Ku : Edoy Suhendar
SundaNews (21/3/2025). Masarakat Indonésia geus moal bireuk deui kana kecap ‘kélor’. Aya paribasa, “Dunia tidak selebar daun kelor.” Kélor téh ngaran tatangkalan anu ku sabagian masarakat dipercaya boga kakuatan magis. Di pilemburan loba nu percaya, upama aya jalma gering ngajoprak lila mangbulan-bulan mangtaun-taun teu maot-maot, éta jalma téh boga élmu hideung nu kudu buru-buru dipiceun. Keur miceun élmuna, biasana diképrét ku daun kélor nepi ka bisa maot. Sanggeus maot, waktu dimandian diképrét deui (ku daun kélor) supaya beresih tina sagala rupa mahluk jeung barang mistis nu masih napel dina awakna.
Nurutkeun sajarahna, kélor mimiti dimangpaatkeun kira-kira 2.000 taun saméméh Maséhi di India kalér. Masarakat di dinya ngamangpaatkeun kélor pikeun ngaracik ubar. Kélor, limaran (Jawa), moringa oliefera (Latin) mangrupa tatangkalan nu asalna ti Agra jeung Oudh, di Himalaya. Istilah “shigon” pikeun nyebut kélor geus ditulis ti mimiti awal Maséhi dina kitab “Shushruta Sanhita”. Aya bukti, kélor geus dibudidayakeun di India rébuan taun ka tukang. Masarakat kuna India geus nyaho yén siki buah kélor miboga minyak nabati nu bisa dipaké bahan ubar.
Salian ti di India, sababaraha nagara nu budayana maju gé geus ngamangpaatkeun kélor ti rébuan taun ka tukang, sanajan keur tujuan anu béda. Mangabad-abad ka tukang, tangkal kélor dibawa ka sababaraha wewengkon, ti mimiti wewengkon semi-tropis nepi ka wewengkon tropis. Ayeuna kélor aya, jadi, hirup di 86 nagara, ngaranna aya 210 rupa anu béda-béda. Di antarana : horse radish tree, drumstick tree, benzolive tree, marango, mlonge, moonga, mulangay, nebeday, saijhan, sajna atawa ben oil tree. Aya ogé nu méré ngaran dumasar kana mangpaatna nu pohara gedéna, upamana: mother best friend, miracle vegetable, jeung miracle tree. Tapi, ampir kabéh sapuk kana ngaran nu pangtungtungna, miracle tree alias tangkal ajaib lantaran mangpaatna loba.
Tangkal kélor nu aya di Indonésia kaasup spésiés Moringa Olievera, jangkungna antara 5 – 10 méter, tangkal jeung dahanna regas jadi gampang potong. Kulit tangkalna liat, hésé dipotong atawa diteukteuk, kudu maké péso atawa bedog. Daunna leutik buleud endog, nyusun dina ramo dahan. Kélor bisa hirup subur di daérah nu luhurna antara 300 – 500 méter luhureun laut (mdpl). Lantaran loba mangpaatna sarta teu bangga ngarawatna, loba nu ngabudidayakeun kélor ku cara sték. Gampang, teu kudu dicangkok.
Nu panggedé jasana dina sual kamekaran kélor tangtu Lowell Fuglie. Inyana dokter urang Prancis anu cicing jeung digawé di Sénégal, Afrika kulon. Lowell Fuglie mimiti nalungtik nutrisi nu aya dina daun kélor ahir taun 1990-an. Hasil panalungtikan Fuglie dipaké ku loba nagara pikeun ngubaran gizi buruk, utamana di nagara-nagara Afrika. Panalungtik ti Anna Technologi University, Tamilnadu, India, C. Senthil Kumar ngabuktikeun yén daun kélor bisa jadi hépatoprotéktor, ngajaga kaséhatan haté. Ceuk dokter jeung hérbalis ti Yogyakarta, dr. Sidi Aritjahja, kélor ngabogaan antioksidan nu alus pisan keur ngubaran panyakit nu aya hubunganana jeung masalah beuteung (pencernaan).
Hasil panalungtikan Khawaja Tahir Mahmood nu judulna “Moringa Olievera : A Natural Gift – A Review” nyebutkeun yén daun kélor miboga vitamin C nu satata jeung vitamin C nu aya dina tujuh buah jeruk. Daun kélor gé hadé keur kaséhatan panon sabab vitamin A dina daun kélor satata jeung opat wortel. Kalsiumna satata jeung kalsium nu aya dina opat gelas susu, kalium satata jeung nu aya dina tilu cau, protéin satata jeung protéin nu aya dina dua gelas youghurt. Kualitas daun kélor nu onjoy jadi kandidat pangan keur ngalawan malnutrisi. Keur budak umur 1 – 3 taun, kira-kira 100 gram daun kélor nu seger kénéh cukup keur nyumponan pangabutuh kalsium sapoé, 75 % pangabutuh zat besi, satengah pangabutuh protéin, sabagian gedé pangabutuh kalium, vitamin B, tembaga jeung asam amino éssénsial.
Daun kélor téh miboga leuwih ti 72 nutrisi jeung 46 rupa antioksidan, bisa ngubaran atawa nyinglar (mencegah) kira-kira 300 panyakit saperti nyinglar diabétes, hiperténsi, ngubaran ‘peradangan’, ngungkulan asam lambung jsb. Kélor gé miboga ampir sakabéh vitamin nu aya dina sayuran jeung bungbuahan. Ku lobana mangpaat keur kaséhatan, daun kélor disebut daun nu panglobana gizina saalam dunya. Euweuh ‘efek samping’ nalika dikonsumsi. Geus diuji coba, didokuméntasikeun jeung dibuktikeun sacara ilmiah guna jeung mangpaatna. Daun kélor bisa dikonsumsi ku budak leutik jeung jalma déwasa. Ayeuna geus loba diproduksi kapsul hérbal nu eusina ékstak daun kélor jeung entéh kélor.
Di sababaraha nagara daun jeung buah kélor dipaké pikeun bahan ubar, suplemén, kosmétik jeung kaperluan séjénna. Di Guatémala, masarakatna ngagunakeun daun kélor pikeun ngubaran inféksi kulit jeung bocok. Di Jamaika, taun 1817, minyak kélor digunakeun pikeun gaganti minyak tanah nu ngahasilkeun cahaya tan haseup. Di India, hususna India kalér, masarakatna percaya, ékstrak daun kélor bisa ngaronjatkeun stamina. Ku lantaran kitu, paraprajurit di India kalér nginum heula ékstrak kélor saméméh perang.
Di Filipina, daun kélor loba dikonsumsi ku ibu-ibu nu keur kakandungan jeung nyusuan. Keur nu nyusuan, daun kélor bisa ngaronjatkeun jumlah cisusu (ASI). Keur nu kakandungan, daun kélor miboga unsur zat gizi mikro nu dipikabutuh ku ibu-ibu nu keur kakandungan saperti béta (B3), kalsium, zat besi, fosfor, magnésium, zink jeung vitamin C. Ku lantaran kitu, di Filipina kélor disebut ‘mother’s best friend’, lumrah dijadikeun alternatif keur ngaronjatkeun status gizi ibu-ibu nu keur kakandungan. Bangsa Romawi, Yunani jeung Mesir ngagunakeun ékstrak minyak buah kélor keur bahan parfum jeung lotion kulit.
Ayeuna, kélor geus jadi komoditas bisnis nu bisa diékspor. Di Blora, Jawa Tengah aya Dudi Krisnadi nu jadi juragan kélor. Omzetna Rp 4 milyar/taun. Dudi Krisnadi ancrub kana industri kélor kajurung ku rasa prihatin, Indonésia boga hutang MDGs, kakurangan gizi. Waktu Présidén SBY ngayakeun program PMT (Pemberian Makanan Tambahan), Dudi Krisnadi ngajukeun kélor lantaran geus loba nagara nu rahayatna ngarandapan malnutrisi jeung stunting, bérés ku kélor.
Dudi Krisnadi gé kungsi miluan simposium moringa internasional di Filipina pikeun ngulik leuwih jero sual kélor bari mawa produk coklat kélor jieunanana. Mulang ti Filipiina loba urang luar negeri saperti Jerman, Israél, Arab, Amérika jeung Kanada datang ka Blora pikeun ngulik jeung nalungtik produk kélor nu dikokolakeun ku Dudi Krisnadi. Cara ngolah kélor nu dipaké ku Dudi Krisnadi disebut “Moringa Nutrition Lock Method”, métodeu ngonci nutrisi kélor. Dudi Krisnadi dianggap nu manggihanana.
Di Palu, Sulawesi Tengah, PT Kelor Organik Indonesia (PT KOI) nu fokus kana ngolah daun kélor, ngawangun pabrik munggaran jeung panggedéna di Asia Tenggara. Ieu pabrik téh resmi produksi bulan Méi 2022. Ku ayana pabrik kélor, gedé pangaruhna kana kahirupan masarakat Palu jeung sabudeureunana. Masarakat bisa melak kélor terus ngajual hasilna ka pabrik.
Taun 2020 Pamaréntah Provinsi Nusa Tenggara Timur (NTT) nyadiakeun lahan nu legana 100 héktar pikeun kebon, pabrik, jeung laboratorium kélor. Lokasina di Désa Raknamo, Kacamatan Amabi Oefeto, Kabupatén Kupang. Industri kélor di NTT bakal ngahasilkeun tipung kélor keur ngungkulan panyakit kurang gizi jeung stunting di NTT. Sésana keur diékspor. Laboratorium bakal jadi puseur panalungtikan kélor. Lian ti éta, Gubernur NTT Viktor Laiskodat ménta ka sakabéh bupati jeung wali kota ngawangun kebon kélor. Unggal kulawarga dipénta supaya melak kélor di buruan imah séwang-séwangan.
Di Nusa Tenggara Barat (NTB), Gubernur NTB DR. H. Zulkieflimansyah, M.Sc. ngaresmikeun pabrik entéh kélor Tri Utami Jaya di Swéta, Mataram, poé Senén tanggal 11 Januari 2021. Nurutkeun Diréktur CV Tri Utami Jaya Nasrin H. Muhtar, usaha jajamu jeung kélorna geus diékspor ka 13 nagara. Pausahaanna ogé geus ngayakeun MoU jeung 17 mitra patani di Pulo Lombok jeung Sumbawa. Tanah nu rék dipaké kebon kélorna 150 héktar.
Produk kélor Indonésia geus diékspor ka mancanagara. Produk daun kélor hasil olahan CV Surga Timur Indonésia diékspor ka Hongkong jeung Singapura. Produk BUMDés M’rian di Désa Kuféu Kabupatén Malaka, NTT, diékspor ka Jepang. Produk ti Jawa Timur diékspor ka Koréa Selatan, produk ti Banten diékspor ka Amérika. Produk ti Sumatra Utara mah diéksporna ka Australia jeung Éropa. Pangabutuh kélor global kakara kacumponan 30 %, lolobana ti India. Jadi, lolongkrang pikeun jadi usahawan kélor masih kénéh gedé. Prung! *






































Comments