Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (26/02/2025). Sunda téh Islam, Islam téh Sunda. Éta geus jadi kacapangan, najan tacan tangtu sagemblengna bener. Bisa jadi lantaran Sunda jeung Islam téh dianggap dalit. Aya (atawa boa loba) ajén-inajén Sunda anu nyampak dina ajaran Islam. Éta pangna Islam asupna ka Sunda baheula téh teu hésé, da dianggap loba sasaruanana téa.
Dina galur sajarahna, tangtu waé masarakat Sunda anu geus Islam téh terus mekar. Geus loba nu robah alatan perbawa jaman. Upamana waé rupa-rupa kabiasaan urang Sunda dina mapag jeung ngaramékeun bulan puasa katut lebaran.
Haji Hasan Mustapa, jujulukna Bagawan Sirna di Rasa, dina mangsa keur jumenengna henteu ngan nyusun karya sastra waé (karéréanana dina wangun guguritan), tapi deuih pedaran anu patali jeung kahirupan urang Sunda, di antarana Bab Adat Urang Sunda Priangan jeung Lianna ti Éta anu medal dina taun 1913.
Mun nyaritakeun Sunda téh Islam, jeung Islam téh Sunda, dina tulisan Haji Hasan Mustapa mah mémang karampa. Karasa pisan dalitna antara Islam jeung Sunda téh. Dina ngagambarkeun suasana bulan puasa, upamana, anu dipedar ku Hasan Mustapa mah karasa pisan napakna dina budaya Sunda.
Dina ieu tulisan dicutat sacéréwéléna, ngeunaan puasa jeung lebaran, minangka pikeun babandingan jeung kakiwarian. Anu dirobah téh ngan ukur éjahanana wungkul.
***
Aya deui bulan anu diramékeun leuwih ti nu séjén, bulan puasa. Henteu aya adat anu anéh, ngan kajaba sok disarebut: bulan puasa henteu aya ririwa, sok diranté. Jeung sok diparantang kawin, malah loba nu nyarebut haram, henteu sah. Ditambahan ku babasan: pamali campur jeung pamajikan. Ari kawin lamun perlu-perlu mah, taya deui waktu, sok dilampahkeun baé, saperti: nu sok ditarik kawin ngareuneuhan, atawa sabab awéwéna katangkep disebut sundel gelap, atawa nu kaburu-buru rék arindit ngumbara, sabab éta mah kawin loba palanggaran adatna, lain kawin anu jeung adat cara désa. Ari anu matak ramé, sabab asal karaméan désa dicampur asal adat jeung agama.
Ari asalna puasa, pada boga watek sagala kahayang kudu jeung tapa, hartina nyegah baranghakan, ditambah ku agama rukun Islam kaopat, paréntah puasa.
Ari prakna mimiti tanggal 30 Rewah, baris isuk tanggal hiji puasa, aya dulag, di pakauman atawa kalebéan atawa pasantrén, bareng sapoé reujeung, niatna méré nyaho isukan baris munggah puasa.
Ninggang kana adat rék kana lampah hadé kudu beberesih, diganti ngaran dulag jadi dulag kuramas (diangir mandi), beberesih tina sagala kokotor. Basa kuramas lemes, kasarna diangir. Lamun lain rék puasa mah “kujamas”.
Poéan harita jalma awéwé lalaki geus pada cawis-cawis, pada boga itungan, subuh kénéh pada boga balanja ka pasar, ramé leuwih ti biasa, ngaranna “maréma”. Éta basa dipaké kana ramé-ramé pasar, sabab rék aya karaméan hal agama atawa adat kaum; tara dipaké kana ramé-ramé anu lian.
Adatna pakauman, atawa kalebéan atawa pasantrén ngalampahkeun kahadéan bulan puasa. Mimiti tanggal hiji pukul dalapan peuting ka masjid bari salat “tarawéh” enggeus isa; ditambah raména ku jalma-jalma anu tara biasa salatna di masigit atawa ku nu tara pisan salat, jeung ku barudak-barudak sarupa ulin, sabab dina tarawéh aya surak “salimoléh” satarikna sora barudak, jeung loba damar-damar leuwih ti biasa jeung sok aya bangsa nu dagang kahakanan leuwih ti sasari di buruan masigit. Sanggeus tarawéh, dipapagahan ku imam pok-pokan niat puasa; sakur nu daék tuluy milu tadarus maca Quran pilitgenti.
Sanggeus tadarus tuluy ngopi ngariung nu disebut “jajabur” hartina kadaharan kuéh-kuéh, amis-amis, kikiriman ti imah sabatur kaum sapantesna. Malah baheula-baheula mah aya balanjana katangtuan beunang motong tina milik saréréa bagikeuneun. Tapi sanggeus kauninga ku nu ti luhur aya tulisan dina buku vraagteeken, prokna: “Pésta-pésta saja?” Atuh urang kaum aréraeun. Tapi adat maksa ngahakan kadaharan ti nu méré jeung sukana sumawon nu ngahakan nu bogana. Nya kajadian henteu di unggal kaum.
Tepi ka pukul 12 peuting adatna dur deui dulag, ngaranna “dulag janari”, ngabéjaan nu rék nyatu janari, sok disebut “saur”, kudu ngasakan dahareun geus deukeut ka subuh, saperti antara pukul tilu jeung opat, isukan puasa sapoé.
Ieu peutingan nu tadi jeung poé ieu tanggal hiji puasa, leuwih raména tarawéh, lobana nu puasa, sabab bangsa anu balaka mah pokna: “Puasa, tarawéh kumaha lebé, urang mah ngan pitrah, nadran, kuramas; lamun boga nadran midang, tapi kudu nyantélkeun pitrah kana puasa, tamba nalapung sanajan tutup kendang (mimitina jeung panganggeusan).”
Lalampahan puasa jadi pagawéan anu berigama. Lalampahan tata cara bulan puasa bagian adat saréréa, nu matak karaméan pépéstaan, malem-malem pitrah, mitrahan, midang lebaran, silaturahmi, sasalaman, nadran ka astana-astana raména lain ku nu puasa, tapi ku adat bulan puasa.
Dina bulan puasa aya peuting nu dileuwihan ti nu sjén, nyaéta: malem salikur, tilu likur, salawé, tujuh likur, salapan likur; kudu baé dina soréna méméh buka pasuliwer anu sili kirim kadaharan, pangperluna ka lebé, ka kolot-kolot, sanajan sapiring, sumawonna ka nu tadarus di masigit.
Henteu aya adat diramékeun dikumpulkeun supaya jadi sakumpulan cara di tanah Jawa. Jeung adatna malem anu disebut tadi jalma-jalma gedé leutik parasang damar di hareupeun imah; jeung sok aya nu cicing di masigit lila, disebutna “i’tikap”, tapi ku sabab aya caritana dina salah sahijina peuting nu tadi bakal turun “laélatul kadar”, kahartina ku jelema aya kiriman ti Gusti Allah, terus baé nu kaluar ti imah cicing di masigit atawa jalan-jalan ngabungbang. Lamun ditanya: “Keur naon atawa rék naon?”, tangtu ngajawab: “Megat laélatul kadar”. Jeung jalma-jalma kacida ludeunganana beurang peuting; sabab caritana: jurig sétan ririwa, sabulan puasa eureun kabéh dirantéan; dikencarkeun geus lebaran.
Sanggeus tepi kana tanggal 30 bulan puasa, der deui dulag, lilana kira sajam, saperti dulag nu biasa. Dulagna isuk-isuk terkadang aya nu dulag lohor. Niatna ngabéjaan peuting engké tanggal hiji Sawal, walilat lebaran. Tapi ku sabab ngaranna basa Arab: idil pitri, lebaran buka puasa, sarta aya rukun Islam wajib jakat tina banda atawa tina badan, tur geus jadi adat kuat tutup wiwirang urang Islam, aya pitrah, ku sabab éta dulagna gé katelah dulag pitrah, sarupa bedug paréntah mawa pitrah.
Ari kakuatanana adat pitrah atawa mitrahan aya nu kasebut ngarti agama atawa ku sabab percaya kana carita agama, atawa ku sabab hayang ngarempug jeung batur saagama, tepi ka jadi babasan, lamun jalma dihina sok ngomong: “Na, ngahina kawas ka jalma teu kapitrahan baé.” Nu matak nu boga ahli deukeut, sok ngirim pipitraheun, ngaran mitrahan atawa dibikeun ka lebé jeung kur manéhna, pokna: “Pitrah kuring jeung indung jeung pamajikan diragum.”
Malah jalma-jalma di pakulian bujang-bujang sumawonna nu baroga anak rabi di lemburna, sabot walilat kudu balik heula, sumawonna lebaran puasa, nyaéta pokna: “Beurat ku mitrah, bener henteu aya di lebé, urang mah ngan derma mitrah, seja ngaberesihan awak.” Malah sok aya basa: “Pitrah nebusan awak tina karegedan kakotoran ku kadorakaan.”
Ari waktuna nu jadi adat mitrah supaya sajero bulan puasa baé. Ari nu asal waktu tina kitab tina asup panonpoé (magrib) tanggal hiji Sawal malem walilat.
Sanggeus tepi kana pukul kira genep leuwih saeutik, sanggeus kumpul jelema marilu salat lebaran; sanggeusna terus hutbah.
Lebaran jadi adat jalma-jalma lalaki kolot budak nu biasa kana salat pada daratang kabéh ka masigit.
Nurutkeun kapercayaanana kana carita turun imbar (tamat hutbah) nu hutbah jeung kabéh tangtu sasalaman ka nu hutbah jeung ka para baturna. Éta turun imbar jadi omongan waktu lebur dosa, hudang nu dikubur, maridang jalma nu hirup sabogana-sabogana. Tina kitu matak jadi nelah lebaran.
Sanggeus turun ti masigit pasuliweran jalma-jalma awéwé lalaki kolot budak, malah awéwé kolot budak nu pangmerlukeunana kana karaméan puasa jeung lebaranana sili anjangan, sasalaman, sili tobatan, sili hampura, sumawon ka kolot-kolot ka dunungan-dunungan ka guru-guru. Sawaréh jalma saharita terus ka astana karuhun nadran. Panteg-panteg henteu boga pakéan oge nginjeum sakalian nadran mah maksa.*
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis, novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments