BAHASAN

Neunggar Cadas Jadi Villa Isola

0

SundaNews (17-11-2024). Dominique Willem Berretty—bapana urang Itali, ari indungna Jawa tulén. Usahana kana ngokolakeun média, Algemeen Niews en Telegraaf Agentshap (Anita). Kasép, beunghar, jeung sohor. Tangka dina koran Sipatahoenan ditulis, “Kawentar koe hiroepna noe sesa seubeuh. Kawentar koe mere mawehna. Kawentar koe … affairena”.

Jadi Tuan Berretty téh lain waé jugala, tapi deuih sapopoéna diriung-riung ku gelung, digéndéng-géndéng ku angkéng. Cenah, nu kacatet wungkul gé kawinna téh geus genep kali. Mun ceuk juru pantun mah: di nu lenjang resep sindang, di nu geulis resep nyanding, ka enggon nu dénok genah mondok, nu goréng mah keur cadangan.

Ngan waé si tuan téh neunggar cadas, waktu mikahayang anak Gupernur Jénderal Cornelis de Jonge di Batavia. Manéhna teu disatujuan waktu hahadéan jeung éta anak pamingpin pangluhurna di Hindia Walanda. Barretty ambek, murang-maring, jeung asa dilélécé.

Ari meupeus keuyangna, Barretty terus nyieun gedong anu dirupakeun karaton dina mumunggang sisi jalan ka Lémbang. Rék sabaraha waé méakkeun waragadna, Barretty moal mundur. Pokona éta wangunan kudu ngawujud, dilengkepan ku taman anu kawilang éndah (jigana Barretty kailhaman ku Syah Jehan anu ngawangun Taj Mahal di India, minangka panineunangan ka praméswarina—Mumtaz). Ari nu dipercaya jadi arsitékna nyaéta CP Wolff Schoemaker.

Sanggeus ngajenggléng, dina lawang utamana ditulisan M’isolo e vivo, anu pimaksudeunana “Kuring mencilkeun diri nyorangan pikeun manjangkeun lalakon hirup”. Éta wangunan ahirna katelah Villa Isola—kiwari disebut Bumi Siliwangi deuih.

Dua taun ti tas ngawangun Villa Isola, dina bulan Désémber 1934, Barretty tilar dunya alatan kapal udara anu ditumpakanana ragrag di wewengkon Timur Tengah, waktu nyorang lalampahan Amsterdam-Batavia. *

          (Artikel ieu ditulis ku Tatang Sumarsono, jurnalis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali narima Hadiah Sastra Rancage. Sumberna tina tulisan Prof. Dinn Wahyuddin. Ari fotona mah tina internét)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in BAHASAN