Panyawang: Yostiani Noor Asmi Harini
SundaNews (30-11-2024) Judul Novel: Istri-Istri Nu Dipihormat. Pangarang: Memen Durachman. Pamedal: Penerbit PT Pustaka Jaya Bandung. Taun Medal: Citakan Kahiji 2021. ISBN : 9786232218215. Jumlah Kaca: 116 kaca.
Istri-Istri Nu Dipihormat nyaéta judul novel dina basa Sunda. Dina basa Indonesia, judul ieu hartina “Perempuan-Perempuan yang Dihormati“. Novel ieu ngajugjug kana pasualan kahormatan.
Novel ieu nyaritakeun tilu awéwé anu miboga posisi anu dipihormat. Maranehna nyaéta Dewi Kunti salaku Ketua DPRD Kota Bandung, Dewi Kania salaku Wali Kota Bandung, jeung Dewi Asri salaku Ketua DPRD Provinsi Jawa Barat.
Dina kiprahna, katilu awéwé nu dipihormat ieu teh boga cita-cita pikeun ngarobah “tradisi ngotok ngowo di lembur jadi tradisi ngumbara” (tradisi cicing di tanah kalahiran jadi tradisi ngajajah ka luar). Numutkeun arinyana, tradisi ngumbara bisa ngajadikeun masarakat Sunda leuwih dinamis.
Pikeun ngawujudkeun cita-cita éta, tiluanana gawé bareng jeung awéwé-awéwé anu ogé dipihormat. Contona, Siti Masyitoh anu miboga jabatan luhur di kampus, Husnul Khotimah anu miboga posisi luhur di sakola, jeung Ihlasiah anu miboga pangaruh di organisasi kaagamaan.
Novel ieu ogé ngaguar kritik ngeunaan “awéwé super” anu hirup dina konstruksi budaya patriarki. Tokoh-tokoh awéwé dina novel ieu dipidangkeun sukses dina ngahontal kahormatan dina wangun posisinu luhur di ranah publik. Tapi, maranehna ogé gagal dina kahirupan domestikna mah.
Salian ti éta, novel ieu ngaguar kritik kana “laki-laki super” anu ngan ukur fokus kana karir di ranah publik. Akibatna, lalaki éta leungit rasa hormat ti pamajikanana jeung gagal dina kahirupan domestik, ngabalukarkeun rumah tangga anu hambar.
Contona, salaki Dewi Kunti, hiji profesor biologi anu boga cita-cita meunang Hadiah Nobel, jarang pisan balik ka imah sabab sibuk ku karirna. Salaki Husnul Khotimah ogé sarua, sanajan aktif di masjid, jarang ngurus pasualan rumah tangga sapopoe jeung pamajikanana.
Persoalan kahormatan anu rumit di ranah publik jeung domestik ieu disusun jadi carita anu pikaresepeun dina novel ieu. Pamaca disuguhan perspektif anu saimbang tina kajadian anu dialaman ku awéwé jeung lalaki. Keseimbangan ieu mangrupa usaha pangarang pikeun nawarkeun pamahaman anu komprehensif.
Cara pangarang nyusun carita liwat alur, tokoh, latar, jeung sudut pandang nuduhkeun kaimeut nu gede dina ngapungkeun gagasanana. Munasabah, novel ieu nyangking juara kahiji dina lomba ngarang novel basa Sunda anu diayakeun ku Majalah Manglé taun 2015.
Memen Durachman hadir salaku pangarang anu jadi kritikus sakaligus panyadia solusi pikeun masalah tradisi di masarakat Sunda. Ku kituna, teu anéh lamun pangarang jadi nominator Hadiah Sastra Rancagé taun 2021 pikeun novél Istri-Istri Nu Dipihormat. Pacabakan sapope pangarang jadi dosen senior di FPBS UPI Bandung.
Hadiah Sastra Rancagé, mangrupa hiji kahormatan anu dipasrahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé nu diluluguan ku Ajip Rosidi almarhum ka para pangarang jeung jalma-jalma sejenna anu boga jasa dina ngamekarkeun basa jeung sastra daerah. *
*Yostiani Noor Asmi Harini, dosen Basa jeung Sastra Indonesia, Depdiksatrasia, FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Bandung, Jawa Barat.
Comments