Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (29/7/2025). Masarakat urang mimiti wawuh kana buku téh ti sanggeusna aya téknologi percitakan. Apan ari saméméhna mah nu sok dibaraca téh naskah. Kitu deui teu kabéh jalma bisa maca. Anu disebut naskah, apan éta mah ditulis langsung. Jaman béh ditu pisan, ditulisna dina lontar, atawa kulit sasatoan nu geus digaringkeun. Ka dieunakeun, aya nu disebut keretas tina bahan kulit saéh. Terus aya jaman mimiti asupna daluang, laju nyambung kana jaman keretas kawas ayeuna. Ari bahan pikeun nyieunna mah rupa-rupa, ti mimiti jarami tepi ka awi atawa kai.
Naskah Sunda téh kalolobaanana ngagunakeun aksara Arab pégon. Pikeun kaperluan nyebarkeunana, ilaharna naskah téh sok disalin. Tangtu waé moal loba beubeunanganana ogé. Aya kalana hasil salinan téh disalin deui, da bisa jadi naskah aslina mah geus ruksak.
Ku wawuhna kana téknologi percitakan, naskah téh terus dicitak dijieun buku. Umumna buku hasil nyitak mah geus ngagunakeun aksara Latén. Disebut umumna sotéh duméh aya buku anu ditulisna ku aksara Jawa, sok disebut cacarakan ha-na-cara-ka.
Buku anu sumebar di masarakat dina awal abad ka-20 aya nu dijieunna ku percitakan partikulir (swasta). Tapi kalolobaanana mah wedalan Balé Pustaka, pamedal anu diadegkeun ku pamaréntah kolonial Walanda. Ti awal taun 1900-an, buku dina basa Sunda geus mimiti loba nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka. Teu ngan sawates buku bacaan fiksi (sastra), tapi deuih pedaran paélmuan jeung buku-buku pangajaran.
Anu ngarang, nulis, atawa nyusun naskah pikeun diterbitkeun jadi buku téh henteu babari, jaba umumna mah waktuna gé lila. Maksudna téh, ti mimiti masrahkeun naskah ka pamedal (penerbit), tepi ka jadi buku anu siap diédarkeun. Butuh waktu kadang-kadang taunan. Kajaba mun urang boga pamedal sorangan, komo mun seug bari sakalian boga mesin citakna.
Éta pangna, buku anu medal dina saban taun téh kawatesanan, da kudu ngantri téa. Komo mun anu medalkeunana geus boga ngaran, kawas Balé Pustaka misalna. Nya ku sabab éta anu narulis téh umumna mah ngan semet jadi naskah, boh anu digudrud boh anu geus ngagunakeun mesin tik.
Baréto, anu karandapan dina taun 1960-an nyambung 1970-an, sok rajeun aya (mun teu disebut loba ogé) anu resep tulas-tulis atawa kurung-karang. Nya ukur bacaeun sasoranganeun waé, atawa dina rada ngencarna gé ukur dibaca ku dulur jeung kulawarga katut kawawuhan. Sok aya nu dialus-alus nulisna gé, sarta maké ilustrasi.
Ka dieunakeun, sanggeus usum fotokopi, karangan anu kitu pandéna téh sok difotokopi, jadi sawatara éksemplar. Sarua ieu gé sumebarna téh ngan sawates dina lingkungan heureut. Geus kajudi, juan-jieun nu kawas kitu téh udaganana lain aspék komersial, da ngan ukur reresepan. Hanas engkéna tina karangan kawas kitu téh aya nu bisaeun meuntas ka média, nya mungkin waé, tur anu nulisna jadi pangarang enyaan. Tapina ari kalolobaanana mah ukur nyieun karangan sawates reresepan hungkul, da engkéna gé sok leungit sorangan, komo mun geus katungkulkeun ku gawé atawa rumah tangga mah.
Ayeuna, sanggeus téknologi ngagandakeun téks/naskah beuki maju, karangan anu kawas kitu téh dipidangkeunana dina wangun buku—urang sebut wé buku macakal jieunan pribadi nu ngarangna. Ari wangun fisikna mah teu béda jauh ti buku komersial anu dicitak ku penerbit. Anu ngabédakeunana mah dina aspék manajerial katut udagan komersialna.
Dina taun 1960-an ogé, malah cenah geus aya ti taun 1930-an, pangarang anu macakal nyieun buku sorangan téh geus aya, najan dina émprona mah jieunan maranéhanana téh sok aya nu nganggap buku picisan. Maksudna, dianggap teu miboga ajén sastra, sanajan bisa jadi anu resepeunana mah loba.
Mangsana usum médsos, karangan anu kitu pandéna mah loba anu diposting. Ambahan nyebarna gé leuwih lega. Bisa jadi loba anu macana, jeung loba anu mairanana deuih (leupas tina eusi pairanana kumaha waé). Dina kabuktianana mah teu cukup ku semet diposting, da angger sok aya nu boga udagan hayang medal jadi buku. Ana geus ngawujud jadi buku (aya nu midangkeun karya macakal sasoranganeun, aya anu réréongan, aya anu dipasanggirikeun heula), nya ari engkéna mah terus disebarkeun, najan mungkin waé daya sebarna heureut. Tina kumpulan téks/naskah tepi ka jadi buku téh, ilaharna prosésna basajan, dina harti teu ngagunakeun unsur manajerial anu profésional.
Medalkeun karya dina wangun buku ku cara macakal, bisa jadi aya anu udaganana ukur nuturkeun karesep, ngamalirkeun minat anu diébréhkeun dina hasil kréativitas, atawa lantaran boga udagan jadi sumber kahirupan, najan mungkin ngan sakadar tepi kana tahap ngabanjel-banjel. Teu mustahil deuih hayang boga buku téh duméh patali jeung pasaratan naék pangkat. Nu kitu mah biasana pagawé nagri, misalna guru. Sah-sah waé. Malah, cenah, bakat ku wajib-wajibna, ayeuna mah sok aya anu ngahaja “meuli” naskah, terus dijieun buku, maké ngaran nu meulina.
Tina nu kungsi katiténan, kaitung loba ayeuna nu medalkeun buku ku cara kawas kitu téh, kaasup anu ditulisna dina basa Sunda. Tangtu waé eusina gé rupa-rupa, boh dina milih-milih jenis karanganana, boh dina kualitasna. Kitu deui aya anu bisana medal jadi buku téh sanggeus ngaliwatan heula pasanggiri, najan katangenna mah asa tacan pati jelas naon anu dipaké kritériana. Jadi kaharti mun eusina dianggap sarosopan gé, aya anu ukur jajar pasar, aya anu rada nenggang, jeung aya nu teu jajar pasar, jajar pasar acan.
Heueuh ngan nya kitu téa, dina kondisi kawas kitu téh sok aya waé nu bangunna mah hayang untung tina énténg, sakumaha anu rajeun dipedar dina FB. Aya anu nanawarkeun jasa bisa mantuan medalkeun buku bari ménta waragadna heula tapi terus kaclep, aya anu kitu petana téh ngaliwatan heula kagiatan bangsaning sumunar-seminar atawa pulutahan-pelatihan, jeung rupa-rupa cara séjénna. Tapina tangtu teu bisa digitik rata yén kitu kabéh, da aya éta gé nu nawarkeun jasa téh teu méncog tina jangjina, atawa rupa-rupa kagiatan anu puguh hasilna. Éta mah nya kari bisa milih-milihna baé.
Mun téa mah buku kawas kitu aya anu terus didagangkeun, nya aya anu payu, aya nu henteu. Éta cenah payu sotéh ku sabab faktor karunya ka pangarangna, atawa duméh katalian sobat, atawa mémang butuh ku eusina da dianggap alus, éta mah sa deui dongéngna. Jeung éta gé sah-sah waé deuih.
Ngan anu sidik, tarékah nyebarkeun buku di masarakat jadi nambahan ngaliwatan rupa-rupa cara. Masarakat di dieu téh bisa dina harti komunitas, atawa bisa waé masarakat dina harti lega anu hétérogin. Kaayaan kawas kitu, tangtu aya alusna, aya goréngna. Éta mah kari rék ti lebah mana disawangna. Bisa waé hal éta téh dianggap positif, sabab sacara kuantitas buku anu nyebar di masarakat jadi nambahan, leupas tina kualitas eusina. Tapina bisa waé deuih kanyataan kawas kitu téh dianggap ukur ngabalaan jeung ngiruhan.
Rék dianggap positif rék dianggap négatif, jeung kumaha dina pabeurat-beurat beusina, anu bieu digambarkeun saliwat téh mémang hiji kanyataan. Ngan tangtuna ogé, kumaha carana arurang nyusun konsép strategi pamekaran kabudayaan dipatalikeun jeung éta kanyataan. Tangtu waé lain sanghareupaneun méméh sasarap pagawéan kitu mah, da mikabutuh pamikiran anu komprehénsif. Ngan untungna téh urang geus boga rupa-rupa lembaga anu matéahkeun hirup-huripna basa jeung sastra Sunda, najan duka geus tepi ka mana ari hasil gawéna mah. Heueuh, sugan wé aya nu daék ngaléngkah kana ambahan éta.*
*Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments