Kolom Mahasiswa

Neangan Hikmah Tina Kahirupan Sapope

0

 

Ku: Kohar Rasyidin

SundaNews (22/12/2024). Nyiptakeun harti dina kahirupan sapopoe teh lain perkara anu gampang, tapi oge lain hal anu mustahil pikeun dilakukeun. Dina unggal tarikan napas, kahirupan nembongkeun loba pisan hal anu bisa dijadikeun pelajaran. Kadang-kadang, harti kahirupan teh kapanggih dina hal-hal leutik anu mindeng dipopohokeun. Contona wae imut jalma anu dipikanyaah, sora hujan anu ngirincong kawas musik alam, atawa sapiring sangu anu disadiakeun ku indung di meja makan.

Aya mangsana urang bakal ngarandapan hirup teu neut paeh teh hos lieuk euweuh ragap taya, siga aya anu kurang. Tapi, sabenerna anu kurang teh lain hirup urang, tapi cara urang ningalina. Makna kahirupan bakal karasa lamun urang siap muka hate pikeun narima satiap momen dina kahirupan, komo momen anu kadang-kadang dianggap  leutik pisan. Upamana, waktu urang ngadenge carita ti kolot ngeunaan perjuangan hirup maranehna, urang bakal ngarasa kumaha pentingna syukur kana naon anu geus tumiba ka urang sadayana.

Dina kahirupan sapopoe, urang diajar tina sagala rupa pangalaman, boh anu bagja atau nu matak nganyerikeun. Ti dinya, urang bakal ngarasa yen harti hirup teh henteu salawasna aya dina kawilujengan. Kadang harti hirup teh aya dina kasabaran urang waktu nyanghareupan sagala rintangan, dina kahadean urang ka sasama, atawa dina niat pikeun ngaronjatkeun diri sanajan ngan saeutik.

Harti hirup oge kapanggih waktu urang bisa ngajadi manusa anu bermanfaat keur batur. Basa batur ngahaturkeun nuhun lantaran pitulung urang, sanajan ngan saukur saeutik, eta geus cukup pikeun ngabeungharkeun jiwa urang. Dina momen sapertos kitu, urang sadar yen kahirupan teh sanes ngan saukur ngeunaan diri sorangan, tapi ngeunaan kumaha urang bisa nyieun dunya ieu jadi tempat anu leuwih hade pikeun sakumna mahluk.

Ku kituna, hayu urang nyaritakeun kahirupan sapopoe kalayan cara anu bermakna. Meureun, bisa dimimitian ku hal anu saderhana, diantawisna mere waktu pikeun ngadengekeun batur, nganuhunkeun ka anu geus nulungan urang, atawa ngan saukur ngahargaan pamadegan batur. Ku cara kitu, urang bakal sadar yen kahirupan sapopoe teh pinuh ku harti anu teu kungsi beres ditalungtik.

Sanajan kitu, dina jalan nyiptakeun harti kahirupan, urang oge kudu siap narima kenyataan yen teu sakabeh momen bakal hade. Aya kalana urang kudu nyanghareupan kasusah anu ngagerem, tapi eta teh bagian ti proses. Tina kasusah, urang diajar kumaha ngahargaan kabagjaan. Tina kasalahan, urang diajar kumaha pikeun teu malikeun deui hal anu sarua. Hirup teh henteu salawasna lempeng, tapi ti unggal liku-likuna urang tbisa manggihan hikmah anu henteu aya papadana

Cindekna, ulah reuwas pikeun milampah kahirupan. Ulah ringrang nyanghareupan hahalang, sabab hahalangb teh anu ngajadikeun hirup urang langkung bermakna. Ngaliwatan sagala nu lumangsung, urang bisa ngawangun kahirupan anu langkung kuat, langkung wijaksana, jeung langkung pinuh ku harti. Dina satiap lampah, dina unggal kecap, hayu urang pastikeun yen kahirupan sapopoe urang teh sanes ngan saukur hirup, tapi hirup anu nyiptakeun harti.*

  • Kohar Rasyidin, staf tenaga kapendidikan jeung mahasuswa S2 KPI Pascasarjana UIN SGD Bandungm Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *