Kolom Mahasiswa

Nasib Beus Kota di Bandung Raya

0

Ku: Mahayuna Gelsha Supriyadi

 Dumasar data Badan Pusat Statistik (BPS), jumlah penduduk di Bandung Raya dina pertengahan taun 2024 ngahontal 8,8 juta jiwa. Populasi padet saluyu jeung luhurna mobilitas masarakat. Sanajan kitu,  kaayaan model kieu teh teu dibarengan ku infrastruktur nu hade, salah sahijina  jaringan angkutan umum.

Jalma leuwih condong ngagunakeun angkutan pribadi sabab tarifna murah jeung gancang deuih.  Data BPS nunjukeun yén kandaraan bermotor di Bandung Raya ngahontal 3,6 juta unit. Bayangkeun lamun aya nu boga anggapan yen make kendaraan pribadi mah tangtu leuwih gancang indit-inditan teh.  Tapi sabalikna, kumaha tah lamun 3 juta warga boga pikiran nu sarua? Geus kabayang kumaha bakal macetna jalan-jalan di Bandung Raya.

Salian ti murah jeung leuwih gancang, salah sahiji alesan warga Bandung teu milih angkutan umum nyaéta kurangna headways (perkiraan waktu indit jeung waktu datang). Apan salila ieu mah  nu boga jalur khuss headways teh ngan kareta api. Sedengkeun pikeun angkutan umum roda opat, balarea pada nyaho nu karitu teh euweuh. Sewang-sewangan we.

Sanajan info beus di Bandung Raya disambungkeun kana aplikasi nu boga fitur headways, nyatana beus nu indit jeung nu datang teu bisa tepat waktu. Malah dina kaayaan paling parah  mah loba panumpang nu kungsi kapaksa reureuh ngadagoan beus nepi ka  40 menit.

Beus kota anu beroperasi di Bandung Raya lain ngan ukur Damri. Aya Trans Metro Bandung (TMB) anu dikokolakeun ku Dinas Perhubungan (Dishub) Kota Bandung, Trans Metro Pasundan (TMP) anu dikokolakeun ku Kemenhub jeung Dinas Perhubungan Jawa Barat, jeung Baratas anu dikokolakeun ku Dishub Jawa Barat. Salian ti pengelolana anu beda, jam operasi, ongkos jeung cara bayarna oge rupa-rupa.

Teu anéh mun loba calon panumpang nu rék nyobaan naék beus, ngarasa bingung kudu naék kanu mana. Sabengbatan mah, opat beus éta katembongna bulao kabeh (biru). Jadi hese pisan ngabedakeunana. Kajaba ti eta, sina sababaraha beus, jalur perjalanan dituduhkeun dina ukuran font leutik. Atuh jadi hésé maca ti kajauhan.

Ayana halte beus ogé geuning sakitu sareukseukna.  Katembongna kumuh dekil kuleuheu sabab teu kaurus jeung loba pakakasna nu rusak. Balolongor. Cet karuseum. Pangdiukan bajred. Papan pangumuman pada ngulapes. Beh dituna, geuning ayeuna mah halteu beus teh dijadikeun tempat bubuaran kusabab jalan nu aya teh heureut.

Antukna halteu beus loba nu dibongkar. Ceuk sakalol lantaran kontrakna jeung pemborong geus ngaliwatan waktu nu ditangtukeun. Sawareh ngarangkay. Tungtungna mah eces, halteu beus teh saukur jadi ciren yen pamarentah teu daria ngawangun jeung ngarawat sarana jeung prasarana publik. Padahal waragad nu geus digolontorkeun pasti milyaran rupiah alias kacida gedena. Apan eta teh duit rakyat lain nu asalna tina rupa-rupa pajeg? Naha geuning kawas dimomorekeun?

Kua ayana calon wali kota anyar, sugan we atuh lalu lintas jeung halteu-halteu beus di Bandung Raya bakal aralus deui jeung difungsikeun samistina. Atuh meureun lamun geus kitu mah, munasabah lamun sakabeh warga ngarasa tumaninah indit-inditan rek iraha wae. Beh dituna, lain lahuta  lamun Bandung bakal meunang panghargaan Adipura deui.

*Mahayuna Gelsha Supriyadi, sok pirajeunan ngaprak, mahasiswa Prodi Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Baleendah Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *