Kolom Sosial Politik

Lembur Katumbiri, Destinasi Kampung Nu Warna-Warni

0

Ku: Ridhazia

KAMPUNG  Katumbiri nu aya di Dago, Kota Bandung, Jawa Barat, bisa jadi pilihan anyar mun keur liburan ka Bandung. Saha wae nu datang ka ieu tempat pasti bakal nyaksian kaéndahan nu unik.

Pamukiman warga dicat warna-warni. Ti mimiti sasak, imah, trotoar, tembok selokan, nepi ka témbok jalan dicat béda-béda, nepi ka katingali instagramable pisan.

Naon ari Katumbiri?

Ngaran “Lembur Katumbiri” dina basa Sunda hartina pelangi. Eusi hartina téh jero pisan: minangka lambang rupa-rupa nu ngahiji jeung hirup sauyunan.

Revitalisasi Lembur Katumbiri di Bandung téh sarua jeung gagasan di sababaraha tempat séjén di Indonesia.

Tingali baé!

Di Malang, Jawa Timur, aya Kampung Jodipan, kampung pelangi nu perenahna di wewengkon Kecamatan Blimbing, Kota Malang. Sedengkeun di Banyuwangi aya kampung pelangi nu dingaranan Kampung Warna-warni Kalilo, ayana di Jalan Kalilo, Singonegaran.

Di Surabaya ogé aya Kampung Bulak, hiji kampung pelangi nu husus pamukiman para nelayan. Di Semarang, aya Kampung Pelangi Gunung Brintik jeung Kampung Pelangi Bejalen, Ambarawa.

Di Yogyakarta, kampung pelangi nu paling populér téh nya éta Kampung Code. Luyu jeung ngaranna, ieu kampung tematik aya di gigireun leuwi Code, deukeut Jalan Malioboro.

Jakarta ogé miboga kampung pelangi. Tempatna di sisi walungan, nya éta Kampung Penas Tanggul, Cipinang Besar Selatan, Jakarta Timur.

Di Kalimantan, aya kampung pelangi nu kasohor nyaéta Kampung Warna-warni Teluk Seribu di Balikpapan Timur, Balikpapan, jeung Kampung Sega, Pangkalan Bun, Kalimantan Tengah. *

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *