Ku: Rifdah Zalfaa
AYA beja nu ngabagéakeun ngeunaan dana desa pikeun ningkatkeun kahirupan urang di kampung. Aya leuwih ti 75.000 kampung nu geus meunang duit nu totalna Rp 50,35 triliun ti pamarentah. Ieu teh nuduhkeun yen pamarentah bener-bener hayang ngarobah kahirupan rahayat jadi leuwih sae. Tapi, kudu aya cara nu leuwih pinter deui jeung canggih pikeun kumaha cara ngamanfaatkeunana.
Salah sahiji cara pangpentingna nyaéta ku cara ngabagikeun duit sacara langsung ka warga nu butuh, utamana pikeun balanja sembako sapopoé jeung ngurangan masalah stunting (awak mereketetet teu saimbang jeung ukurna). Program kieu penting pisan pikeun ngajamin kahirupan warga nu kurang mampu, utamana pikeun kaséhatan balita jeung saujuran sakola dasar (SD). Lamun urang teu narekahan masalah stunting ti ayeuna, bisa jadi generasi urang mangsa kahareup bakal jadi kurang sehat. Enya ririwit tea.
Dina widang ekonomi, ngasongkeun duit keur pertanian ogé penting pisan. Ku cara ngabagikeun pupuk jeung ngalatih para patani, pemerintah ngaharapkeun produksi pertanian bisa ningkat. Ieu teh teu ngan ukur nguntungkeun para patani, tapi ogé bisa nyiptakeun loba pagawean anyar di kampung.
Tapi, aya ogé hal-hal nu kudu diperhatikeun dina ngagunakeun dana desa. Kampung-kampung mah sapan ok hésé ngarencanakeun jeung ngatur duit. Ku sabab kitu, ppamarentah kudu leuwih ngadukung kampung-kampung supaya bisa ngagunakeun duit ieu pikeun program-program nu bener-bener diperlukeun ku warga.
Hal séjén nu penting nyaéta kabéh urang kudu nyahi kumaha duit dana desa ieu dipaké. Ku cara molototan nalingakeun (pengawasan) sarta nyieun sistem nu transparan. Ku kituna urang bisa ngajamin yén duit eta teh dipaké pikeun hal-hal nu bener jeung bener. Mun bisa kitu, meureun jurang pamisah antara kota jeung kampung teh, utamana dina widang ekonomi jeung panghasilan masarakat, moal lungkawing teuing. *
* Rifdah Zalfaa, lahir di Jakarta 2004, aktip di komunitas SundaNews, mahasiswa Jurusan Ilmu Komunikasi Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Jakarta Timur.
Comments