Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (1/7/2025). Sakumaha nu geus ditétélakeun dina bagian saméméhna, pangna dingaranan Kongrés Pamuda Sunda (KPS) téh lantaran anu ngayakeunana para pamuda. Anu ngaluarkeun gagasanana, Ajip Rosidi, harita umurna karék 18 taun. Budak kénéh pisan, kira-kira sarua jeung budak kelas tilu SMA. Harita Ajip geus jadi pangarang, tur geus teu sakola deuih, da geus mutuskeun eureun saméméh milu ujian.
Ari anu jadi Ketua Palaksana Kongrés nyaéta R. Ading Affandi—sarua deuih pangarang, leuwih dipikawanoh singgetanana: RAF, harita umurna karék 27 taun. Jabatan sekretaris dipasrahkeun ka Tatang Kosasih. Réngréngan panitia séjénna gé sarua ngarora kénéh, umumna tacan ngaleuwihan 30 taun.
Prof. Edi S. Ekadjati dina bukuna Nu Maranggung dina Sajarah Sunda, husus dina bab anu medar KPS, nétélakeun yén gagasan pikeun ngayakeun KPS téh pada ngabagéakeun ti masarakat Sunda, hususna ti para aktifis gerakan ka-Sundaan. Dina riuangan saméméhna, boh nu diayakeun di Jakarta boh di Bogor, geus asak dibadamikeun yén KPS téh bakal dilaksanakeun di Bandung, dina bulan Oktober, patali jeung poé miéling Sumpah Pemuda.
Panitia ngider ka sawatara kabupatén nu aya di Jawa Barat, kayaning Subang, Sumedang, Cirebon, Kuningan, Ciamis, Tasik, jeung Garut. Ari maksudna mah pikeun matotoskeun rarancang kongrés kalawan leuwih asak. Panitia anu mapay ka daérah téh nyaéta RAF, Tatang Kosasih, Saikin Suriawijaya, Alibasyah, Sanusi, Ajam Syamsupraja, Parma D. Sunarya, Nana Sutresna. Utuy Tatang Sontani, Olla S. Sumarna Putra, jeung Ajip Rosidi.
Harita, panitia anu sawelas urang apal inya, kumaha ari kaayaan di daérah alatan ngagalaksakna gorombolan. Lembur geus loba anu kosong, lantaran ditinggalkeun ku pangeusina. Urang lembur loba anu kalunta-lunta di kota, tur teu boga sumber panghasilan anu mayeng jeung bisa diandelkeun,
Panitia KPS terus ngasakkeun babadamian. Matéri anu rék dipedar téh ngawengku tilu hal poko, nyaéta widang kaamanan, sosial-ékonomi, jeung kabudayaan. Éta nu tilu hal téh mémang keur jadi pasualan utama masarakat Jawa Barat, tur kudu gancang-gancang ditéangan jalan pikeun ngungkulanana.
Anu jadi narasumber ngeunaan widang kaamanan nyaéta Jerman Prawirawinata jeung Hamara Effendi. Widang sosial-ékonomi bakal dibahas ku Sukhyar Tejasukmana jeung Dayat Harjakusumah. Ari widang kabudayaan dipasrahkeun ka Buyung Saleh Puradisastra jeung Mh. Rustandi Kartakusuma.
Rencanana, KPS téh rék diayakeun bulan Oktober 1956, tapi dina kabuktianana mundur sabulan, sabab derna mah dina tanggal 4-7 Novémber. Acara bubuka dilaksanakeun di Hotel Orient, Jalan Asia Afrika, Bandung (ayeuna mah éta hotél geus euweuh). Ari runtuyan acara diskusina dilaksanakeun di gedong YPK (Yayasan Pusat Kabudayaan), Jalan Naripan.
Pamilon kongrés téh umumna para pamuda. Lain waé anu matuh di Jawa Barat, tapi deuih aya sawatara utusan ti Jakarta, Yogyakarta, Semarang, jeung Tanjungpinang, minangka wawakil urang Sunda anu maratuh di éta provinsi. Lian ti éta, tokoh Sunda jaman harita gé loba nu hadir deuih, boh anu masih kénéh boga jabatan boh nu geus marén tina kalungguhan, di antarana R. Enoch (Walikota Bandung), Letkol Sambas (Wakil Panglima TT III, ayeuna Kodam Siliwangi). R.A.A. Wiranatakusumah (manten Mendagri dina Kabinét RI munggaran), Mr. Iwa Kusumasumantri (manten Menteri Pertahanan), jeung Kolonel Sukanda Bratamanggala.
Dina biantara bubuka, RAF nandeskeun, “Pamuda nyekel tanggung jawab anu bangga dina sagala pasualan masarakat. Sual daérah jadi sual munel dina pasualan-pasualan nasional. Masarakat Pasundan beuki dieu beuki ramijud dina sagala lapangan. Beuki meuweuhna rasa katugenah jeung kateu sugema nu nyangkaruk di lingkungan masarakat Sunda, ku meuweuhna kapincangan-kapincangan nu karasa. Pasualan daérah teu bisa ngan dipasrahkeun ka deungeun-deungeun, tapi pangpangna kudu digarap ku urang daérah pribadi.”
Mr. Iwa Kusumasumantri dina biantarana nétélakeun, “Pamuda Sunda perlu leuwih mentingkeun olahraga keur kaséhatanana, perlu leuwih mentingkeun pangajaran keur ngangkat kanyahona, sarta perlu leuwih giat digawé keur perékonomianana. Sanajan kitu, ku lantaran urang Sunda hirup kumbuh sarta berjuang babarengan jeung suku-suku bangsa Indonésia lianna, tangtu waé rasa ka-Sundaanana kasengker ku rasa solidaritas jeung suku-suku bangsa Indonésia nu séjén téa.
Tapi tangtu waé urang Sunda henteu sudi kaséréd batur, henteu sudi jadi kékéséd batur. Ku lantaran éta para nonoman Sunda ayeuna ngoréjat hudang singkil taki-taki maju ka hareup dina sagala lapangan élmu pengetahuan jeung perékonomian. Di sawatara nagara séjén mah pulitik nyanghareupan pasualan suku bangsa téh henteu picik saperti di dieu. Basa jeung kamajuan suku-suku bangsa téh kacida diperhatikeunana sarta dimumuléna. Ngahaja diadegkeun akademi-akademi suku bangsa nu ngulik basa-basana, sajarahna sarta kabudayaanana. Malah tulisanana anu geus tara dipaké ogé dihirupkeun deui sarta dimumulé. Para nonomanana ngahaja disarakolakeun maké ongkos nagara.”
Kangaraning kongrés, tangtuna gé rémé ku rupa-rupa padungdengan enggoning ngabahas pasualan anu keur disawalakeun. Dina pamustunganana, aya sawatara hal anu jadi putusan kongrés, nyaéta:
Kahiji, rahayat anu jadi korban gangguan kaamanan kudu buru-buru dijait. Kadua, sistem nagara kesatuan hadéna mah gancang dirobah jadi federasi. Katilu, katangen ayana imperialismeu sélér bangsa, tur patali jeung hal éta, pagawé di Pasundan kudu urang Sunda. Kaopat, masalah “non” jeung “co” kudu gancang-gancang dileungitkeun. Kalima, fungsi basa daérah dina pangajaran di sakola kudu dironjatkeun, jeung kudu ditarékahan medalna buku-buku basa Sunda. Kagenep, urang Sunda kudu boga pahlawan (aya urang Sunda anu dilélér atawa diangkat jadi pahlawan nasional). Katujuh, di tatar Sunda kudu aya paguron luhur, sakumaha anu geus aya di Yogyakarta.
Sajaba ti éta, dirumuskeun deuih maklumat proklamasi, anu eusina: (1) Istilah Jawa Barat diganti ku Sunda, tur minangka konsékuénsina sesebutan Jawa Tengah diganti jadi Jawa Barat, jeung ngaran Pulo Jawa diganti jadi Nusa Selatan, saluyu jeung conto ti pamaréntah anu ngarobah istilah Sunda Kecil jadi Nusa tenggara; (2) Yén Ki Tapa, Dewi Sartika, jeung Oto Iskandar di Nata téh pahlawan nasional; (3) Yén Dewi Sartika jeung Otos Iskandar di Nata saban taun kudu dipiéling ku sakumna urang Sunda minangka Indung jeung Bapa Sunda; (4) Yén Gajah Mada lain pahlawan nasional, malah sabalikna manéhna téh penjajah anu nimbulkeun perpecahan di antara sélér-sélér bangsa. Ku lantaran éta, mitos nu patali jeung hal éta kudu gancang-gancang dileungitkeun.
Anapon anu jadi kacindekan umum nyaéta kaamanan jeung palaksanaan sosial-ékonomi katut kabudayaan bakal leuwih kajamin lamun bentuk nagara féderasi nu bakal nguntungkeun sakabéh sélér bangsa, ti batan nagara dina bentuk kasatuan. Ku sabab kiitu, Sunda kudu dijadikeun nagara bagian Republik Indonésia.
Éta kacindekan téh mangrupa sikep pulitik para pamilon kongrés. Ari nu jadi kasang tukangna mah bisa jadi ku sabab ngeunteung kana sajarah Sunda; yén dina sistem pamaréntahan Sunda mah anu dilaksanakeun téh féderasi. Ari sistem kasatuan éta téh sumberna tina sikep pulitik Gajah Mada, anu diteruskeun ku Sultan Agung.
Ceuk dina sajarah, ti baheulana ogé Sunda mah henteu ékspansif, atawa nambahan legana wewengkon ku cara ngajajah deungeun. Dina mangsa masih kénéh ngadeg Karajaan Sunda atawa Pajajaran, nagara laleutik anu milu ngagabung téh lantaran karepna sorangan, lain ku sabab ditalukkeun atawa dijorag. Jadi anu dasarna téh sukaréla, lain karana dipaksa.
Najan aya sikep pulitik hayang ngawangun nagara féderasi, aya di antara pamilon kongrés anu nganggap hal éta mah bisa ditunda heula. Cindekna, teu kudu gancang-gancang diréalisasikeun. Wangun nagara féderasi henteu jadi putusan anu enya-enya buleud. Bisa jadi putusan kongrés pikeun ngarobah bentuk nagara mah dianggapna jauh teuing.
Sawatara pamilon kongrés ngasongkeun minderheidsnota, sarta nétélakeun yén dumasar kana sawatara tinimbangan obyéktif, bentuk nagara féderasi téh tacan bisa dipertanggung-jawabkeun pikeun kapentingan rasyat Sunda, jeung bangsa Indonésia dina umumna. Naha rék nagara dina bentuk kasatuan atawa féderasi, éta mah lain soal, dan anu penting mah eusina.
Putusan kongrés séjénna nyaéta dibentukna Dewan Presidium, anu susunanana nyaéta Saikin Suriawijaya (Ketua), ditambah anggota genepan: Nana Sutresna, Ajam Syamsupraja, Umar Hasan, Duriat, Alibasyah Natapranata, jeung Salmon Padmanagara. Dewan Presidium ditugaskeun ngabentuk Dewan Komando Pemuda Sunda (DKPS) pikeun ngalaksanakeun sakur putusan kongrés.
Hanjakal Kongrés Pamuda Sunda téh ukur diayakeun sakali-kalina, padahal ti awalna kénéh ogé geus ditétélakeun yén anu lumangsung téh kongrés kahiji. Cindekna, bakal aya kongrés tuluyna.
Jigana ayeuna kudu dipikiran deui, naha perlu mun diayakeun deui Kongrés Pamuda Sunda? Yakin, pasualan urang Sunda dina kontéks ka-Indonésiaan téh apan loba anu kudu dibébérés jeung dilelempeng. Minimalna kumaha carana urang ningkatkeun peranan Sunda dina kahirupan nasional Indonésia.* (tamat)
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandungm Jawa Barat.






































Comments