Napak Tilas

Saba Budaya Baduy (Bagian 1)

0
Panulis jeung Ki Juru Basa Cibeo di Cijahe, Baduy, Banten (Foto:SundaNews/Rohendi)

 Ku: Rohaendi

SundaNews (9/7/2025). Masarakat adat Baduy nyaéta kumpulan warga anu nyicingan hiji tempat nu statusna tanah ulayat atawa tanah adat. Perenahna di Désa Kanékés, Kacamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Banten. Éta patempatan téh kaasup wewengkon pagunungan Kendeng nu alamna kajaga kénéh kaaslianana. Demi pola hirup sapopoéna, nepi ka kiwari, masih maké kénéh adat talari luluhurna, ti jaman baheula mula.

Masarakat Baduy téh dibagi jadi Baduy Tangtu (Baduy Jero), Baduy Panamping (Baduy Luar), jeung Baduy Dangka (warga Baduy nu cicing di luar tanah ulayat). Kabéh boga ciri séwang-séwangan, boh dina tumpa-tumpana kakuduan tukuh kana adat, boh kabiasaan sapopoéna. Tapi da kabéh ogé, dina garis badagna mah kudu tumut kana adat kabiasaan karuhunna, jeung nolak pipilueun kana modérnisasi. Ku hal éta, urang Baduy jadi nenggang ti masarakat lianna. Masarakat Baduy boga kayakinan yén maranéhna gelar  ka alam dunya téh  nyangga pancén  pikeun  ngajaga kaaslian lingkungan alam. Pikeun maranéhna mah  alam teu meunang dirobah, sakumaha pituduh  adat anu disebut  “pikukuh” ti jaman baheulana kénéh.

Ti saprak ditetepkeunn jadi  wewengkon Wisata Budaya dina taun 1990 ku Pamaréntah Daérah Kabupaten Lebak, Baduy geus loba parobahan dina kahirupan budaya masarakatna, pangpangna mah urang Baduy Panamping. Lian ti éta, alamna gé jadi robah ku ngalayahna runtah palastik. Hal ieu nimbulkeun kaguligah masarakat adat Baduy, nepi ka para pamangku adat nolak istilah “pariwisata”, jeung miharep pangunjung nu daratang ka Baduy téh ulah nyebut pelesiran, pihnik, atawa berwisata, tapi “nyaba.” Istilah Wisata Budaya Baduy  diganti ku “Saba Budaya Baduy” nu pihartieunana silaturahmi budaya ka Baduy.

Kagiatan wisata di Baduy salila ieu dianggap tacan sagemblengna ngamulyakeun masarakat adat salaku pribumi di hiji destinasi wisata di wewengkon adat. Ku kituna kuring ngayakeun panalungtikan pikeun studi éksplorasi mekarkeun modél ékowisata nu basisna adat atawa  indigenous ecotourism  pikeun masarakat adat Baduy. Ari nu diungkabna ngawengku: (1) kumaha wujud modél wisata  di Baduy; (2) kumaha balukarna tina ayana aktivitas wisata ka Baduy; (3) kumaha numuwuhkeun sadar lingkungan jeung budaya dina kagiatan wisata  ka Baduy; (4) kumaha ngatur bagi kauntungan finansial langsung tina kagiatan wisata; (5) kumaha ngamangpaatkeun jeung ngaberdayakeuun masarakat dina aktivitas wisata Baduy; (6) kumaha prak-prakanana ngajénan budaya dina kagiatan wisata  Baduy; jeung (7) kumaha pangakuan hak asasi pikeun masarakat adat Baduy.

Kiwari jumlah warga Baduy numutkeun katerangan ti Carik (Sekretaris) Désa Kanékés, hasil nyénsus Oktober 2020, jumlahna 11.745  jiwa, ngawengku 4.921 kapala kulawarga. Lalaki aya 5.893 jiwa, jeung awéwé 5.852 jiwa. Maranéhna nyicingan  65 kampung.  Nu didata ku carik téh nu cicing di  tilu kampung Baduy Jero  (Cibéo, Cikartawana jeung Cikeusik),  jeung 62 kampung di Baduy Panamping atawa  Baduy Luar. Sacara resmi masarakat dibagi jadi 65 RT jeung 13 pangiwa (RW). Baduy Dangka mah ku sabab lain di wilayah Desa Kanékés, nya teu kaasup dina ieu data. Kampung di Baduy Dangka téh di antarana  Nayagati, Panunggulan, Garukgak, dan Carungeun.

Sistim pamaréntahan masarakat Baduy sacara formal bentukna  désa nu sacara  kawilayahan administratif nyaéta Désa Kanékés. Sakumaha dina kaumumanana, désa ngalaksanakeun pancén pamaréntahan jeung kamasarakatan dumasar undang-undang di Negara Republik Indonesia. Pamaréntahan Désa Kanékés dipingpin ku kapala désa nu disebut jaro pamaréntah, dipilih ku para pamangku adat (teu maké sistim pilihan langsung ku masarakat sakumaha biasana kapala désa lainna di Indonesia), sarta teu maké wates waktu ngajabat. Jaro pamaréntah dibantu ku carik, jeung para kapala urusan katut Badan Permusyawaratan Desa (BPD). Kantor désana  aya di tapel wates tanah ulayat jeung tanah umum, perenahna  di antara Kampung Kaduketug jeung Cibolégér.

Dina kahirupan sapopoéna, salian  taat kana  aturan pamaréntah, masarakat Baduy  patuh kana aturan adat deuih. Sistim hukum adat téh ngatur rupaning tetekon, saperti idéologi katut aturan sosial jeung kamasarakatan lianna. Sistim hukum adat didadasaran ku ayana lapisan masarakat (stratifikasi sosial). Éta lapisan téh prinsip mah dumasar kana  status wilayah kamandalaan (lahan nu disucikeun).

Baduy Tangtu winangun kamandalaan gembleng, nu ngandung harti di tilu kampung éta aya katangtuan nu kudu digugu ku sakabéh warga Baduy. Hal ieu negeskeun  yén panangtu adat atawa pingpinan dina sistim pamaréntahan adat Baduy di éta tilu kampung, nu disebut  puun. Tahapan kapangurusan pamangku adat disebut barés kolot, di antarana  serat, tangkesan, jaro tangtu, jaro tanggungan, jaro tujuh, jaro dangka, jaro warega,  pangiwa, jrung jaro pamaréntah. Dina jajaran pangurus adat ogé aya jaro pamaréntah, nu pancénna ngahubungkeun antara pamaréntahan adat jeung pamaréntahan formal.

Basa nu digunakeun ku urang Baduy sapopoéna nya basa Sunda, nu aya sababaraha bagéan nu béda jeung basa Sunda di Jawa Barat. Di antarana patali jeung kosa kecap nu leuwih kolot (atawa boa mah asli), sarta taya undak-usuk basa. Sacara umum, basa Sunda nu digunakan masarakat Baduy ampir sarua jeung basa Sunda di Kabupatén Lebak, Pandéglang, jeung Sukabumi béh kidul. Jaba maranéhna kaasup golongan anu teu loba cacarita,  nyarita ukur saperluna . Hal ieu ku sabab pamali pikeun nyarita nu lain bagéanana. Dina pikukuh karuhunna aya istilah “ulah ngomong saomong-omongna lamun lain  omongkeuneunana”. Mun diajak nyarita nu lain bagéanana cukup dijawab: “teu wasa.” Tapi nambahanana kaperluan pikeun komunikasi interaksi pataréma jeung masarakat luar, jeung kabutuh sosial demi ngalayanan pangunjung wisata, kiwari masarakat Baduy ogé ngarti jeung lancar ngagunakeun basa Indonésia.

Aya sababaraha  kamandang  ngeunaan sajarah asal-muasal urang  Baduy. Para panalungtik Walanda, kayaning Pleyte (1907), Penning (1902), Yacobs jeung Meijer (1891) boga anggapan yén urang Baduy aya di dinya sabab kadéséh ku kakuatan Islam ti Banten, sarta balukar runtuhna karajaan Sunda atawa Pajajaran. Pleyte nyebutkeun yén urang Baduy téh asalna ti daérah Bogor nu jadi puseurna Karajaan Pajajaran, terus misahkeun diri  ka pagunungan sabudeureun Gunung Pangrango, kuloneun Kota Bogor. Hal éta téh dikaitkeun jeung wewengkon dimana ayana Sasaka Domas di sungapan Walungan Ciujung.  Matak  aya sebutan Baduy Daleum,  nu dihartikeun daleum téh  ksatria mun dina bahasa Sunda heubeul mah.

Yacob jeung Meijer nyebutkeun yén urang Baduy téh asalna ti  daérah Banten Kalér. Hal ieu patali jeung éléhna Pucuk Umun nu ngawasa Banten Girang, terus Hasanudin ngadegkeun Kasultanan Banten.  Sarimbag jeung éta, Joewisno (1995) nyaritakeun hasil obrolanana jeung juru pantun katut jaro sarta  kokolot taun 1986 yén dina  awal abad ka-15 bareng jeung asupna  Islam ka tungtung kulon Pulo Jawa nu meunang panghiap ti masarakat harita, nyababkeun kakawasaan raja jadi ngurangan. Karajaan Banten dikepung ti kalér jeung  kidul. Prabu Sedah, putrana Silihwangi nu dipancénan pikeun ngabendung ngarasa katétér. Sang Prabu Pucuk Umun  jeung  ponggawa satiana kabur ka leuweung geledegan, nepi ka taunan, di hiji tempat nu ku maranéhna dingaranan Gunung Singkur Mandala Singkah, leuweung kolot nu tacan kasaba jalma. Tempat nu mimiti dicicingan tur disucikeun téh  Panembahan Arca Domas anu disebut ogé Sasaka Domas, nu tepi ka kiwari jadi tempat  ritual utama masarakat Baduy unggal taun. Perenahna di sungapan Walungan Ciujung, minangka  tempat dipahing kasaba ku urang luar.

Ari masarakat Baduyna sorangan mah ngaku, nempatan  wilayah Desa Kanekes téh ti mimiti luluhurna  turun ka bumi (Garna, 1988). Ceuk Jaro Saija sakumaha carita  turu-tumurun, Baduy téh puseurna  bumi.  Dina kapercayaan urang Baduy, ti  taun dalapan bulan dua welas poé tujuh, saméméh aya para nabi, geus diciptakan Bumi Suci Kahiji nyaéta Swarga Maniloka, Bumi Suci Kadua nyaéta Wiwitan, jeung  Bumi Suci Katilu nyaéta Mekah.  Baduy tempat manusa pangheulana diturunkeun ku Batara Tunggal ka bumi, nyaéta Batara Cikal atawa Adam.  Éta sababna  kepercayaanana disebut Wiwitan atawa  Selam Wiwitan, sabab Adam dina  agama Islam téh pan nabi kahiji. Jaro Saija ogé nyebutkeun yén  jaman téh dibagi jadi jaman para hiyang, jaman para nabi, jaman para wali, jeung jaman para ratu. Tah kiwari urang keur aya dina jaman para ratu. Ti jaman para hiyang nepi ka jaman para ratu kiwari, urang Baduy mah tetep ngajaga bumi katut pangeusina, kaasup  ngajaga para pingpinan pamaréntahan nu keur kawasa, sabab aya pancén luluhur pikeun ngasuh ratu ngayakmMénak. Hal éta dibuktikeun ku ngayakeun upacara séba sataun sakali ka pamaréntah kacamatan, bupati  nepi ka Gupernur Banten.  (nyambung)*

*Rohendi, paniten pasualan bahasa, seni budaya,  sastra Sunda jeung  alam kahirupan kasundaan, nganjrek di Pandeglang, Provinsi Banten.

 

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas