Ku: Ridhazia
DIWARTAKEUN, Amerika Serikat jeung Iran nunda perang. Dua nagara éta tepung dina méja rundingan. Jalur diplomasi ieu diprakarsai ku Pakistan. Tapi hasilna gagal. Teu aya kasapukan anu substansial.
Sanajan kitu, Présidén Donald Trump ngumbar ka dunya ku diksi provokatif anu nyasabkeun yén: “Iran geus éléh perang!”
Parameter Perang Modéren
Dina perang modéren, pikeun netepkeun hiji nagara éléh perang, paraméterna kacida kompléksna. Mangrupa gabungan tina rupa-rupa faktor.
Ruksakna ékonomi wungkul lain alesan hiji nagara bisa langsung dinyatakeun éléh. Iwal lamun aya kakosongan kakawasaan (vacuum of power).
Hartina, rézim anu keur nyekel kakawasaan teu keur kaleungitan légitimasi. Teu katingali aya pasalia paham anu signifikan antar-faksi pulitik di jero nagri. Malah militérna ogé kénéh solid dina kadali nagara.
Iran: “Will to Fight!”
“Will to fight” mangrupa frasa anu ilahar dipaké dina kontéks peperangan. Ieu disposisi pulitik pikeun nguatkeun daya tahan tarung sarta kahayang pikeun meunang.
Frasa ieu nempel pageuh ka Iran. Hiji éntitas bangsa anu unik. Leuwih ti éta, sacara sajarah Iran jadi hiji-hijina nagara anu diwangun ku fondasi idéologis anu ngakar kana ajén-inajén agama jeung kapamingpinan ulama.
Ketahanan spiritual anu jarang kapanggih di sakuliah dunya— mangsa kasabaran, harga diri, jeung kategep haté (resiliénsi) ngakar pageuh dina getih bangsa Iran pikeun terus bertahan dina sagala kaayaan hésé.
Kabuktian, Iran masih kénéh tangguh dina nyanghareupan tekanan koléktif jeung isolasi internasional. Tetep nangtung pageuh nyanghareupan blokade jeung sanksi ékonomi.
Malah percaya diri sarta teu kagoyang ku ancaman géopolitik ti nagara tatangga anu non-Syiah. Tibatan runtuh, nagri para mullah ieu malah beuki nguatkeun diri pikeun nangtung dina suku sorangan.
Kitu deui dina nyanghareupan ékspansi kakerasan bersenjata ti Amerika Serikat jeung Israel ayeuna.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Dkati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeing pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments