Ku: Ridhazia
PUASA lain ngan saukur eureun dahar jeung nginum salila sababaraha jam, tapi ogé minangka prosés “repair and restore” supaya manusa bisa terus hirup séhat.
Sabab puasa lain saukur nahan lapar jeung dahaga (starvation). Dina Islam, ibadah puasa jadi kasempetan pikeun awak ngaso tina prosés pencernaan anu lumangsung terus-terusan (metabolic resting), tanpa kudu kaleungitan gizi anu ésénsial.
Puasa Vérsi Saintis
Dirangkum tina panalungtikan para saintis di kalangan élmuwan kadokteran, kabuktian yén nalika puasa, awak ngalakukeun beberesih internal. Awak ogé ngalereskeun komponén sél anu ruksak supaya bisa balik deui kana fungsi normalna.
Dina élmu kadokteran, puasa mantuan ngatur ulang métabolisme. Nalika teu aya asupan dahareun, awak ngurangan peradangan (inflamasi) sarta ningkatkeun sensitipitas insulin.
Téori ieu digambarkeun dina narasi saurang dokter saperti kieu:
“Waktu urang dahar terus-terusan, awak ngagunakeun glukosa (gula) minangka bahan bakar utama. Sedengkeun nalika puasa, cadangan glukosa béak, sarta awak anu tetep aktip bakal ngalih ngagunakeun lemak minangka sumber énergi (ketosis).”
Nurutkeun éta dokter, mékanisme évolusi alamiah ieu bisa ngajadikeun awak leuwih éfisién dina normalkeun kadar gula getih sakaligus ngaduruk lemak. Hartina, puasa boga fungsi pikeun ngurangan résiko diabetes jeung panyakit kardiovaskular.*
*Ridhazia, dosen senipr Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, ngankrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments