Napak Tilas

Sesebutan Haji di Masarakat Sunda

0

 

Ku: Tatang Sumarsono

SundaNews (4/6/2025). Larapna sesebutan haji dina ngaran hiji jalma, di urang mah ilaharna nuduhkeun status sosial nu boga ngaran. Teu béda ti radén kawas dina kahirupan masarakat féodal. Atuh anu sakulawadet jeung radén, minangkana mah masih pencaranana kénéh, upamana aom, juag, mas, nyimas, mayu (ieu di lingkungan teureuh ménak atawa sahandapeun ménak, lain rayat kuricakan), atawa aya deui sesebutan gus jeung acéng (di lingkungan pasantrén tradisional).

Bédana téh, titél haji mah teu diturunkeun ti bapa ka anak, atawa ti aki ka incu. Ari titél radén, apan éta mah turun-tumurun, nyokotna ti garis bapa. Jadi ari sesebutan haji mah sipatna personal, da dipakéna ukur ku anu geus ngalaksanakeun munggah haji wungkul, najan ari dina kabuktianana mah sok rajeun aya anu bisa milu “nébéng”. Di urang mah apan aya nu disebut haji, tapi saenyana mah tacan ka Mekah, nyaéta biasana mah dipakéna ku pamajikan haji. Upamana anu geus ka Mekahna mah salakina wungkul—sesebutanana jadi Pa Haji, ngan waé pamajikanana ogé sok rajeun disebut Bu Haji. Anu kungsi katiténan di masarakat urang, ngan pamajikan wungkul anu bisa nébéng kana titél haji téh.

Ayeuna, anu sok dipaké panambah ngaran téh titél atawa gelar akademis, bangsaning doktor, magister, atawa profésor. Lian ti éta aya deuih gelar akademis sahandapeunana, upamana doktorandus, insinyur, sarjana hukum, jeung ahli madya. Gelar akademis bisa dianggap nuduhkeun “takeran” atawa “kadar” inteléktualitas anu makéna, sok sanajan teu salawasna jadi jaminan calakan-henteuna. Ari gelar haji mah dianggap nuduhkeun kana faktor kaagamaan, leuwih jauhna ahlak atawa paripolah anu makéna. Tah, mun radén mah gelar kaningratan anu patali jeung teureuh terah—cindekna anu makéna téh lain turunan jalma “samanéa”.

Bisa waé éta gelar téh dipakéna ngarengkép, kawas Rhoma Irama, anu saenyana mah kuduna ditulisna: R.H. Oma Irama—nya radén nya haji. Atawa teu mustahil tiluanana ngaréngkép, misalna R.H.Prof. Dr. ditambah gelar akademis nu biasa ditempatkeunana tukangeun ngaran, upamana M.Si., M.Pd. ST, SH, atawa S.Ag. jeung sapapadana. Atuh jadi panjang, nya? Jih, nya heueuh. Meureunan beuki panjang nya dianggap leuwih bergéngsi.

Aya deui sesebutan haji anu teu nuduhkeun kana bagian ibadah tina saréat Islam, sakumaha ceuk dina sajarah, apan cenah anu ku urang disebut Prabu Siliwangi ogé ari ngaran lengkepna nu patali jeung sesebutan dina kalungguhanana mah nyaéta Sribaduga Maharaja Ratu Haji. Tangtuna ogé ari Prabu Sribaduga mah teu kungsi munggah haji, da apan teu ngagem agama Islam. Jigana sesebutan haji di dinya mah tina “aji” anu nuduhkeun kaluhungan élmu.

Balik deui kana gelar haji nu patali jeung kaagamaan, baheula mah rék lalaki rék awéwé, prah waé disebutna “haji”. Aya carita karangan Syarif Amin anu judulna Nyi Haji Saonah, anu pasti éta téh tujulna ka awéwé. Ngan ka dieunakeun, jigana mah tacan satengah abad, sesebutan haji pikeun awéwé mah dirobah jadi hajjah. Gedé kamungkinan dipakéna éta istilah téh dumasar kana aturan dina tatabasa Arab anu ngabédakeun antara sesebutan pikeun lalaki jeung pikeun awéwé. Nya jol waé sesebutan Hajjah Elvi Sukaesih.

Sesebutan haji, atawa ayeuna jeung hajjah, sakanyaho mah dipakéna ngan di kalangan umat Islam di Nusantara wungkul, atawa leuwih jauhna gé ukur sawates di wewengkon Asia Tenggara. Da ari di nagara asalna mah euweuh. Apan panutan urang gé tara disebut Haji Muhammad solaloohu alaihi wasalam. Kitu deui para sohabat jeung generasi sapandeurieunana, upamana Haji Umar bin Khottob atawa Haji Imam Syafe’i. Padahal yakin, aranjeunna pasti geus ngalaksanakeun ibadah haji.

Aya nu boga pamanggih, pangna kecap “haji” di urang sok dipaké nuduhkeun gelar téh minangka pananda pikeun jalma anu geus ngalaksanakeun ibadah anu ceuk saréatna mah pangbeuratna jeung pangbanggana. Cindekna, dianggap jalma anu geus “lulus” ngalaksanakeun paréntah Gusti anu teu sakabéh jalma mampuh, bagian tina rukun Islam kalima. Anu baroga titél haji, di masarakat urang dianggap boga kadudukan terhormat.

Geus ditétélakeun yén sesebutan haji téh bisa dianggap nuduhkeun kualitas anu makéna. Maksudna, dina ngalaksanakeun ajaran agama katut laku lampahna sajeroning hirup di masarakat dianggap leuwih punjul batan balaréa. Kitu deui dina lebah kaweruh katut wawasanana, utamana dina widang agama. Éta pangna nu jaradi haji mah sok diposisikeun jadi tokoh masarakat. Ngan aya waé nu teu kitu gé. Anu boga titél haji, mun teu dianggap leuwih goréng gé, aya anu biasana ukur satata jeung paripolah balaréa.

Dina karya sastra Sunda, aya sawatara carita nu ngagambarkeun haji lain tokoh nu idéal, malah sabalikna. Upamana waé dina karangan Joehana (baca: Yuhana), tokoh carita anu boga gelar haji téh justru kalakuan sapopoéna mah goréng: kumed, licik, sarakah, jeung sajabana. Ayana gambaran haji kawas kitu téh bisa jadi lantaran persépsi nu ngarangna (upamana waé nu ngarangna teu resep ka Islam), atawa mémang kitu di antarana nu kapanggih dina kahirupan masarakat, atawa gabungan duanana.

Tina sawatara tulisan anu kungsi kabaca, pamaréntah kolonial dina nempatkeun jalma nu baroga titél haji téh leuwih “diistiméwakeun”. Maksudna mah, nu baroga titél haji ku Walanda sok dicirian, sabab dianggap bisa waé ngabahayakeun kapentingan kolonial.

Pamaréntah Walanda baheula ngamangpaatkeun gelar haji pikeun kapentingan pulitik kolonial. Maksudna mah pikeun nyirian, saha waé inlander (bangsa pribumi) anu dianggap bakal ngabahayakeun pamaréntah. Enya apan, perlawanan atawa babarontakan anu ngoyag-ngoyag pamaréntah kolonial téh ilaharna dikokojoan ku anu geus jaradi haji. Sultan Ageng Tirtayasa, Alit Prawatasari, Tubagus Ismail, Hasan Arif, atawa Zainal Mustopa bisa disebut sawatara contona anu jolna ti lingkungan masarakat Sunda. Atuh ti sélér bangsa séjén gén apan aya Cokroaminoto, Hasyim Asy’ari, atawa Ahmad Dahlan.

Lamun dipaluruh mah tangtu raket patalina, naon sababna jalma anu naranduk ka Walanda umumna geus leuwih ti heula jadi haji. Bangsa pribumi harita anu arindit ka Tanah Suci, dina kabuktianana henteu ngan pikeun ngalaksanakeun parukunan ibadah hungkul, tapi deuih bari ngulik bagbagan élmu agama. Apan anu jadi erohna Islam téh di antarana kudu hirup merdéka, lain jalma anu digenggem atawa dikawasa ku bangsa séjén, mana komo ku anu teu saagama atawa dianggap kafir. Kolonialismeu papalingpang jeung ajaran Islam, tur kudu ditumpes demi nanjeurkeun hak-hak bangsa. Cindekna mah Islam ngajarkeun papahaman nasionalismeu.

Lian ti éta, bangsa urang anu ngalaksanakeun ibadah haji harita téh apan bisa tepung jeung bangsa-bangsa lianna. Tangtu waé aya obrolan-obrolan jeung papada anu saagama ngeunaan nasib masing-masing anu tumiba di nagarana. Aya prosés silih pangaruhan anu teu mustahil ngahudang sumanget kabangsaan.

Ku ayana gelar haji dina ngaran, pikeun pamaréntah kolonial mah ngagampangkeun lamun rék nangkepan jalma anu dianggap nanduk ka pamaréntah. Kitu deui masarakat anu boga gelar haji mah dina kahirupan sapopoéna teu leupas tina panalingaan penjajah. Maranéhna salawasna dicuriga, sabab bisi dina hiji waktu ngayakeun tindakan anu ngaganggu stabilitas pamaréntah.

Tina sikep pamarentah kolonial kawas kitu, di hiji sisi mah aya positifna, nyaéta ayana catetan ngeunaan kumaha palaksanaan ibadah haji sakitu abad ka tukang. Enya, apan ari bangsa urang mah langka anu rajin cutat-catet, da cukup ngandelkeun lisan waé. Béda jeung urang Walanda, sok leukeun nyarieun catetan lengkep, najan ari tujuanana mah pikeun kapentingan maranéhna kénéh.

Johan Eisenberger, upamana, dina disertasina Indie and de Bedevaart naar Mekka, nuliskeun sakelompok inlander anu cunduk deui ka Batavia (Jakarta), tanggal 12 April 1716, anu geus réngsé ngalaksanakeun ibadah haji. “Ngan waé taya katerangan anu pasti ngeunaan iraha-irahana maranéhna indit ka Tanah Suci,” ceuk Eisenberger.

Lalampahan ka Mekah dina awal abad ka-18 lain waé waktuna lila, tapi deuih kacida beuratna. Lajuna kapal layar gumantung kana angin, cuaca, jeung musim. Anu dipaké jalur kapal nyaéta laut kuloneun Sumatra, terus ka Acéh, disambung ka Kapuloan Maladéwa.

Anu digunakeun ku jamaah calon haji téh lain kapal husus panumpang, tapi kapal dagang nu ngaliwat ka Palabuan Aden di Yaman. Ti dinya lalampahan diteruskeun ka Palabuan Jedah. Lilana lalampahan tepi ka Jedah teu kurang ti genep bulan, kitu nu ditulis ku Martin van Bruinnesen.

Dina laporan kolonial ditétélakeun yén kapal anu pajejel ku panumpang téh bari ditambahan barang-barang bekel jamaah deuih, tepi ka kaayaan dina kapal téh sumpeg. Rék salat gé hésé néangan lolongkrangna. Geus kasawang bakal kumaha ripuhna, angkleung-angkleungan jero genep bulan dina kaayaan kawas kitu.

Bangsa urang anu marunggah haji dina jaman kolonial ngagunakeun kapal bogana pausahaan Walanda. Salila angkleung-angkleungan di tengah laut, boh inditna boh balikna, sok aya jamaah anu tilar dunya. Kapal Promathens, upamana, anu balayar ka Jedah dina taun 1909, tina 837 panumpang téh, aya duaan anu tilar dunya di satengahing lalampahan. Dina taun-taun saterusna mah anu tilar dunya téh nambahan. Ceuk dina catetan Jan Hendrik Ziesel dina De Pelgrims-Quarantaine in de Roode Zee (1929), Rotterdamsche Lloyd—pausahaan pelayaran Belanda, anu ngakut rébuan panumpang, jamaah anu maot téh aya 177 urang, dina waktu balayar ka Jedah, ari dina waktu balikna ka Hindia Walanda aya 32 urang. Umumna mah anu maot di perjalanan téh alatan kasakit (anu harita keur mahabu nyaéta kasakit pés anu ditularkeun ku beurit).

Anu tilar dina kapal téh sok terus dikubur di laut, da éta cara anu paling babari (kacipta banggana mun kudu ka darat heula). Tangtu henteu asal lung kitu waé, kawas miceun bangké ucing, tapi aya tata carana anu luyu jeung ajaran Islam. Layon téh dibungkus ku boéh, terus dibeungbeuratan ku pelat waja atawa timah hideung anu beuratna 30-35 kg. Digolosorkeun ka lautna téh lebah buritan kapal, anu majuna ngahaja dikendoran heula. Geus kitu mah terus diteureuy ku jerona samudra. Anu nyaraksian dina galadak kapal nyurucudkeun cimata.

Lamun nilik kana éta catetan Walanda mangsa harita, munggah haji jaman baheula téh kacida matak banggana. Dina kapalna apan geus sakitu ripuhna. Tacan deuiih lamun nyaritakeun lalampahan inditna ti lembur tepi ka palabuan. Éta pangna nu bisa jadi haji mah mungguh saréat sok dianggap “manusa super”. Lain waé kudu boga bekel harta banda, tapi deuih kudu séhat jeung kuat fisikna, malah ditambah kudu boga kamampuh dina béladiri deuih. Apan teu mustahil salila nyorang lalampahan indit ti lemburna téh kudu nyanghareupan bégal atawa gangguan lianna.

Jadi merenah pisan lamun anu boga titél haji dianggap jalma pinunjul téh. Lain waé dina urusan ngalaksanakeun saréat agama, tapi deuih dina perjuangan bangsa. Kitu ceuk dina sajarah, kaasup anu lumangsung di Tatar Sunda. *

* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novcelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas