Kolom Sosial Politik

MIgrasi Para Pangisep

0

Ku: Ridhazia

INDONESIA téh nagara nu miboga jumlah lalaki ngaroko pangluhurna di dunya. Ironisna, 7,4% tina total nu ngaroko téh masih kénéh umur 10–18 taun.

Dumasar kana data taun 2025, prevalensi lalaki ngaroko di Indonesia diperkirakeun ngahontal 73,2% tina populasi pangeusina.

Henteu kaleuleuwihi lamun “sumbangan” para nu ngaroko kana panghasilan nagara kacida gedéna. Ceuk béja mah nepi ka ngaleuwihan panarimaan tina kauntungan bersih sakumna pausahaan BUMN.

Migrasi Anyar

Tapi alatan kanaékan tarif cukai hasil tembakau (CHT) nu teu eureun-eureun kawas kieu, para nu ngaroko jadi korban.

Jeung kudu milih “migrasi” lantaran cukai nu mahal ngabalukarkeun harga roko mingkin ngajaul.

Tibatan eureun ngaroko, jutaan “panghisap” di nagri ieu pindah ka roko nu leuwih murah. Malah aya nu wani néangan roko tanpa cukai produksi rumahan.

Fenomena “downtrading” di Indonesia ieu jadi taktik balas dendam para pangudud ka nagara. Boroning lana, dalah sakeudeung ogé nyababkeun turunna produksi roko légal.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.