Kolom Mahasiswa

Ngarobah Stigma Masarakat: Ulah Pipilueun Kana Politik

0

Ku : Farhan Maulana Herpiandi

Pulitik sering dianggap bagian integral tina kahirupan masarakat, kusabab pangaruh anu jero dina ngatur sagala rupa aspék kahirupan nagara. Hanjakal, di Indonésia, pulitik ayeuna leuwih pakait jeung pamaréntahan anu pinuh ku prak-prakan kakawasaan anu condong pragmatis.

Hal ieu  nyababkeun pulitik dipersepsikeun kawas kaulinan anu kotor tur kejem, hususna kusabab ningkatna pulitik praktis jeung pulitik identitas dina kahirupan sapope nu loba pakuat-pakait jeung masalah agama, seler, ras, etnis.

Stigma négatif ieu teu bisa leupas tina rupa-rupa kasus korupsi, manipulasi jeung panyalahgunaan kakawasaan anu geus lumrah di kalangan elit politik.Ceuk sawangan balaréa, pulitik téh mangrupa ajang anu pinuh ku intrik, nepi ka pasualan  étika remen  dimomorekeun pikeun kapentingan pribadi atawa kelompok.  Masarakat nempo yen geuning pulitik teh pinuh ku sagala  nu kalalotor tur pikarujiteun. Pulitik teu bisa dipercaya sabab tayohna mah pinuh ku bahaya.

Tapi, upama nilik kana sajarah jeung hakekat pulitik éta sorangan, pulitik téh sabenerna mangrupa seni ngatur kakawasaan pikeun ngahontal kamaslahatan umum. Dina wangun ieu, pulitik lain ngan saukur alat pikeun meunangkeun kakawasaan, tapi ogé mangrupa sarana pikeun ngawujudkeun kaadilan sosial, karaharjaan rakyat jeung penegak hukum nu adil. Pulitik, upama dilaksanakeun kalawan bener, bisa jadi jalan pikeun ngabangun bangsa anu bermartabat jeung beradab.

Dina kontéks ieu, penting pikeun urang ngarobah paradigma jeung pandangan urang ngeunaan pulitik. Pulitik teu salilana goréng atawa kotor. Lamun dilaksanakeun kalawan prinsip moral nu kuat, pulitik bisa jadi kakuatan positif nu ngajadikeun parobahan konstruktif pikeun masarakat. Pentingna partisipasi aktif masarakat dina pulitik teu matak dipaliré, sabab ngan ku sadar jeung kritis bisa mastikeun yén pulitik di nagara ieu ngalir ka arah nu hadé.

Ku kituna, perlu aya tarékah babarengan pikeun ngadidik masarakat sangkan paham kana pulitik sacara leuwih jero, ogé ngajurung generasi ngora pikeun aktip dina pulitik kalawan sumanget idealismeu nu luhur. Ku cara kieu, urang bisa mulangkeun pulitik ka jalur anu hade, yen politik jadi  eunteung pikeun nilai-nilai kahadean jeung tanggung jawab dina merjuangkeun kapentingan umum. *

           * Farhan Maulana Herpiandi, mikaresep bahasa jeung budaya Sunda, mahasiswa Jurusan  Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *