Napak Tilas

Nyusur Galur: Napak Tilas Karaton Pajajaran

0
Paninggalan Karajaan Pajajaran di Jl Batutulis No 54, Batutulis, Kecamatan Bogor Selatan, Kota Bogor, Jawa Barat. Prasasti ieu dijieun tahun 1513 Masehi ku Raja Surawisesa anak Sri Baduga Maharaja alias Prabu Siliwangi (Foto:SundaNews/Humaniora)

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (29/5/2025). Dayeuh Pakuan téh puseurna Karajaan Pajajaran. Kitu anu ditétélakeun dina sawatara naskah Sunda heubeul anu jadi sumber rujukan sajarah Sunda. Sanggeus dirékonstruksi dumasar kana katerangan dina naskah titinggal baheula, nya dicindekkeun yén nu disebut puseur dayeuhna Karajaan Pajajaran téh disebutna Pakuan, di wewengkon Bogor kiwari.

Ceuk dina catetan sajarah, Pajajaran dina ahirna burak atawa ancur sanggeusna dirurug ku pasukan Demak bari ngagunakeun kakuatan Banten jeung Cirebon. Pakuan anu jadi puseur dayeuhna karajaan antukna ditinggalkeun pikeun nyingkahan panarajang musuh. Prabu Ragamulya, raja pamungkas (nyakrawati ti taun 1567 tepi ka 1579 Maséhi), mindahkeun puseur dayeuh karajaan, ti Pakuan ka Pulosari anu perenahna di wewengkon Pandéglang, Banten kiwari. Pakuan mah cul waé dikosongkeun, taya pangeusina.

Lian ti dina naskah heubeul titinggal jaman Pajajaran, urang asing gé aya anu nyieun catetan ngeunaan lokasi jeung kaayaan di puseur dayeuh Pajajaran, nyaéta Thome Pires anu milu ka rombongan ti Karajaan Portugis. Éta utusan ti nagara deungeun téh ngahaja datang ka Pakuan pikeun kaperluan mikanyaho kaayaan alam katut sosial-budaya anu engkéna keur bahan nyieun perjangjian bilateral antara Pajajaran jeung Portugis, hususna ngeunaan kagiatan perdagangan jeung militer. Catetan anu dijieun ku Thome Pires tepi ka ayeuna masih dijieun rujukan ku para élmuwan lamun rék maluruh kaayaan alam Tatar Sunda katut pangeusina, jeung sélér bangsé séjénna di Nusantara.

Ka dieunakeun, sanggeus urang Walanda daratang ka lemah cai urang terus ngadon usaha ku cara nyieun pakumpulan dagang VOC (Verenigde Oost Indische Compagnie), maranéhna ngahaja napak tilas mapay-mapay raratan sésa Karajaan Pajajaran baheula. Nya tngtuna gé anu jadi tujuanana pikeun kapentingan maranéhna kénéh enggoning néangan kakayaan katut hasil bumi lianna anu payu dijual di pasar Éropa.

Ékspédisi VOC ka patilasan karaton Pakuan Pajajaran dimimitian ti taun 1687 nepi ka taun 1709. Harita, pakumpulan padagang Walanda téh bisa mageuhan kadali kakawasaan di Palabuan Kalapa anu tadina bogana Karajaan Pajajaran. Palabuan Kalapa atawa sok disebut Sunda Kalapa deuih, ti sanggeusna dikawasa ku Sultan Demak terus diganti ngaranna jadi Jayakarta. Ti dinya terus ragrag kana kakawasaan Walanda, nya dirobah jadi Batavia (anu kiwari katelahna Jakarta).

Mun diitung lawasna mangsa, napak tilas nu dipigawé ku urang Walnda jaman harita téh anggangna leuwih ti saratus taun alias saabad ti caremna Pajajaran. Enya apan Pakuan Pajajaran runtagna taun 1579, ari ékspédisi Walnda dilaksanakeun taun 1687. Henteu sakali deuih ngayakeun ékpédisina ogé. Sakumaha anu nyampak dina catetan VOC, ékpédisi ka puseur Karajaan Pajajaran téh dipigawéna tilu kali, nyaéta anu diluluguan ku Scipio (taun 1687), Adolf Winkler (taun 1690), jeung Abraham Van Reebek (taun 1709).

  1. Ékspédisi Scipio

Dumasar kana pituduh ti padumuk Sunda Kalapa, pihak VOC meunang katerangan ngeunaan lokasi puseur Karajaan Pajajaran, di mana saenyana ari urut puseur dayeuh karajaan anu kungsi kamashur ti sawatara abad ka tukang. Dumasar kana katerangan ti penduduk, laju waé VOC nugaskeun Scipio jeung sawatara anak buahna pikeun maluruh ka urut dayeuh Pakuan.

Scipio jeung rombonganana miang ti Sunda Kalapa ngagunakeun parahu, mapay-mapay  Walungan Ciliwung nepika anjog ka hiji kampung nu ngaranna Parung Angsana. Ti dinya mah laju nalikreuh deui nepi ka Kampung Cipaku. Nya ahirna mah nepi ka hiji padataran nu pinuh ku rupa-rupa tangkal bungbuahan. Éta wewengkon disebutna Tajur.

Kacindekan tina ékspédisi Scipio ngawengku:

(1) Kaayaan jalur jalan antara Parung Angsana nepi ka Cipaku katempona rapih tur beresih  kawas aya anu ngurus, di sapanjang sisi jalan dipapaés ku rupa-rupa tangkal bungbuahan lokal.

(2) Ngaliwatan dua jalur jalan jeung manggihan urut solokan paragi kamalir cai.

(3) Manggihan urut kebon bungbuahan di lebah Tajur (kawasna baé urut kebon bogana karaton).

(4) Tempat patilasan karaton dipinuhan ku halimun bari jeung dijaragaan ku  maung. Malahan aya anak buah Scipio nu tiwas dikerekeb maung dina tanggal 28 Agustus 1687.

(5) Lalampahan Scipio anjog ka lebah Batu Tulis.

(6) Saterusna catetan hasil ekspedisi Scipio dilaporkeun ka Gupernur Jenderal Johannes Sherhuis di Batavia dina tanggal 28 Desember 1687.

  1. Ékspédisi Adolf Winkler

Dina taun 1690 atawa tilu taun sanggeusna ékspédisi Scipio, lalampahan ka urut puseur dayeuh  Pakuan diteruskeun ku Adolf Winkler. Éta ékspédisi téh teu ngan ukur nalungtik patilasan pusat karaton Pakuan wungkul,  tapi deuih dibarung ku dua tujuan, nyaéta neruskeun panalungtikan topografis pikeun nandeskeun gambaran wewengkon, jeung ngadata potensi sumber daya alam nu kira-kira bakal nguntungkeun pikeun VOC.

Adolf Winkler dibarengan ku 16 soldadu VOC ti kalangan bangsa Walanda, jeung 26 urang Makasar nu dilengkepan ku pakarang. Pangna samakta kitu téh dumasar kana pangalaman Scipio anu mémang salila ngayakeun ékspédisi téh teu kurang-kurang bahayana. Di antarana kudu asup ka leuweung geledegan, nu tangtuna ogé loba gangguan ti sabangsaning sato nu garalak saperti maung, ajag, biruang, badak, banténg, oray, jeung sajabana nu dina mangsa harita masih réa kumelendang sabudeureun tempat anu kaliliwatan. Dina éta ékspédisi diilukeun ahli ukur topografi bangsa Walanda.

Ruteu lalampahan  ékspédisi Winkler dimimitian ti Bogor kalér terus ka Parung Angsana, laju ka Kedunghalang, ngaliwatan ceruk (parigi atawa basa Indonésian mah parit) pertahanan karaton nu kawilang jero, gunana pikeun nahan panarajang musuh nu datang ti saluareun karaton.

Kacindekan hasil ékspédisi Winkler méh sarua jeung laporan Scipio; yén sapanjang jalan nu deukeut ka situs nu ceuk pangirana patilasan karaton, manéhna manggihan kebon bungbuahan nu lolobana tangkal kadu, hususna di daérah Tajur. Ku kituna disimpulkeun ku Winkler yén daérah Tajur téh urut kebon karaton Pakuan.

Ari papanggihan séjenna ngawengku:

(1) Di wewengkon Lawang Gintung kapanggih lawang sakéténg (pintu gerbang) karaton nu dijieun tina bahan susunan batu. (2) Manggihan jalan nu bisa diliwatan ku kuda nu dibalay/dilapis ku batu nu brasna ka hiji paséban. (3) Manggihan tujuh tangkal caringin (waringin pitu). (4) Waringin pitu umumna jadi tanda yén di éta tempat aya puseur kakawasaan atawa pamaréntahan. (5) Manggihan batu tulis jeung arca sabaraha hiji. (6) Manggihan tempat anu tadina urut balé kambang tempat macangkrama kulawarga karaton.

  1. Ékspédisi Abraham van Reebek

Ékspédisi pamungkas nu dipigawé ku Abraham van Reebek ngasongkeun kasimpulan nu leuwih jéntré, ngawengku:

(1) Posisi karaton aya di tempat nu luhur, (2) Manggihan urut  alun-alun karajaan, (3) Manggihan jalan pikeun asup ka lingkungan karaton. (4) Manggihan sarupa bénténg nu ngurilingan karaton di deukeut Walungan Cisadané. jeung (5) Manggihan bénténg alam nu mangrupa jurang di Cihideung.

Dina kasimpulan ahir,  Abraham van Reebek nyieun catetan yén karaton Pakuan Pajajaran téh geus boga sistem tata kota nu kacida strategisna ditilik tina jihat pertahanan di lingkungan padataran luhur. Pangna kitu téh sabab dihawatesanan (dikurilingan) ku tilu walungan, nyaéta Ciliwung, Cipakancilan, jeung Cisadané nu sacara praktis jadi panghalang alami pikeun nyegah panarajang musuh.

Éta tilu ékspédisi téh lumangsung dina abad ka 17, nyaéta dina mangsa bangsa Walanda kakara bisa meruhkeun jeung nyangking sawatara wewengkon basisir nu mangrupa palabuan parenting dina widang perdagangan hasil bumi, hususna rempah-rempah. Hasil bumi nu jolna ti wewengkon  Pajajaran, kayaning lémo,pedes, jeung jahé dina mangsa harita disebutna emas putih, sabab harga jualna di pasar Eropa kaitung mahal.

Éta produk-produk unggulan téh hasil tatanén padumuk di wewengkon pagunungan anu anggangna kaitung jauh ti basisir. Kondisi lahan tempat tatanén dirojong ku kontur tanah nu subur. Cindekna mah kaom imperialis téh hayang meuli komoditas ekspor samurah-murahna ku jalan datang langsung ka tempatna tanpa ngaliwatan heula padagang perantara.

Ku kituna tujuan ékspédisi bangsa Walanda téh intina mah ngandung maksud rék nyieun peta wilayah nu sakirana bisa dijadikeun daérah nu bisa ngahasilkeun komoditas nu bisa dijual samahal-mahalna di pasar Éropa. Ari perkara di luar éta mah diasupkeun kana hal-hal sekunder nu dianggap kurang penting. Nu matak kitu dina mangsa manggihan situs-situs kasajarahan ogé ngan ukur dicatet saperluna bari mun bisa cukup ku digambar dina salambar daluang ku juru gambar. Mangsa harita mah tacan aya alat fotografi jiga ayeuna apan.

Catetan anu uni nyaéta anu dijieun ku Scipio, duméh disebutkeun yén sanggeusna cunduk ka wewengkon anu disebut puseurna karaton, anak buahna aya anu ditekuk maung tepi ka hanteuna. Terus waé dicindekkeun yén wewengkon urut karaton téh dijaga ku sajumlahing maung. Tina éta carita, antukna di lingkungan sawatara urang Sunda loba anu percaya (malah tepi ka kiwari) yén pangeusi karaton Pakuan Pajajaran téh marinda rupa jadi maung, disebutna maung kajajadén.

Padahal, waktus Scipio cunduk ka urut karaton téh apan géséhna saratus taun ti ancurna Pajajaran. Nya tangtu waé éta wewengkon urut karaton téh geus robah deui jadi leuweung geledegan, da apan geus kosong taya pangeusina. Anu matak pantes mun di éta weengkon urut karaton anu geus robah jadi leuweung téh loba sasatoan garalak, di antarana maung.  Jadi anu nekuk anak buah Scipio téh ku mun diukurna ku logika mah lain maung kajajadén, tapi maung enyaan anu matuh di leuweung, anu tadina dipaké puseur karajaan. *

       *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolmnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Snda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas