Ku: Nazwa Aulia
DINA sababaraha taun ka tukang, podcast jeung konten kreator ngora beuki populér di Indonesia. Platform digital saperti YouTube, Spotify, jeung TikTok méré rohangan ka barudak ngora pikeun némbongkeun diri, ngabagi pangalaman, jeung nembongkeun pamadegan ku cara nu leuwih bébas batan média tradisional.
Podcast ayeuna jadi médium favorit pikeun ngabahas rupa-rupa topik, ti mimiti pendidikan, hiburan, politik, nepi ka kaséhatan mental. Bisa didéngékeun bari kagiatan sapopoe ngajadikeun podcast jadi pilihan loba mahasiswa jeung pagawe ngora di kota-kota gedé.
Konten kreator ngora ogé teu ngan ukur nyieun video hiburan wungkul, tapi mindeng ngabahas isu sosial, budaya, jeung politik ku cara anu hampang jeung gampang kaharti. Ku kituna, informasi nu mindeng rumit jadi leuwih deukeut jeung audién ngora.
Fenomena ieu nuduhkeun yén generasi ngora hayang turut aktip dina narasi publik. Maranéhna teu ngan ukur jadi pamaké média, tapi ogé produser kontén anu bisa mangaruhan pamadegan jeung gaya hirup loba jalma.
Sanajan kitu, popularitas konten kreator jeung podcast ogé nyangking tangtangan. Informasi nu teu diverifikasi, judul nge-clickbait, jeung pamadegan ekstrim kadang nyebar ka mana-mana. Hal ieu nungtut audién ngora supaya tetep kritis jeung pinter milih kontén nu dikonsumsi.
Sababaraha konten kreator ogé mimiti ngamangpaatkeun fenomena ieu keur tujuan positif, saperti edukasi, kampanye sosial, jeung ngamekarkeun kreativitas barudak ngora. Kolaborasi jeung komunitas atawa brand lokal ngajadikeun kontén maranéhna leuwih rupa-rupa jeung boga pangaruh.
Kalawan loba wadah digital jeung kreator ngora nu mekar, podcast jeung konten kreator jadi bagian tina budaya urban anyar di Indonesia. Generasi ngora manggihan rohangan pikeun nyarita, némbongkeun diri, jeung ngawangun identitasna ngaliwatan sora, video, jeung kreativitas digital.*
* Najwa Aulia, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan nu pakait jeung kaum generasi Z jeung kaom milanial, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments