Kolom Sosial Politik

Situ Bagendit, Kari Waasna?

0

 

Ku: Ridhazia

SITU  Bagendit, situ wisata ikonik di Kabupaten Garut, Jawa Barat, kiwari beuki némbongkeun kaayaan anu ngarangrangan. canieum, camewek. Kaayaan ieu sabalikna pisan jeung kondisi sataun sanggeus diresmikeun dina Agustus 2023.

Proyék revitalisasi anu ngabiayaan nepi ka Rp87,73 miliar éta katingalina teu diurus sacara serius. Panorama anu baheula katingali “wah”, ayeuna ukur nyésakeun gambaran ironi.

Dina taun 2025 kungsi muncul béwara yén kurang leuwih 56 héktar wewengkon Situ Bagendit katutup ku gulma eceng gondok. Sanajan sempat dibersihan, hal éta teu otomatis ningkatkeun poténsi wisata cai di éta lokasi.

Dina sapanjang sisi situ anu kawentar ku mitologi Endit, kaayaan dina Saptu (24/1/26) geus teu matak pikaresepeun deui. Salila panénjo, katingali puing-puing parahu tradisional, rakit awi, sarta sapédah cai wisata nu paburencay, loba nu geus jadi rongsokan, kalabur, atawa karam.

Dermaga anu baheula didesain éndah sarta dilengkepan ku amphitheater, kitu deui wewengkon kuliner kalayan kerlap-kerlip lampu peuting nu kungsi jadi daya tarik média sosial, kiwari ukur bisa hurung-hurung sakadar aya.

Kaayaan destinasi wisata anu matak prihatin ieu sacara teu langsung motong harepan sabagian warga satempat pikeun néangan pangupa jiwa. Padahal, baheula tempat ieu dijangjikeun minangka rohangan pikeun ngaronjatkeun kasempetan panghasilan masarakat.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.