Kolom Mahasiswa

Ngarobah Kahariwang Kolektif

0

 

Ku: Rizky Hidayat Ardyansah 

SABABARAHA bulan ka tukang, masarakat Indonesia  katarajang ku naik-turunna harga kabutuh sapopoé deui. Sanajan ieu téh lain hal anyar, unggal kajadian sok waé nimbulkeun kahariwang anu karasa dina kahirupan sapopoe. Di pasar tradisional, para padagang bingung netepkeun harga anu pantes, sedengkeun konsumén kudu leuwih hemat dina meuli kabutuh.

Naékna harga ieu nuduhkeun kumaha kahirupan ékonomi urang téh sabenerna dipangaruhan ku rupa-rupa faktor nu lain ékonomi wungkul, kayaning kaputusan pamaréntah, sentimen politik, ogé dinamika global. Kaputusan anu dikeluarkeun di pusat mindeng karasa telat ku warga di daerah. Antukna, jarak antara “kajadian” jeung “rasa” anu dialaman ku masarakat jadi beuki lega.

Sisi séjénna, ruang digital malah nambahan kahariwang éta. Médsos jadi tempat pikeun silih tukeur informasi, tapi ogé tempat sumebarna sarupaning info nu teu paruguh. Warta anu saenyana diharepkeun bisa méré katerangan malah sok kauruban ku spékulasi jeung opini anu kadang teu pasti. Masarakat jadi leuwih hésé ngabédakeun mana informasi bener jeung mana anu ngan ukur nyasabkeun.

Fenomena sosial saperti kieu nuduhkeun yén literasi informasi téh jadi kabutuhan penting. Henteu saukur bisa maca warta, tapi ogé ngarti kana kontéks ékonomi jeung politik anu mangaruhan kahirupan sapopoé. Lamun literasi ieu kuat, masarakat moal gampil kapangaruhan ku parobahan anu sifatna samentara.

Sajatinna budaya urang miboga modal sosial anu gedé: gotong royong, musyawarah, jeung solidaritas. Tapi dina ékonomi modéren ayeuna, nilai-nilai éta sok  kepeupeuh ku banjirna informasi digital anu sakitu mahabuna. Dina kaayaan tekanan kahirupan sapopoé, kasempetan pikeun ngawangun pamahaman babarengan jadi leuwih sempit.

Sanajan kitu, lain hartina urang teu boga harepan. Kiwarina loba komunitas berbasis warga anu mecenghul—ti kelompok indung-imah nepi ka forum barudak ngora—anu bisa jadi panyetél dina kaayaan informasi anu rame. Maranéhna silih bagi data harga, meuli kabutuhan sacara kolektif, nepi ka silih tulung dina kaayaan darurat. Ieu ngabuktikeun yén kakuatan sosial tétéla masih penting.

Ahirna, fluktuasi ékonomi mah moal bisa dihindarkeun. Tapi kumaha urang ngaréspon parobahan éta nu bakal nangtukeun mangsa ka hareup. Lamun pamaréntah leuwih panceg ngajaga stabilitas, média leuwih tanggung jawab kana akurasi, jeung masarakat leuwih wijaksana dina nyaring informasi, kahariwang koléktif bisa robah jadi énergi sosial anu ngawangun.*

*Rizky Hidayat Ardyansah, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan  seminar proposal pikeun panalungtikan skriipsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.