Saba Budaya Baduy (Bagian 2)
Ku: Rohaendi
SundaNews (10/7/2025). Pakasaban urang Baduy nyaéta tani. Ngan ti saprak ditetepkan jadi kawasan wisata budaya taun 1990, maranéhna jadi boga pakasaban anayar nyaéta dagang hasil bumi (nu dimeunangkeun ku adat), sarta karajinan tangan. Maranéhna ngarasa bagja tur sejahtra ku éta pakasaban téh. Tangtuna dina ukuran anu béda jeung masarakat di luar Baduy. Jaro pamaréntah nu dicangking ku Saija nyebutkeun, “Salila ieu, teu pernah aya wargana nu kalaparan jeung jadi galandangan dina harti teu boga imah.”
Dina pasualan sakola atawa pendidikan, masarakat adat Baduy mah teu dimeunangkeun sakola di gedongan (sakola formal). Tapi lain hartina taya kawajiban diajar. Pikeun maranéhna mah diajar téh kumaha carana sangkan apal kana ajén-inajén katut tingkah-paripolah sakumaha adat jeung budaya nu dipigawé ku kolotna. Masarakat diajar prak-prakan kahirupan jeung kahuripan téh langsung dilakukeun ku kolot ka anak-anakna. Budak lalaki ku bapana, ari budak awéwé ku indungna. Jadi biasa pisan pikeun urang Baduy mah di unggal aktivitasna téh ngilukeun budakna. Ari pangaweruh adat dibikeunna téh ku para kokolot pamangku adat ka wargana sacara langsung, ku cara ngilukeun warga dina unggal kagiatan adat. Tilu bulan sakali sok aya riungan, pikeun madungdengkeun pasualan adat, anu sabenerna mah kokolot ngiberan cara-cara jeung katangtuan dina nangtukeun bagbagan adat, boh itung-itungan boh kolénjer anu pakuat-pakaiit jeung uusuman pepelakan, pangobatan, atawa naon baé nu sipatna pakait jeung ajaran wiwitanana.
Anu kaungkab ku Sutoto dina panalungtikan “Dinamika Transformasi Belajar Suku Baduy” taun 2015, masarakat Baduy Luar geus loba nu milu sakola formal di lembaga-lembaga pendidikan nu aya di tapel wates tanah ulayat, sanajan bari susulumputan ti para pemangku adat. Ngan hal ieu téh horéng dirojong ku Kapala Désa Kanékés, nu cenah utamana mah pikeun nyiapkeun para pagawé désa nu kudu lancar tulas-tulis, utang itung, jeung jéntré dina ngajelaskeun rupa-rupa pasualan ka masarakat Baduy. Aya sababaraha lembaga pendidikan nu siswana ti kampung Baduy, di antarana SD Negeri 4 Hariang, SD Negeri 2 Bojongmenteng, PKBM Kencana Ungu, malah aya Madrasah Ibtidaiyah Masyarikul Muslim jeung MTS Alam Wiwitan nu aya di tanah ulayat, lokasina di Kampung Cicakal Girang (hiji-hijina kampung di wewengkon Kanékés nu pangeusina ngagem Islam).
Demi kagiatan wisata di Baduy saprak ditetepkeun henteu diurus ku lembaga husus. Wisata dianggap kagiatan biasa. Nu ngajagaan panto asup wewengkon atawa kawasan wisata ogé cukup ku ronda kampung, nu garduhna aya di tungtung kampung, jajalaneun ka kampungna. Malah ku Lembaga Adat Baduy mah kagiatan wisata téh dianggap euweuh. “Sabab euweuh dina adat, pikeun kami mah, nu daratang éta dianggap tamu baé nu kudu ditata jeung dijamu sakumaha mistina,” kitu ceuk Jaro Tangtu Sami ti Cibéo Baduy Jero.
Najan kitu, ku sabab mindeng aya pembinaan ti pamaréntah, ari buku tamu jeung aturan mah aya éta ogé. Hanjakalna, hukuman pikeun nu ngalanggarna, tara ieuh dilaksanakeun, cukup dititah balik buru-buru. Hal ieu nu ngalantarankeun urang Baduy loba dimangpaatkeun ku oknum-oknum dina situasi samodél éta. Loba pungli nu dilakukeun ku urang luar, boh ka tamu boh ka urang Baduyna. Deui-deui urang Baduy mah tumamprak baé kana éta kajadian téh, “Ja ceuk adat teu meunang boga masalah jeung deungdeungeun atur téa kapanan kami mah,” kitu ceuk sababara palaku wisata di Baduy.
Baduy jadi déstinasi wisata, mun nyindekel kana téori indigenous ecotourism, ceuk Zeppel (2007), nyaéta atraksi wisata nu basisna alam nu dipibanda ku kolompok suku adat, nu nampilkeun pangaweruh jeung prakték budaya adat nu patali jeung sarakanana.
Masarakat adat dina kamekaranana aya rambat kamaléna jeung ékowisata. Sakumaha ceuk Zeppel (2006), diantarana; 1) aya pakuat-pakait nu signifikan antara ekowisata jeung kamekaran masarakat adat, samodél ieu daerah téh minangka tempat nu paling henteu dikembangkeun sadunya. Biasana nu pangalamina jeung wewengkon masarakat adat (Salafsky et al., 2001, Fisher jeung Treg, 2007); wilayah adat biasana aya di daérah nu hara-hareun, jauh tina pangwangunan, sarta prakték tanah adat geus mertahankan kaanékaragaman hayati dina ekosistem nu murni (Zeppel, 2005); 2) ékowisata umumna sacara nyata pikeun mangaruhan hal anu positif, nyaétu ngajarkeun kabiasaan di dinya nu tujuanana ngajénan adat istiadat pribumi (Hinch, 1996).
Masarakat adat ngarasa, manéhna geus ngahiji jeung lemah caina ku cara némbongkeun kanyaho élmu alam atawa ekologis sacara tradisional; nyaéta pangaweruh, prakték jeung kapercayaan, kamekaran jeung prosés nu diturunkeun secara turun-temurun ku transmisi budaya, ngeunaan hubungan makhluk hirup nu hiji jeung lianna, ogé jeung lingkungan maranéhanana (Colding and Folka, 2000).
Nu jadi konci ti Zeppel, pikeun ngabuktikeun aya henteuna model indigenous ecotourism di Baduy téh ngagunakeun tujuh fitur jeung 18 indikator. Satutas diayakeun panalungtikan, kasimpulanan téh kieu:
Tina tujuh fitur indigenous ecotourism jeung 18 indikatorna, sacara umum mah bisa ditarima jeung diaku aya dina kagiatan wisata di wewengkon adat Baduy. Ukur aya dua indikator nu dianggap euweuh, sabab mémang euweuh suwa-séwa wewengkon, jeung pantrang pikeun nyadiakeun cinderamata nu mangrupa satwa-satwa jarah di Baduy mah. Ari fitur nu ngébréhkeun ragu-ragu ku sabab dina nguruskeun kagiatan wisatana tacan hadé atawa tacan optimal. Ceuk katerangan para pamangku kapentingan wisata Baduy, ieu model nyekrup pisan jeung kaayaan sarta kahayang para pamangku adat, tur dianggap modél wisata anu ngamulyakeun masarakat adat, salaku pribumi hiji déstinasi wisata budaya di Désa Kanékés.
Dumasar kana sawatara fitur jeung indikator nu dianggap euweuh atawa masih diragukeun dina kagiatan wisata di Baduy, kuring nyarankeun:
* Lembaga adat leuwih aktif nalingakeun atawa ngontrol kana kagiatan kapariwisataan di Baduy.
* Perlu aya aturan bagi kauntungan atawa hasil tina pariwisata nu karasa ku sakumna masarakat tur mangpaat pikeun miara alam jeung adat budaya Baduy.
* Perlu dijieun pangurus husus “Saba Budaya Baduy” nu diiluan ku para pamangku kapentingan, sangkan karasa mangpaat nu maksimal tina aktivitas wisata di wewengkon adat Baduy.
Sajaba ti éta, kuring ngarékomendasikeun ka :
* Pamaréntah jeung nu nyarieun pakét wisata ka Baduy supaya ngaganti istilah “Wisata Budaya Baduy” ku istilah “Saba Budaya Baduy” sakumaha kahayang pribumi urang Baduy, jeung ngabingbing para palaku wisata (SDM) pribumi, ogé kudu ngajénan adat nu aya di dinya.
* Pihak séjén anu aya karep nalungtik tahapan saterusna disarankeun sangkan nyieun rarancang cara/strategi dina matéahkeun model indigenous ecotourism pikeun masarakat adat Baduy. (réngsé)
*Rohendi, paniten pasualan bahasa, seni budaya, sastra Sunda jeung alam kahirupan kasundaan, nganjrek di Pandeglang, Provinsi Banten.






































Comments