Resensi Buku

Nyaliksik Fenomena Transformasi Media Kiwari

0

Ku: Rifdah Zalfaa

Judul buku: Teori-Teori New Media: Perspektif Komunikasi, Sosial-Budaya, dan Politik-Ekonomi. Penulis: Prof Dr Moch. Fakhruroji, MA. Penerbit: Simbiosa Rekatama Media, Kota Bandung, Jawa Barat. Citakan: Kahiji, November 2024. Kandel: 238 Kaca. Harga: 105.000. 

Istilah media anyar geus dipaké ti sababaraha dasawarsa kamari pikeun nerangkeun parobahan jeung kamekaran nu kacida gancangna dina widang élmu komunikasi, média, jeung téknologi.

Dina jaman média massa, média teh estuning didominasi ku koran, tévé, pilem, jeung radio anu ayeuna mah geus ngalaman évolusi jeung konvérgénsi anu kacida drastisna nepi ka urang bisa ngaksésna ngaliwatan halaman wéb atawa aplikasi digital.

Ku sabab kitu, média anyar teh teu ukur ngarujuk kana aspék newness (kabaruan), tapi ogé kana aspék transformasi média nu mangaruhan parobahan cara urang komunikasi jeung interaksi sacara leuwih lega.

Kamekaran internet jeung média sosial mindeng dituturkeun ku masalah nu hésé diterangkeun. Di hiji sisi, internet méré kauntungan dina kahirupan sapopoé urang, tapi di sisi séjén ngaluarkeun sababaraha akibat sosial-budaya anu bisa ngasingkeun urang tina kanyataan.

Internet teu ukur ngarobah aktivitas komunikasi, tapi ogé mangaruhan praktek jeung norma-norma sosial-budaya anu geus mapan. Buku ieu nyoba ngajelaskeun sababaraha téori nu tumuwuh dina widang élmu média anyar kalayan parspective komunikasi, sosial-budaya, jeung politik-ekonomi.

Euyeubna jeung mucekilna perspektif dina buku ieu ngajadikeunana  salah sahiji sumber anu penting pikeun mahasiswa, dosen, panalungtik, jeung profésional anu hayang ngarti tur neuleuman leuwih jero ngeunaan praktek komunikasi sosial-budaya, jeung politik-ekonomi dina jaman média anyar kiwari.
* Rifdah Zalfaa, mikaresep dunia pabukuan, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Jakarta.

      

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *