Ku : Ratu Afril Mauliani Yody
Sagala rupa perilaku atawa polah panyiksaan (perundungan ) di kalangan rumaja jadi masalah anu beuki pikahariwangeun dina sababaraha taun ka tukang. Dina awal taun 2024, Komisi Perlindungan Anak Indonesia (KPAI) nampa 141 aduan perkara panyiksaan ka budak, 35% di antarana mangrupa kajadian di sakola.
Di sagedengan eta, sagala kamajuan téknologi anu aya sarta kamudahan pikeun ngaksésna, kabehdieunakeun geus ngabalukarkeun mecenghulna rupa-rupa pasualan negatif, di antarana tindakan perundungan dina média sosial. Malah ti taun ka taun teh mingkinn mahabu wae.
Rumaja anu sabenerna kudu ngalakonan mangsa anu pinuh ku eksplorasi jeung kabagjaan, tayohna malah kapaksa kajebak dina periode kasieun jeung rupa-rupa tekanan psikologis. Data nunjukkeun yén loba pisan korban anu ngalaman dampak jangka panjang, kaasup masalah kaséhatan méntal anu serius, saperti gangguan émosi, masalah mental, gangguan sare, nurunna prestasi.
Kasang tukang atawa faktor penyebab sebaran tina perundungan ieu téh kompleks. Salah sahiji faktorna nyaéta kurangna pamahaman jeung empati di antara rumaja éta sorangan. Loba rumaja anu kajebak kana norma sosial anu salah. Upamana wae nunjukeun polah agresif teh dianggap keren, atawa jadi ukuran kakuatan fisik individu.
Salian ti éta, pangaruh lingkungan, boh di imah boh di lingkungan sakola, ogé penting pisan. Lamun kolot atawa pendidik teu nyontoan sikap anu hade sarta henteu ngajarakeun nilai-nilai silih ngahargaan, polah négatif ieu bisa waé terus-terusan lumangsung dina kahirupanana.
Penting pisan pikeun urang ngalakukeun léngkah-léngkah konkrit pikeun nyegah perundungan. Salah sahiji solusi anu bisa dilakukeun nyaéta ningkatkeun pendidikan karakter di sakola, anu henteu ngan ukur ngajarkeun akademik, tapi ogé nilai-nilai moral jeung sosial. Sakola bisa ngajalankeun program anti-perundungan anu ngalibatkeun sakumna elemen, ti mimiti siswa, guru, nepi ka kolot. Saterusna, kampanye kasadaran di média sosial ogé bisa jadi alat anu épéktif pikeun nyebarkeun pesen positif sarta ngawangun solidaritas di kalangan rumaja.
Ahirna, perlu diciptakeun lingkungan anu aman jeung ngadukung rumajapikeun miboga sikep tanggung jawab nu gede boh sacara individu boh sacara kolektif. Sakumna lapisan masarakat kudu aktip dina ngeureunkeun perundungan, boh salaku individu boh salaku bagian tina masarakat. Saterusna ngawangun sikep silih dukung jeung pola komunikasi terbuka, sangkan rumaja beuki ngarasa diajenan jeung oge parigel ngajenan batur, sasama, atawa kanu geus dewasa. Ku kituna, dipiharep engkena rumaja bisa tumuwuh jadi individu anu séhat, percaya diri, jeung empati ka sasama. *
*Ratu Afril Mauliani Yody, lahir di Sukabumi taun 2005, paminat masalah sosial milenial, mahasuswa Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.
Comments