumpulkeun para komandan BKR anu sumebar di Jawa Barat. Anu harita datang ka Tasik téh di antarana Daan Jahja jeung Singgih ti Tangerang, Arudji Kartawinata ti Bandung, Asikin Joedakoesoemah ti Cirebon,Kiyai Haji Sam’un ti Banten, jeung Husein Sastranegara ti Sukabumi. Dina kanyataanana, BKR téh leuwih ti heula aya batan tentara, jeung masing-masing geus nyarekel senjata deuih. “Saya meletakkan faham tentang pentingnya satu pimpinan di satu daerah, serta tentang pentingnya disiplin militer,” ceuk Didi.

Lantaran kasang tukang militérna hasil didikan Walanda, dina nyusun organisasi tentara téh Didi loba néplak ka KNIL. Dina prakna téh mémang aya anu rada hésé nerapkeun, sabab kakuatan pasukan di saban daérah, hususna dina persenjataan, teu walatra. Markas Besar Tentara (MBT) diadegkeun di Yogya, langsung dipingpin ku Oerip Soemohardjo. Pikeun tugas operasional, di daérah dibentuk divisi. Lian ti éta, dibentuk deuih komandemén anu tugasna nyambungkeun MBT jeung divisi. Jadi tugas komendemén mah leuwih gedé dina urusan koordinasi jeung administrasi, henteu langsung nyekel pasukan.

Di sahandapeun divisi aya anu disebut resimén. “Untuk pembentukan TKR di wilayah Jawa Barat, Pemerintah Pusat memberikan uang kepada saya sebanyak 56 juta rupiah (uang Jepang). Uang itu dibawa dari Jakarta dengan kereta api khusus. Semuanya entah tersimpan dalam berapa gerbong. Kemudian satu gerbongdi antaranya di tinggalkan di Tasikmalaya, yaitu yang berisikan uang untuk pembentukan TKR di Jawa Barat. Sedangkan gerbong-gerbong lainnya terus menuju Yogyakarta. Uang yang kami terima itu tersimpan dalam peti-peti. Satu peti berisi satu juta rupiah. Lalu saya membagi-bagikannya kepada setiap komandan BKR dan komandan kelaskaran lainnya. Besarnya uang yang mereka terima tidak sama. Hal itu tergantung kepada keadaan daerah yang mereka tempati, serta perhitungan kebutuhan pasukan. Yang masih saya ingat, komandan yang memimpin pasukan di daerah terpencil mendapat jatah lebih besar ketimbang mereka yang berdiam di kota.”

Komandemén Jawa Barat dipingpin ku Didi, kalawan geus dibéré pangkat Jenderal Mayor. Di Jawa Tengah dipingpin ku Soeratman, jeung di Jawa Timur ku Soedibio. Ngan waé komandemén di Jateng jeung di Jatim mah teu bisa ngalaksanakeun fungsina. Béda jeung di Jawa Barat anu aya hasil gawéna. Markas Komandemén Jawa Barat tempatna di Purwakarta.

“Pengambilan keputusan tentang lokasi itu didasarkan kepada perhitungan teknis militer. Markas komandemen mesti dekat ke Pemerintah Pusat yang berada di Jakarta. Jarak dari Purwakarta ke Jakarta tidak begitu jauh, ada hubungan kereta api, jalan biasa, hubungan telepon, dan hubungan telegraf.”

Di Jawa Barat dibentuk tilu divisi, nyaéta di Bandung (dipingpin ku Arudji Kartawinata, terus diganti ku AH Nasution), di Cirebon (dipingpin ku Asikin Joedakoesoemah), jeung di Banten (dipingpin ku KH Sam’un). Dina mangsa saterusna, tina tilu divisi di Jawa Barat téh dilebur jadi hiji, nyaéta jadi Divisi Bandung, anu saterusna dibéré ngaran Divisi Siliwangi. Ari lembaga komandemén, lantaran dianggap kurang éféktif nya ahirna dibubarkeun. Didi ditarik ka markas besar di Yogyakarta. Éta pangna dina jaman agrési militér téh Didi mah geus teu matuh di Jawa Barat.

Dina taun 1945 tacan aya aturan ngeunaan pangangkatan komandan kesatuan, boh di divisi boh di resimén. Kitu deui saha-sahana anu boga wewenang méré pangkat. Pikeun nangtukeun pangkat kaptén ka handap, biasana jadi wewenang komandan kesatuan anu pangkatna leuwih luhur. Ari Didi dibéré pangkatna téh ku MBT di Yogyakarta. Jaman harita mah boh divisi boh resimén tacan boga ngaran husus. Sesebutanana sok dipatalikeun jeung ngaran daérah, upamana Divisi Bandung atawa Resimén Cikampék.

“Semula kami akan mendirikan Divisi Jakarta, namun karena kekuatan bersenjata kita diharuskan keluar dari Jakarta atas permintaan Sekutu, maka rencana itu dibatalkan. TKR di kota Jakarta sebagian pindah ke Tangerang, dan sebagian lagi ke Cikampék.”

Resimen anu dibentuk dina jaman harita nyaéta di Tangerang, Cikampék, Banten, Bogor, Sukabumi, Purwakarta, Cirebon, Bandung, Padalarang, Garut, Tasikmalaya, Jatiwangi, jeung Sumedang. Di sahandapeun resimén aya batalyon. Ari di sahandapeun batalyon aya anu disebut kompi. Anggota anu aya di saban kesatuan téh teu sarua. Mana komo dina widang persenjataanana mah. Aya pasukan anu bisa disebutkeun rempeg tur baroga bedil, jeung aya anu henteu kitu deuih. Kitu deui dina lebah baju seragamna gé rupa-rupa. Aya anu maké seragam urut tentara Jepang, aya anu urut KNIL, jeung ari kalolobanana mah teu maraké baju seragam.

Najan geus dibentuk TKR, tapi harita mah badan-badan kalaskaran anu geus leuwih ti heula dibentuk teu otomatis terus dibubarkeun. Jadi, anu nyarekel senjata téh lain tentara wungkul, tapi deuih para pajuang lianna anu ngagabung dina pasukan laskar. Ari anu disebut pasukan laskar téh réa rupana, tur kasang tukangna ogé béda-béda. Aya anu disebut Pesindo, Hisbulloh, Barisan Banteng, jeung nu séjénna. Tangtu waé hésé dina nyieun garis komando, sabab masing-masing pasukan ngarasa boga kakuatan. Didi salaku pamingpin di tingkat komandemén teu bisa langsung nyieun tindakan. Keur mah deuih dina taun 1945 ukur disebutkeun katangtuan yén bisa waé pasukan laskar ngagabung ka TKR. Cindekna, henteu wajib.

Ayana aturan anu jinek téh karék sawatara taun ti harita, pikeun nandeskeun yén sakabéh pasukan anu nyarekel senjata jeung ancrub dina perjuangan revolusi kudu ngagabung dina hiji wadah resmi anu disebut tentara. Sesebutan TKR kungsi robah jadi Tentara Republik Indonesia (TRI), terus jadi Tentara Nasional Indonésia (TNI).

Ngeunaan sumber panghasilan tentara, Didi ngadadarkeun pangalaman pribadina: “Sebagai Komandan Komandemen, saya mendapat gaji sebesar 500 rupiah, terhitung sejak 1 Desember 1945. Saya sudah tidak ingat lagi, apakah gaji tersebut dapat saya terima dengan lancar atau tidak. Yang jelas, pada saat itu seluruh anggota TKR (atau kalaupun ada kekecualian, hanya sebagian kecil) tidak memikirkan soal pendapatan. Ada yang oleh semuanya dianggap lebih penting, yaitu mempertahankan kemerdekaan. Asal bisa makan seadanya serta ada tempat berteduh, maka cukuplah. Waktu itu suasananya memang demikian. Jadi, lumrah saja kita hidup apa adanya.” (tamat)

       * H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas