Kolom Mahasiswa

Vandalisme: Lain Ekspresi Seni?

0

Ku: Salsabila Ulfiah

Dumasar kana Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Daring Kamenterian Pendidikan, Kabudayaan, Riset, jeung Téknologi (Kemenbudristek), vandalisme miboga harti lampah ngaruksak jeung ngancurkeun hasil karya seni jeung barang anu miboga niley séjén saperti kaéndahan alam. Harti séjénna nyaéta vandalisme mangrupa perusakan jeung panghancuran sacara kasar jeung teu dipikir kumaha akibatna.  Beh dituna keureun kasebutna teh ngaruksak tur ngagalaksak.

Sigana geus teu bireuk deui jeung rupa-rupa gambar jeung coret-coretan anu ngahiasan wangunan kota. Ti mimiti témbok, gerbang, atawa wangunan kolot. Aya ogé sababaraha gambar jeung tulisan anu eces  ngaruksak fasilitas saperti rambu-rambu lalu lintas.

Aksi nyorat coret témbok jalan anu ngaruksak fasilitas ieu biasa disebut vandalisme. Aksi vandalisme teu boga aturan main anu écés. Vandalisme nyaéta tindakan anu sifatna ngaruksak. Vandalisme nyaéta paripolah anu henteu kudu ngaruksak wae, tapi oge teu nguntungkeun pikeun lingkungan atawa fasilitas umum. Tindakan ieu téh kacida ngarugikeunana, teu ngan pikeun diri sorangan, tapi ogé pikeun lingkungan sabudeureun.

Conto vandalisme nyaéta nyorat coret fasilitas umum, ngadurukan di mana wae saperti meuleum ban urut, ngancurkeun jandéla atawa wangunan, ngores mobil batur, nepi ka miceun runtah sakelewengna.

Masih loba kenehg deui tindakan vandalisme anu sigana kungsi katinen ku urang.
Maranéhanana nyorat coret témbok-témbok di kota, wangunan kolot, bahkan fasilitas umum ngan pikeun nembongkeun eksistensi komunitasna ka batur atawa lawan.

Dina aksina, coretan-coretan éta ngan saukur wangun logo, ngaran atawa slogan komunitasna anu dipidangkeun sacara basajan tanpa nganggap komposisi warna, garis, sarta karasa acak-acakan. Upami anjeun kungsi datang ka hiji tempat wisata jeung ningali coretan di témbok, kursi atawa batu, éta téh salah sahiji conto vandalisme.

Ngutip tina KlikDokter, loba faktor anu nyababkeun vandalisme, saperti pangaruh média sosial, kontén-kontén anu bisa mangaruhan remaja pikeun ngalakukeun aktivitas anu ngalanggar aturan jeung norma sosial, kaasup ngaruksak fasilitas umum.

Saterusna, lingkungan pergaulan ogé miboga pangaruh kana tindakan vandalisme. Cara mikir jeung paripolah remaja loba dipangaruhan ku batur di sabudeureunana nalika prosés néangan jati diri.

Panyabab séjén nyaéta asuhan kulawarga, tumuwuh di lingkungan anu teu haneut, serba dimanja, jeung teu kabuka bisa jadi mangaruhan remaja. Paripolah  anu impulsif ogé mangrupa salah sahiji panyabab jalma ngalakukeun tindakan tanpa mikirkeun akibatna.

Sanksi anu henteu palutat-paletot  ogé bisa jadi salah sahiji cara supaya vandalisme bisa dieureunan jeung para palakuna jadi kapok malah beh dituna bangbaungeun. Nu pamungkas nyaéta pamekaran psikologis remaja, prosés néangan jati diri biasana lumangsung dina umur remaja. Can stabilna kontrol diri jeung émosi ngajadikeun remaja rentan ngalakukeun vandalisme.

Sabalikna, seni graffiti mah biasana dilaksanakeun kalayan serieus, rapih, éndah, sarta ngagunakan komposisi warna, garis, jeung bentuk anu payus  waktu jeung kaahlian husus. Sanajan aya bédana anu jelas antara graffiti jeung vandalisme, teu mustahil yén para kreator graffiti ieu bisa ngarugikeun masarakat.

Ku alatan éta, maranéhanana perlu nyieun komitmen anu eces  supaya bisa nyingkahan kesan vandalisme anu jelas-jelas ngarugikeun masarakat. Misalna, milih waktu jeung tempat anu pas, sabab teu mustahil engké seni graffiti bakal meunang tantangan ti pihak-pihak séjén. Teu ngan ti nu  boga témbok tempat maranéhanana berkreasi, tapi ogé bisa ti pamaréntah minangka nu nanggung jawab kana aturan masarakat.

Aya sababaraha cara supaya bisa nyingkahan rupa-rupa masalah anu mungkin timbul dina nganyatakeun seni graffiti. Salah sahiji cara nyaeta ku nyieun kamufakatan  pikeun henteu ngalakukeun aksi sacara sembunyi-sembunyi.

Salian ti éta, pastikeun saméméhna geus ngalakukeun diskusi jeung meunang ijin ti nu boga témbok atawa wangnan. Éta mah teu hese, lin? Salian ti mere karéa  kreasidina berkarya, ogé bisa dijadikeun ajang promosi bakat anu bisa jadi ladang pagawean.

Aya sababaraha cara pikeun ngungkulan tindakan vandalisme. Di antarana dimimitian ti lingkungan pangdeukeutna  utamana kulawarga. Kulawarga kudu ngawangun komunikasi anu hadé supaya remaja henteu ngalakukeun kenakalan, tapi teu ngandung arti masung kabebasan kreativitas jeung cara mikir nu nyongcolang. Kabébasan di dieu maksudna kedah aya kontrol kulawarga, komitmen babarengan, jeung komunikasi anu alus antara kulawarga jeung remaja.

Saterusna, ngalakukeun kagiatan anu positif, saperti  ekstrakurikuler olahraga, musik, tari, fotografi. Kagiatan positif ieu tiasa ngajadikeun remaja sibuk dina waktu luang sarta nyingkahan tindakan anu mubah  mubazir. Cara séjén anu tiasa dilakukeun nyaéta perluna sanksi anu tegas ti masarakat jeung pamaréntah pikeun pelaku vandalisme supaya aya épék jera.

Ngungkulan vandalisme tétéla teu tiasa dilakukeun ku hiji pihak waé, saperti kulawarga. Perlu aya dukungan ti pihak séjén, utamana  lamun tindakan anu dilakukeun geus ngarugikeun kapentingan umum. *
* Salsabila Ulfiah, mikaresep masalah lingkungan sosial generasi milenial, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Kabupaten Sukabumi, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *